[Urang Sunda] wilujeng mudik neda pangapunten

2007-10-05 Terurut Topik mj
Dinten ieu jumaah, dinten panungtung si kuring di pangulinan di bulan puasa, pere dua minggu ngawitan enjing. Sigana moal noongan internet. Oge insya Alloh mudik ka gunungcupu, tapi ngadagoan heula ki adi ti balikpapan. Ka baraya sadayana, neda pangapunten sadaya kalepatan. Wilujeng

Re: [Urang Sunda] wilujeng mudik neda pangapunten

2007-10-05 Terurut Topik joko tingkir
Sumuhun mangga baraya sadaya, ayeuna urang silih hampura, ulah nyesakeun jeung mamawa dosa, dilukbarkeun ku kajembaran manah sumerah, sangkan meunangkeun ridho jeung berkah, estuning nungtun kana ati tengtrem hirup merenah. Taqobalallahu minna waminkum, taqobalallahu ya karim Wassalam JT

Re: [Urang Sunda] wilujeng mudik neda pangapunten

2007-10-05 Terurut Topik indung peuting
Wilujeng Mudik oge kang Jamal, sami nyuhunkeun dihapunten sadaya kalepatan anu karaos sareng anu heunteu. Wilujeng boboran Syiam hiji Syawal 1428 H. ipeut (bade mudik ka Bdg) mj [EMAIL PROTECTED] wrote: st1\:*{behavior:url(#default#ieooui) } Dinten ieu jumaah,