Ieu papatah karuhun nu rahul, kumaha carana ngala kulit maung jeung 
ngala gajah. 

Lengkah-lengkah ngala kulit maung:
1. Siapkeun ti imah asem nu panghaseumna sacukupna jeung pecut.
2. Indit ka leuweung tempat sayang maung
3. Balur awak urang ku cai asem
4. waktu maung nyanggereng, gancangan deukeutan
5. pas arek ngerekeb, gancangan gosok huntu maung ku asem
6. Maung nyengir teu bisa ngerekeb, da huntuna paureun
7. Gancangan lumpat katukangeun maung, tincak buntutna sing tarik
8. Pecut maung, maung reuwasan, ngacir ..... ninggalkeun kulitna

Lengkah-lengkah ngala gajah:
1. Siapkeun buah kalapa nu gede, balur ku coklat pencahar perut, 
terus talian ku kawat
2. Teundeun di leuweung nu loba gajahna
3. Kalapa nu geus ditalian engke dihakan ku gajah. Gajahna nyeri 
beuteung, kalapa bakal ngaguruntul deui dikaluarkeun ti palawangan 
gajah
4. Gancangan cokot kawat nu nalian kalapa. Gajah tinggal ngagusur, 
da kalapana ngaganjel dina bujur gajah ...


Baktos,
WALUYA

> "Bagjabinekas" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> untap = ruruncang 
> tapi abdi kantos nguping dongeng sepuh kapungkur, saurna karuhun ge
> aya nu gaduheun maung. saparantosna karuhunna tilar dunya, maungna
> duka teuing kamana, ngan cenah mah mun tengah peuting sok aya sorot
> panon nu moncorong ti kajauhan, cnah eta teh panon maung.. tapi
> ayeunamah tara kacaritakeun deui di lembur teh.. 
> 
> ~ipup~


Kirim email ke