Jadi inget waktu keur leutik song...aya nu ngucapkeun kieu:" jangkrik jangjang kalong....siujang ceurik disisi balong" bari di nyanyikeun. etateh keur ngalelewe budak nu keur ceurik asanamah.

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupakeun serangga nu bisa disada, mirip simeut jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga anténeu panjang.

Deskripsi
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, sahingga sora nu kaluar téh béda pikeun masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta ngusir jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun bikangna geus deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog (ovipositor) nu bentukna kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun antara nu jalu jeung nu bikang, nyaéta ayana batik dina jangjang luar jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu bikang mah ukur garis-garis nuturkeun "tulang" jangjangna.

Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa lingkunganana. Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih panas (kira 60 'krik' per menit dina 13ºC). Hubungan antara hawa jeung lobana 'krik-krikan' katelah salaku Hukum Dolbear.

Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900 spésiés. Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar peuting, béda jeung simeut nu liar beurang.

Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun anakna dina awak jangkrik jalu.

Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina), atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok diadukeun.

Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.

Taksonomi
Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi rujukan nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:
    * Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung, aya polét warna emas dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na).
    * Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring "tring tring tring...", warna awakna coklat.
    * Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat belang/tutul.
    * Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5 cm), awakna ampir hideung meles.

Baca ogé
    * Gaang
    * Cihcir

Sumber rujukan
    * Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)

Tumbu kaluar
    * Intro on house crickets
    * How to Raise your Own Crickets

Disalin ti " http://su.wikipedia.org/wiki/Jangkrik"

Kategori: Sato ingon | Serangga

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
blog.boleh.com/kumincir
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org



 Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Di Bhuana"

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke