Ass. wr. wb.............
Sami teh simkuring kantos ngalaman anu di kucewakeun ku POS teh, kapungkur nalika simkuring peryogi landong sareg sajabina , Ah da emutan  teh teu patos URGENT teuing kana eta paketan teh teras we pun bojo teh dipiwirang ngintun eta barang ngangge paket nu biasa wae/sanes EMS aya panginten 10 kg mah eta barang teh teras pun bojo ngagidig ka kantor pos, simkuring teu ngarep-ngarep teuing ata barang da palingge 3 sasih nembe dugi emutan kuring teh, Naha da eta mah aya panginten sasasih ti saprak eta barang dikintun tos dugi.......namung dugina teh ka rorompok deui......... sanes kanu dituju, dina eta paket teh aya seratan. alamat tak dikenal. saurna teh. na ku  Harianeun nya eta POS teh, pedah ongkosna mirah kitu. da ari ngangge EMS mah alhamdulillah 3 dinten ge dugi namung waragadna ........AW.....WISH....
Teras pangalaman nu kadua sami oge. harita teh aya rerencangan bade cuti ka jawa tengah simkuring bade nitip paket........biasa azas mangfaat cekeng teh. namung alamat na teu ngagge rt/rw mung desa, kacamatan,kabupaten da sur anjeuna oge dugi biasa oge. nya simkuring teh enggal we ngawartosan pun bojo sangkan enggal2 ngintun pesenan namung sadugina ka pos teh ku petuags na di warosan pami teu dugi ieu paket uih deui. ( satadina mah simkuring teh bade ngangge kurir nu suasta kayaning TIKI sareng sajabina, naung nu caketna sareng pos nya ka pos we ). Naaaaaaa da eta mah rerencangan tos dugi ka korea ari paket tacan dugi. kuring bulak-balik tlp ka alamat rerencangan di jawa tengah teu aya saurna teh. Ari torojol teh tos 3 sasih tiharita paket uih deui. namung ieu paket mah tos dugi heula kanu di tuju di jawa tengah. kulantaran jalmina tos teu aya nya di uihkeun deui ka bandung...
Na............ Aya kukituna nya ........POS..................POS..........jeung GIRO
 
wassalam...........
ti pangumbaraan.
Dayeuh Busan

Nenny Nenden Nenong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten bade ngadongeng oge, akhir sasih kamari abdi nlp ka kantor pos,
pedah aya layana pos ekspres anu di iklankeun di koran tempat abdi damel..
na da pas abdi nlp teh meni teu patos ramah nu nampina teh dugi ka di
piwarang nlp kanu nomer anu sanes.. pas di cobian deui keukeuh di
bolak balik kedah kaditu kedah kadieu, padahal ukur dina tlp, niat
abditeh abde naroskeun pangaos paketan.. teras nu kadua terkahir nembe
naros abdi saha sareng timana, pas diwartoskeun nami abdi sareng damel
di koran batam pos na da ngadadak ramah nu nampi tlp abditeh.. sareng
kersa ngajelaskeun naon naon anu ditaroskeun ku abdi..
aneh.. naha bet ngadadak ramah? duka pedah aya jalina kerjasama pasang
iklan kitu sareng kantor abdi?
ah pan sakedah namah teu tengeng kitu.. kasasaha oge kedah we ramah..
namina ge pelayana umum...!! tapi pas dinten jumaah kamari abdi
dongkap langsung ka kantor pos na, pangaos paketan anu ditaroskeun
tina tlp sareng langsung abdi dongkap benten na tebih pisan.. naha
tiasa kitu nya? mirahan abdi dongkap langsung.. ah asa aneh deui..!!

punten sanes ngagogoreng salah sahiji perusahaan mung ieumah nu ka
alaman ku abdi nyalira..
hapunten bilih aya nu lepat..

teh nenong

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Atet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> salah sahiji conto "pelayanan prima" di instansi.
> mun seg heueuh eta carita.
>
> hua...ha...ha....
>
>
>
> --
> Atet
>







Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.


Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke