2010/6/26 Remi <rsyaif...@yahoo.com>

> kang AD,
>
> Nyaeta atuh, mani tiiseun geuning di forum teh. Tukang ngawadul na
> baroseneun kitu? :))
>
> Di NL ayeuna tos usum panas. Ah, panas ... teu haneut2 acan ketah.  Hujan
> mah henteu... da garing wae, jukut jeung kkembangan ge mani kudu diceboran
> wae deuih. Ngan suhu na  (naon Sunda  na nya?)mah keukeuh we di handap
> keneh.
>
> Perkara konsumsi sayuran jeung bubuahan tea, sigana mah lain masalah
> kasadaran, tapi masalah kateumampuh nya Kang? Da asa inget keneh baheula, di
> sakola teh pan sok diajarkeun 4 sehat lima sempurna tea. Asa masih keneh
> inget gambar2 na ge da he he he...
>
> Aya oge anu jadi masalah anu kaitung serieus. Bangsa urang TARA atawa KEDUL
> melak! Tong jauh2... conto na mah di imah kuring we.
>

boa-boa urang teh geus kedul sagala rupa jigana:
- kedul pepelakan,  ukur namprak titinggal karuhun?
- kedul nulis, ukur neangan titinggal karuhun?

boa-boa aya masalah dina sistem atikan, boh atikan kulawarga, oge sakola?
sistem atikan can bisa ngawariskeun atawa ngalanggengkeun nilai-nilai
positif nu aya di kultur urang.


Jaman keur leutik da asa wareg dahar bubuahan teh. Anu inget aya sababaraha
> tangkal dukuh, rambutan, nangka, gedang, jambu aer, jambu bool, kadongdong,
> jeruk. Oge aya tangkal duren, najan buah na corengcang oge.
>
> Ngan nya kitu, taya regenerasi. Ayeuna mah boga tangkal naon di imah kolot
> teh... ledis. tangkal na mah araya keneh, ngan geus karolot sigana mah, jadi
> tara baruahan deui.
>
> Aya program ti departemen jang ngagareuwahkeun masyarakat sina pepelakan
> tangkal bubuahan teu?
>
> R
>
>
>
> --- In baraya_su...@yahoogroups.com, a_dimya...@... wrote:
> >
> > Yeeh geus ngagareuwahkeun teh, ngeleketek deuih. Ke heula atuh kuring
> keur pakepuk ngusahakeun produksi jeung konsumsi buah jeung sayuran ningkat.
> Nyaeta bener tah kang, pola konsumsi pangan urang Indonesia teh cueut ka
> beas. Matak Kementeria Pertanian nargetkeun nurunkeun konsumsi beas 1,5 %
> dina sataun, bari ningkatkeun konsumsi jenis pangan nu sejena.
> > Eta gAmbaran suasana ngalalab nu dusebut kang R teh ayana di tatar sunda
> baheula nya. Ayeuna mah sigana loba robahna. Komo di kota nu geus balatak ku
> KFC, McD jeung sadulur-dulurna.
> > Sakitu heula Kang R, kumaha Wassenaar aya keneh hujan atawa halodo? Aeh
> summer meureun di dinya mah nya?
> >
> > Salam
> > AD
> >
>
>

Kirim email ke