Re: [Urang Sunda] Wilujeng boboran siam 1431H
Waalaikum salam wr. wb. Sami-sami nyuhunkeun diihapunten samudaya kalelepatan kasadaya kaum dangu.aeh kasadaya wargi leboy Mugi ibadah shaum urang ditampi ku Gusti Allah, sareng dipasihan kasempetan tepang sareng sasih Ramadhan taun payun...Amiiinn..ya robbal alamiinn.. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Tito Suryana ti...@telkom.co.id Assalamualaikum wr wb. Wilujeng enjing barayaAlhamdulillah nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu sampurna teu karaos urang teh ngalakonan ibadah saum kantun 3 dinten deui insya Alloh dipungkas ku boboran siam, tah kukituna dina kasempetan ieu sim kuring sarimbit ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1431 H, mugia kersa ngahapunten samudaya kalepatan lahir tumekaning batin kumargi sok langkung saur bahe carek sok inggis ku bisi rempan kubasa hayu urang balungbang timurkeun teu aya gantar kakaitan, estuning clik putih clak herang lir ibarat kertas nu camakplak bodas uih deui kana fitri. Amin Ya robbal Alamin. TITO SURYANA - AR SURABAYA DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II TLP. 031 5350510 FLEXI. 031 70951507 HP. 08123548519 --
Re: [Urang Sunda] Wilujeng boboran siam 1431H
Waalaikum salam wr. wb. Sami-sami nyuhunkeun dihapunten samudaya kalelepatan kasadaya wargi. Mugi ibadah shaum urang ditampi ku Gusti Allah, sareng dipasihan kasempetan tepang sareng sasih Ramadhan taun payun... Amiiinn..ya robbal alamiinn.. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Tito Suryana ti...@telkom.co.id Assalamualaikum wr wb. Wilujeng enjing barayaAlhamdulillah nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu sampurna teu karaos urang teh ngalakonan ibadah saum kantun 3 dinten deui insya Alloh dipungkas ku boboran siam, tah kukituna dina kasempetan ieu sim kuring sarimbit ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1431 H, mugia kersa ngahapunten samudaya kalepatan lahir tumekaning batin kumargi sok langkung saur bahe carek sok inggis ku bisi rempan kubasa hayu urang balungbang timurkeun teu aya gantar kakaitan, estuning clik putih clak herang lir ibarat kertas nu camakplak bodas uih deui kana fitri. Amin Ya robbal Alamin. TITO SURYANA - AR SURABAYA DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II TLP. 031 5350510 FLEXI. 031 70951507 HP. 08123548519 --
Re: [Urang Sunda] Innalillahi, kang Didin Kustandi Bekasi pupus ping 20 Mei 2010
Innalillahi wainna ilaihi roji'un.. Amiinnn..ya robbal alamiinnn...kanggo du'ana.. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Akhmad Gunawan wagunawan2...@yahoo.com Inna lillaahi wa inna ilaihi rooji'un..mugia ditampi iman islamna tur ditempatkeun ditempat anu diridloi Alloh SWT atuh ka kulawargi anu dikantunna mugia aya dina kasabaran tur kaikhlasan...amien ya robbal aalamien.. Baktos,'WAG
Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun pitulung..
Caket bandara Incheon mah teu aya hotel mirah, tarifna langkung ti 100 dollaran sawengi, aya oge hotel-hotel mirah/motel, di Airport New Town (Konghang sin do si) ti bandara naek beus jurusan Airport New Town, upami cacandakan teu seueur tiasa naek AREX (Sub-way) liren di statsiun ke 2 (Airport New Town). Saena langsung ka Seoul, nganggo beus atanapi AREX (sub-way) kantun milih bade ngarerev didaerah mana. Pihatur, ssw bilih peryogi informasi mangga telpon sim abdi : +82-10-2886-9799 Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda fir...@inovasi.lipi.go.id fir...@inovasi.lipi.go.id Kahatur ka akang- teteh nu aya di US ... sim kuring nyuhunkeun bantosanna.. sim kuring upami janten dina minggon payun bade angkat ka Chuncheon korea..bade aya pertemuan kaping 6-7 september .. tapi kumargi jadwal pesawat teh geuningan pinuh nu ka incheon teh .. janten sim kuring kedah angakt kaping 3 september .. dupi akang teteh tiasa ngabantos, simkuring butuh info penginepan nu mirah di daerah sekitar bandara.. nu kanggo sadinten wungkul . da kumargi panitiana bade ngajemput teh kaping 5 september .. diantos bantosanna... hatur nuhun sateuacanna ... salam simkuring .. firman
Re: [Urang Sunda] Kang Ibing
Innalillahi wa inna ilaihi rojiun. Amiinnn.. ya robbal alamiinn ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Dikdik d.kur...@gmail.com @infobdg: innalillahi wa innailahu rojiun Telah Berpulang Dunia Seniman Sunda, KANG IBING | Meninggal Di RS Islam karena sakit Eta info tina twitter, nembean pisan (kl. 5mnt) Mugia nu ngantunkeun dihapunten samudaya kalepatan tur ditampi iman islamna. اَمِينَ يَ رَ بَّلْ عَلَمِيّ. Sent from SikenyalCaruluk dikolek mantaff® _ !-- #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp { border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:10px 0;padding:0 10px;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp hr { border:1px solid #d8d8d8;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp #yiv235102619hd { color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:700;line-height:122%;margin:10px 0;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp #yiv235102619ads { margin-bottom:10px;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp .yiv235102619ad { padding:0 0;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp .yiv235102619ad p { margin:0;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mkp .yiv235102619ad a { color:#ff;text-decoration:none;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-sponsor #yiv235102619ygrp-lc { font-family:Arial;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-sponsor #yiv235102619ygrp-lc #yiv235102619hd { margin:10px 0px;font-weight:700;font-size:78%;line-height:122%;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-sponsor #yiv235102619ygrp-lc .yiv235102619ad { margin-bottom:10px;padding:0 0;} #yiv235102619 a { color:#1e66ae;} #yiv235102619 #yiv235102619actions { font-family:Verdana;font-size:11px;padding:10px 0;} #yiv235102619 #yiv235102619activity { background-color:#e0ecee;float:left;font-family:Verdana;font-size:10px;padding:10px;} #yiv235102619 #yiv235102619activity span { font-weight:700;} #yiv235102619 #yiv235102619activity span:first-child { text-transform:uppercase;} #yiv235102619 #yiv235102619activity span a { color:#5085b6;text-decoration:none;} #yiv235102619 #yiv235102619activity span span { color:#ff7900;} #yiv235102619 #yiv235102619activity span .yiv235102619underline { text-decoration:underline;} #yiv235102619 .yiv235102619attach { clear:both;display:table;font-family:Arial;font-size:12px;padding:10px 0;width:400px;} #yiv235102619 .yiv235102619attach div a { text-decoration:none;} #yiv235102619 .yiv235102619attach img { border:none;padding-right:5px;} #yiv235102619 .yiv235102619attach label { display:block;margin-bottom:5px;} #yiv235102619 .yiv235102619attach label a { text-decoration:none;} #yiv235102619 blockquote { margin:0 0 0 4px;} #yiv235102619 .yiv235102619bold { font-family:Arial;font-size:13px;font-weight:700;} #yiv235102619 .yiv235102619bold a { text-decoration:none;} #yiv235102619 dd.yiv235102619last p a { font-family:Verdana;font-weight:700;} #yiv235102619 dd.yiv235102619last p span { margin-right:10px;font-family:Verdana;font-weight:700;} #yiv235102619 dd.yiv235102619last p span.yiv235102619yshortcuts { margin-right:0;} #yiv235102619 div.yiv235102619attach-table div div a { text-decoration:none;} #yiv235102619 div.yiv235102619attach-table { width:400px;} #yiv235102619 div.yiv235102619file-title a, #yiv235102619 div.yiv235102619file-title a:active, #yiv235102619 div.yiv235102619file-title a:hover, #yiv235102619 div.yiv235102619file-title a:visited { text-decoration:none;} #yiv235102619 div.yiv235102619photo-title a, #yiv235102619 div.yiv235102619photo-title a:active, #yiv235102619 div.yiv235102619photo-title a:hover, #yiv235102619 div.yiv235102619photo-title a:visited { text-decoration:none;} #yiv235102619 div#yiv235102619ygrp-mlmsg #yiv235102619ygrp-msg p a span.yiv235102619yshortcuts { font-family:Verdana;font-size:10px;font-weight:normal;} #yiv235102619 .yiv235102619green { color:#628c2a;} #yiv235102619 .yiv235102619MsoNormal { margin:0 0 0 0;} #yiv235102619 o { font-size:0;} #yiv235102619 #yiv235102619photos div { float:left;width:72px;} #yiv235102619 #yiv235102619photos div div { border:1px solid #66;height:62px;overflow:hidden;width:62px;} #yiv235102619 #yiv235102619photos div label { color:#66;font-size:10px;overflow:hidden;text-align:center;white-space:nowrap;width:64px;} #yiv235102619 #yiv235102619reco-category { font-size:77%;} #yiv235102619 #yiv235102619reco-desc { font-size:77%;} #yiv235102619 .yiv235102619replbq { margin:4px;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-actbar div a:first-child { margin-right:2px;padding-right:5px;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mlmsg { font-size:13px;font-family:Arial, helvetica, clean, sans-serif;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mlmsg table { font-size:inherit;font:100%;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mlmsg select, #yiv235102619 input, #yiv235102619 textarea { font:99% Arial, Helvetica, clean, sans-serif;} #yiv235102619 #yiv235102619ygrp-mlmsg pre, #yiv235102619 code { font:115% monospace;} #yiv235102619
Re: [Urang Sunda] Sawangan Awal Ramadhan
Pangapunten yeuh, nembe tiasa kawaler ayeuna, nyuhunkeun dimaphum dinten Senen mah, teu tiasa muka email, jalaran kurarepot dipakulian. Perkawis Raden Jamu, paralun teu kapendak dina buku Sajarah Cianjur, tiasa janten nganggo (diserat) jenengan sanes, sapertos kauninga, inohong-inohong dina sajarah ngagaduhan jenengan/lalandihan langkung ti hiji. Sami, wilujeng mayunan ibadah puasa, mugi urang sadayana dipasihan kakiatan kanggo ngajalankeunana, kalayan ibadah puasa urang ditampi ku Allah SWT., Amiinn ya robbal alaminnn.. Pihatur ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id Hatur nuhun rundayan Cikundul, rupina apal ka Raden Jamu anu kapungkur (baheula) kantos sasarengan sareng Dalem Cikundul ! Wilujeng mayunan ibadah puasa dina Ramadhan taun ieu ! Siddik Wiradireja cikund...@yahoo. com
Re: [Urang Sunda] Sawangan Awal Ramadhan
Aduuhhh..atuh upami kitu mah saha nu bireuk. heuheuheu...raraosan kantos mostingkeun perkawis ieu mung eta naroskeunana jaman dalem Cikundul... punten..punte...dasar sim abdi tos pikun.hayoh we diguliksek jaman Aria Wira Tanu... ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Mon, 9/8/10, Waluya waluy...@yahoo.com wrote: From: Waluya waluy...@yahoo.com Subject: Re: [Urang Sunda] Sawangan Awal Ramadhan To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, 9 August, 2010, 19:18 Ua siddik, raden jamu teh nami nuju murangkalih pangeran kornel Waluya --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja cikund...@... wrote: Pangapunten yeuh, nembe tiasa kawaler ayeuna, nyuhunkeun dimaphum dinten Senen mah, teu tiasa muka email, jalaran kurarepot dipakulian. Perkawis Raden Jamu, paralun teu kapendak dina buku Sajarah Cianjur, tiasa janten nganggo (diserat) jenengan sanes, sapertos kauninga, inohong-inohong dina sajarah ngagaduhan jenengan/lalandihan langkung ti hiji. Sami, wilujeng mayunan ibadah puasa, mugi urang sadayana dipasihan kakiatan kanggo ngajalankeunana, kalayan ibadah puasa urang ditampi ku Allah SWT., Amiinn ya robbal alaminn
[Urang Sunda] Wilujeng ibadah shaum
Para wargi, wirehna sasih Ramadhon kantun etangan puluham jam deui, bilih wae sim abdi dinten enjing teu tiasa mosting. Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu ageung anu alitna, anu karaos sareng nu teu karaosna, mugi para wargi jembar manah kersa ngahapunten samudaya kalepatan lahir dumugi ka bathinna, sawangsulna bilih wae aya kalepatan para wargi, insya Allah dihapunten pisan lahir bathinna, estu caang bulan opat welas, teu aya geuneuk maleukmeuk. Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning ngalakonan ibadah shaum anu bade dongkap, ditebihkeun tina sagala dodoja sareng cocoba, kalayan Allah SWT. nampi ibadah shaum urang, sareng marengkeun deui masihan kasempetan ka urang sadaya kanggo ngajalankeun ibadah shaum taun payun. Aminnn.. ya robbal alamiinnn... Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un - Kang Setia Permana ngantunkeun
Innalillahi wa inna ilaihi rojiun Amiinnn..ya robbal alamiinnn ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda oman abdurahman omana...@gmail.com Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un, Parantos ngantunkeun urang sadaya, Kang Setia Permana (Man Tia), dinten Saptu kamari, 7 Agustus 2010 di Bunaken, Manado. Jenazahna dikurebkeun dinten ieu di Bandung. Dina sababaraha kasempetan patepang anjeunna, si kuring nyaksian kacida gedena ghirah anjeunna kana kamajuan Sunda sareng urang Sunda. Sundanet kungsi ngamuat reportase anjeunna sababaraha taun ka tukang (toong di : http://www.sundanet .com/?p=243) Kacilakaan kamari anu jadi syare'at pupusna kang Tia nuju ditalungtik sakumaha warta di dieua: http://berita. liputan6. com/sosbud/ 201008/290201/ Nakhoda.Kapal. Pembawa.Rombonga n.DPR.Jadi. Tersangka Mugia almarhum Kang Tia ditampi iman Islamna, dihapunten samudaya kalepatanana, dipiasih ku Alloh swt, sareng dikenging tempat anu caang sareng ni'mat di alam kuburna. baktosna, manar http://www.pikiran- rakyat.com/ node/119439 Mantan Ketua KPU Jabar Setia Permana Meninggal DuniaBANDUNG, (PRLM).-Mantan Ketua KPU Jawa Barat yang juga Politisi PDIP asal Jabar Setia Permana (54), meninggal dunia dalam kecelakaan laut di Bunaken, Sulawesi Utara, Sabtu (7/8) sekitar pukul 11.00 WIT atau Pukul 12 WIB. Dia berada di Sulut dalam rangka kegiatan resmi Komisi III DPR RI. Setia saat ini merupakan anggota DPR RI Daerah Pemilihan (Dapil) Kota Bandung dan Kota Cimahi. Kami semua di PDI-P Jabar sangat kehilangan beliau. Kami benar-benar berduka. Dia salah seorang kader PDIP yang patut jadi panutan, kata Ketua PDI-P Jabar Rudy Harsa Tanaya saat dihubungi PRLM di Bandung, Sabtu (7/8). Menurut Rudy, keberadaan Setia di Sulawesi Utara sebagai bagian dari kunjungan kerja resmi Komisi III DPR RI. Dia secara pribadi mengakui sangat kehilangan rekannya tersebut yang dikenal sebagai sosok yang disiplin. Menurut Rudy, jenazah Setia akan diterbangkan dengan menggunakan pesawat Lion Air, berangkat dari Bandara Sam Ratulangi, Menado pukul 18.20 WITA atau 19.20 WIB dan akan tiba di Bandara Soekarno Hatta, Jakarta sekitar pukul 20.30. Dari Jakarta, jenazah akan dibawa ke Bandung untuk disemayamkan di rumah keluarga Setia di Jalan Raya Cibabat, Cimahi. Diperkirakan, jenazah akan tiba di Bandung pukul 24.00 WIB. Kami nanti semua akan berkumpul di kediaman almarhum, untuk memberikan penghormatan terakhir kepada beliau, dengan menyemayamkan jenazahnya di sana, kata Rudy. Dalam tragedi di Bunaken tersebut, selain Setia, satu korban lainnya, yakni istri dari anggota DPR RI dari Partai Demokrat Sutjipto, juga meninggal. Sementara anggota rombongan lainnya yang ikut dalam kunjungan kerja anggota komisi III tersebut, yang totalnya berjumlah 15 orang itu, menderita luka ringan, diantaranya: Nudirman Munir, Tjatur Sapto Edi, Dimyati Natakusumah, Otong Abdurrahman, dan Sucipto.(A-133/ kur)***
Re: [Urang Sunda] Sawangan Awal Ramadhan
Waalaikum salam wr. wb.,rampesss Leres..leresss..pisan kasauran salira, nyakitu geuning pangagung diurang mah khususna anu nyepeng kakawasaan, nangtoskeun hiji kawijakan teh, asa teu acan kakuping ngaluarkeun kawijaksanaan demi si leutik, duka pedah sim abdi jauh tilembur anggang ti sarakan. Eta oge panginten aya hiji dua pangagung anu gaduh lamunan nulungan si leutik namung nyakitu, teu acan ge der eta kawijakan diputuskeun, tos disaregag tisisi tigigir. Sapertos sabaraha waktos kalangkung aya pangagung abu bade ngaharatiskeun iuran listrik anu 500 watt, da tangtosna oge anu nganggo listrik 500 watt mah moal saha deui ari sanes si leutik mah. Namung nya kitu geuning hayoh pangagung nu sanesna pada nyaregag, atuh kulapes deui eta paniatan ngaharatiskeun iuran listrik 500 watt teh. Alesanana mah tangtos katoong kusadayana. Punten ahhh...ngacapruk ti kajauhan. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id Assalamu 'alaikum wr.wb. Sampurasuun. Ayi Kumincir Wikidisastra, Aki gaduh sawangan. Ka saha nya kudu ngebrehkeun? Ras inget ka dieu, nya terus nulis. Kieu, nu kasawang teh. Mun nyoreang mangsa ka tukang, ras inget kana piwuruk sepuh, kana eusi caramah para Da'i, jeung obrolan para Santri. Waas teh, da eta cenah...Bulan Ramadhan teh bulan anu pinuh ku barokah, rahmat, jeung maghfiroh. Atuh hikmahna leubeut deuih, boh hikmah keur ayeuna di alam rame, boh keur jaga di alam padang poe panjang. Pon kitu deui pikeun pembentukan karakter umat, pokona mah kakupingna matak tengtrem kana hate. Da eta cenah, mun hiji jalma ngalaksanakeun puasa kalayan iklas karana Allah, dosana muruluk maruragan. Jaba ti kitu, baris nyirnakeun rasa sirik pidik jail kaniaya, mupus sifat medit,kumed, meregehese alias buntut kasiran. Malah sifat sarakah ge nyingkah kasilih ku rasa asih. Sabab sabada puasa baris bisa ngarasakeun kumaha lara balangsakna jalma anu sagala tuna, boro-boro bisa meuli baju weuteuh, apan jang dahar sapopoe ge hese. Pikeun anu kokoro mah lapar teh meh saendeng-endeng. Jadi ku ngarasakeun laparna dina ngalakonan puasa, bakal bisa ngarautan hate nu kasar karadak, baris bisa mikawelas mikasih kanu leutik (miskin), anu buahna jadi jalma anu daek mere maweh sarta getol sodakoh. Jeung rea rea deui...loba naker nu ngabahas hikmah puasa Ramadhan teh, mun dibukaer mah euh...sabaraha ratus lambareun nulisna ge... Mun eta kahontal, bagja temen. Tapi, ras deui kana kanyataan nu mindeng kadenge, katenjo, jeung karasa. Ramadhan deui, puasa deui, susah deui, seunggah deui. Sabab harga-harga naraek. Ramadhan deui, zakat deui, susah deui, seunggah deui, anu miskin angger teu robah, malah boa kalah nambahan. Ramadhan deui, puasa deui, zakat deui, macet deui, mahal, deui, malah beuki dieu kalah beuki pikasusaheun. Jauh keneh ka Ramadhan hahargaan geus rabeng lalumpatan paheula-heula kawas nu balap. Swasta kitu, pamarentah kitu. Ana pek teh cek nu kagungan nagara Kenaikan harga itu bisa dijelaskan. Naon eta teh? Bingung aki mah.. Jol teh Ramadhan sumping, dipapag deui bae ku naekna hahargaan, etah Kareta Api mah komo, diumumkeun resmi di media. Emh. Kumaha engke mun geus sumping Lebaran? Teu kasawang pisakumahaeun teuing ngajeritna nu laleutik..nu gede onaman panjang lengkahna. Yi, naha nya? Ramadhan teh lain identik jeung BASAJAN (sederhana)? Nu aya bet sabalikna. Naha kaci mun Aki rek ngebrehkeun pamanggih? sugan we keuna, dina henteuna, nya hampura. Teraskeun? Muhun, mangga... Kieu... Nu kasawang ku Aki mah, konsep Allah mustahil salah. Jadi, lamun fenomena Ramadhan jeung lebaran henteu ngebrehkeun robahna sikep jeung pola pikir umat, malah nu aya kalah matak hariwang ku hahargaan anu sing terekel naek. Lain Ramadhan nu salah, lain puasa nu salah, lain dalil anu salah, tapi salah urang keneh. Palebah mana salahna? Salahna saeutik, tapi hese menerkeunana, sabab geus jadi kabiasaan balarea. Mun diukur ku elmu matematika atawa itungan, insya Allah puasa Ramadhan teh barokahna karasa langsung. Logikana kieu; mun biasana dahar tilu kali sapoe, keur puasa mah ngan dua kali (saur jeung buka). Mun diukur ku duit, sakali dahar rata-rata Rp 3000, dina sabulan baris ngurangan anggaran dahar 30 poe x Rp 3000,- = Rp 90.000/jiwa. Lamun di kulawarga aya lima jiwa, bisa ngurangan anggaran 5 jiwa x Rp 90.000 = Rp 450.000. Eta teh tina dahar wungkul. Pikeun anu sok ngaroko, bakal ngurangan tina anggaran roko. Pikeun anu sok jajan baso sapoe dua kali, bakal ngurangan tina anggaran jajan baso. Ah, pokona mah kuayana puasa teh bakal ngurangan anggaran. Hartina ngurangan volume balanja, balukar anu sifatna umum...ngamuara kana rumus ekonomi. Cek rumus ekonomi, lamun persediaan leuwih loba batan permintaan mangka harga bakal turun. Lamun permintaan leuwih loba batan persediaan mangka harga bakal naek. Ku ayana puasa, permintaan turun
[Urang Sunda] Wilujeng ka MJ
Duka leres duka henteu, mang J milang kala dinten ieu ; Wilujeng we mang J, mugi kahontal sadaya nu dicita-citakeun, dipasihan kasehatan rokhani jasmani, aya dina panangtayungan Allah SWT., Amii..ya robbal alamiinn ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] [sugan we aya barudak] alewoh
didaerah Cianjur mah anu siga paria tapi teu pait kulitna rata disebatna paria belut ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com tah nambih ngaran waluh siem teh geuning. jipang. jadi we tilu. di lembur kuring mah, nu sarupa paria teh oyong. salasahiji sayur nu sok aya dina sayur herang/sop. cenah mah tamba panas dalem. kituna ge mun ngora keneh, lamun geus garing mah sok dipake ngagosrok awak mun keur mandi. mun waluh gede mah kuring sok kalahka inget ka harry potter, jus waluh koneng salasahiji inuman paporitna... hehe
Re: [Urang Sunda] [sugan we aya barudak] alewoh
Ieu mah ambeh ramedidaerah Cianjur ; Waluh = labu (basa Indonesia) anu sok dikolek/didodol amun tos kolot, ari ngora keneh mah kalan-kalan sok diangeun. Waluh Sieum/Siam = Gambas (di Bogor) = Labu Siam (basa Indonesia) Paria = anu rasana pait, kulitna karenyod ting perenjul, sok dilalab anu ngorana, ditumis anu rada kolot, mun tos asak sok bareukah sikina kulumudan warna beureum. Paria belut = paranjang badagna sagede paria, kulitna rata, anu ngora sok diangeun mun henteu ditumis, anu asak, cangkangna sok diberesihan teras di poe keur ngagosok awak amun mandi. Lopang = panjangna sapanjang paria badagna ised saeutik ti paria, dina badanna aya jejeberan siga cecepet lauk, anu ngora sok diangeun mun henteu ditumis, anu asakna sok diala cangkangna, diberesihan dipoe keur ngagosok badan amun mandi. Aya kakawihan keur jaman budak unina : Ta kukuk ta waluh ta lopang panjang sipendul ulah jauh si engkay datang Heuheu.ngacapruk.. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] nu kumaha impian/cita-cita Urang Sunda
Waalaikum salam Wr. Wb. Upami nengetan tina padungdengan, Cita-cita kolektif urang Sunda : Hoyong aya urang Sunda anu mingpin ieu nagara, hoyong aya pamingpin urang Sunda naha Presiden, naha Gubernur naha Bupati anu tiasa ngaraksa sareng ngamajukeun kiSunda. Urang Sunda anu ideal : urang Sunda anu wani ngaku yen dirina urang Sunda, anu wani nembongkeun jati dirina, yen manehna urang Sunda, utamina urang Sunda-urang Sunda anu laluhung, boh elmuna boh kalungguhanana. Urang Sunda anu daek (asal daek pasti bisa) ngaraksa budayana sabisana samampuna. Punten ... rada peuheur yeu.. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda MSasmita kuringm...@gmail.com Assalamualaikum Wr Wb. Majalah basa Sunda Cupumanik sasih Agustus 2010 teh nincak kana taun nu ka 8. Upami budak mah nembe naek ka kelas dua SD, teu acan asak jeujeuhan. Ieu mah etang-etang mapaykeun we. Kinten-kinten naon cita-cita kolektif urang Sunda teh? (atanapi nu kumaha nu disebat urang Sunda ideal teh). Mugi baraya sadayana kersa ngawaler ieu patarosan, sababaraha waleran bade dimuat dina Cupumanik kanggo ngeuyeuban pamendakna nara sumber nu diwawancara ku Cupumanik. Waleran teu kedah panjang cekap 10 atanapi 20 kecap mah. Hatur nuhun. Wassalam MSasmita Redaksi Cupumanik.
RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Tue, 20/7/10, mj ja...@itenas.ac.id wrote: From: mj ja...@itenas.ac.id Subject: RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Tuesday, 20 July, 2010, 15:42 Bah Aa di Balikpapan, Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor , nya mun teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di bogor . Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda. Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes. tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali, antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa. Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan. Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran + galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui. Mangga kanu langkung paos teraskeun mj From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Tuesday, July 20, 2010 2:51 PM To: kisunda; urangsunda Subject: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Puntennn..postingan tipayun mung cangkangteu acan oge ka ketik tos luncat...!! Numutkeun sajarah anu kantos dimuat dina majalah Intisari nomer 347 kaluaran sasih Juni 1992, buku Sajarah Nasional susunan Nugroho Nitisusanto cs., sareng Naskah Pangeran Wangsakerta ti Cirebon anu diserat abad ka 16, anu kantos dimuat dina media serat sabaraha taun kapengker. Numutkeun eta sumber : taun 130 masehi (aya nu nyebat oge taun 105 m) di Pandeglang, ngadeg karajaan SALAKANAGARA, diadegkeun ku : Dewawarman ngawasa taun 130 ~ 168, puseur dayeuhna : Salakaputra/Rajaputra, teu kacaturkeun raja-raja sanesna, mung narpati pangakhirna, Ratu Rani Spatikarnawa Warman Dewi, ngawasa 340 ~ 362 m. Runtuh karajaan Salakanagara, dina taun 358 ~ 669 m, di Bogor kaler ngadeg karajaan TARUMANAGARA, anu ngadegkeunana Raja Purana ngawasa ti taun 358 ~( teu kasebat) raja salajengna Purnawarwan ngawasa salami 20 taun (hilap deui taunna), teu kacaturkeun raja-raja salajengna, mung raja panungtung Linggawarman anu ngawasa taun 666 ~ 669m puseur dayeuhna : Sundapura. Samentawis eta di daerah Ciamis dina taun 526 ~ 602 ngadeg karajaan KENDAN diadegkeun ku Resiguru Manikmaya, anu ngawasa taun 526 ~ 568 m, raja sajalengan teu kasebat, raja panungtung Kandiawan Rajaresi Dewa Raja, ngawasa taun 597 ~ 602 m. Runtuh karajaan Kendan ngadeg karajaan GALUH ( 602 ~ 739 m.), diadegkeun ku Raja Wretikandagan/Wretikendayun anu ngawasa taun 602 ~ 702 m (100 taun ..?) teu kacaturkeun raja-raja salajengna, kasebat raja Galuh ka 8 : Sanjaya Harisdarma anu salajengna ngalih ka Jawa-tengah, ngadegkeun wangsa Sanjaya. Raja Galuh panungtung : Tamperan Brawijaya, ngawasa taun 702 ~ 739 m. Di daerah Bogor, saparantos karajaan TARUMANAGARA runtuh, ngadeg karajaan PAJAJARAN/PAKUAN PAJAJARAN ( 669 ~ 1482) diadegkeun ku Raja Turusbawa/Turusbaya (669 ~ 723), salajengna aya 34 raja anu ngawasa di Pajajaran, mung bae dina taun 1482 ieu karajaan gentos nami janten karajaan SUNDA dina jaman raja Sang Ratu Jayadewata anu ngawasa taun 1482 ~ 1521 m., kasebat raja panungtung karajaan Sunda Prabu Nusiya Mulya/Ragamulya Suryakancana anu ngawasa taun 1567~1579, salajengna karajaan Sunda runtuh. Wallahu alam, leres henteuna mah, punten wae ka para ahli atanapi nu langkung uninga panglereskeun, ieu mah etang-etang pangleketek we. Perkawis teureuh Pajajaran..?!, tangtos seueur upami teu balatak oge..!, margi raja-raja anu ngawasa di tatar Sunda malih mah anu ngawasa di tatar wetan seueur teureuh/seuweu-siwi ti karajaan Sunda anu sateucana Pajajaran, teras sateuacanna Tarumanagara kadituna Salakanagara. Cobi we : raja-raja di kasultanan Banten, Cirebon, teras wangsa Sanjaya di Jawa Tengah, dugi ka raja anu ngadegkeun Majapahit, sadaya seuweu-siwi karajaan ti tatar Sunda, teu acan raja-raja sanesna anu teu acan katalungtik. Mangga sakitu we, mugi katampi. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mj ja...@itenas.ac.id Bah Aa di Balikpapan, Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor , nya mun teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di bogor . Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda. Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes. tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali, antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa. Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan. Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran + galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui. Mangga kanu langkung paos teraskeun mj From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of Abbas Amin Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
[Urang Sunda] Entragan Anyar Sastrawan Sunda (URHM).. wawayagon
Saleresna kecap wawayagon sanes kecap enggal, tos tijaman sim abdi budak pun aki sok nganggo eta kecap, contona : kade ulah wawayagon anu hartosna : kade ulah sagawayah, kade ulah nganggap enteng, kade ulah sambarangan. Numutkeun kamus yasana R. A. Danadibrata, kecap wawayagon mangrupi kecap asal anu hartosna : dangdanan saheulaanan, sok dianggo oge kana adegan/wangunan anu saheulaanan, tangtos kirang weweg. Wawayagon sabalikna weweg. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda oman abdurahman omana...@gmail.com Lian ti eta, seratan bah Usep anu didugikeun ku kang Maman, abong sastrawan, karasa pisan tos maparin conto kumaha nyerat nu sae dina basa Sunda. Tina eta seratan anjeunna anu kaasup kritik kana sastra Sunda, aya hiji - dua kecap anu karasa anyar wanoh pikeun si kuring. Salah sahijina nyaeta kecap wawayagon. Sanggeus maca salengkepna padalisan anu ngamuat eta kecap, karek kaharti naon maksus satemenna ieu kecap wawayagon Salengkepna seratan bah Usep anu ngandung kecap wawaygon teh ieu: ...Pelu disebut pangarang Ena Rs. Kawilang produktip pisan nulis carpon, artikel, jsb.nu dimuat dina “Mangle” atawa “Sunda Midang Tapi henteu dibarung ku usaha kreatif pikeun ningkatkeun ajen karya. Sabada carponna nu alus “Telembuk” (Mangle 2110, dimuat deui dina “Kanagan 2”, carpon-carpin Ena Rs kadieunakeun wawayagon pisan.Ukur semet “carita biasa” nu mangrupa “laporan” atawa “beja” dina wangun carpon (fiksi). Sababaraha carponna dina “Mangle” taun ieu, tacan nembongkeun hasil gawe nu enya-enya Timana asal kecap wawayagon teh? Upama nuturkeun ugeran kecap-kecap model paguron, pabukon, papagon, jsb anu masing-masing asalna tina kecap paguruan, pabukuan, papaguan, jst, tangtu eta kecap wawayagon teh asalna tina kecap wawayaguan. Paguruan asal kecapna tina kecap guru, jadi, wawayaguan asal kecapna tina wayagu (suku kecap diulang 2x nuduhkeun loba atawa mindeng?). Naon ari harti asal tina kecap wayagu? aya anu tiasa maparin pencerahan? diantos. manar
Re: [Urang Sunda] Hatur Nuhun
Euleuhhh...saha tea ieu teh..?, naha atuh mani ampleng-amplengan..?, kamana wae..? kumaha damang...? ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda amin ojima...@yahoo.com wrote: Hatur nuhun masih keneh ka aku baraya geuning, tos lawas tilawas tara nganjang kadieu jadi pareumeun obor...Kumaha baraya daramang? mugia araya dina ginanjar kawilujengan..amiin
Re: [Urang Sunda] Hatur Nuhun
i..ieu mah sok kitu. geuning nu sok warung mah..., gusuraneun ka R11 heuheuheu.. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com matak lebet milis deui ge kumargi tos damang, pih... heuheuheu sikandar kumincir.blogspot. com 2010/7/12 Siddik Wiradireja Euleuhhh...saha tea ieu teh..?, naha atuh mani ampleng-amplengan. .?, kamana wae..? kumaha damang...?
RE: [Urang Sunda] Cengcelengan Pulisi
Hoorr...baruk aya nu milangkala... Wilujeng we atuhdo'ana mah ngaminkeun mang J .. amiinnn ssw jaman kapungkur upami hari Bhayangkara dikampung pasti nanggap wayang Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mj ja...@itenas.ac.id Wilujeng tepang tahun Bah Willy! Hehe Mugia bagja salawasana mj Wilujeng Tepang Taun Pak Pulisi! Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
[Urang Sunda] Obrallll.......
Ieu mah tambi combrek we... Teu dilembur, teu di Korea, mun aya toko, mall, departement store (di Korea) ngayakeun obral (Sale..!) pasti pada nyerebu kunu balanja, anu sakapeung mah jadi sabab kamacetan jalan-jalan ka arah eta mall. Biasana mall-mall ngayakeun obral milih dinten-dinten sateu acan lebaran, taun anyar dinten-dinten saparantos para pagawe garajian. Hal ieu ngaleketek anu balanja, anu tadina niat meser dua tilu rupi barang, ari tos blus mah ka mall, ieu pikabitaeun, itu pikabitaeun, dibibitaan ku harga potongan, antukna balanjaan jadi beukah dua tilu kali lipet. Tapi ..naha enya eta harga barang-barang teh harga obral...?, naha enya barang anu diobral teh barang-barang anu masih pantes dijual..? Ieu mah urang nyarioskeun akal-akalan departement store di Korea sabaraha taun kapengker, namung harita para oknum-oknum di departement store, tos dijiwiran ku kajaksaan, saparantos kenging pangaduan ti Lembaga Konsumen. Anu salajengna mah wallahu alam, eta oknum-oknum teh, duka di alung-alungkeun ka pangberokkan atanapi didenda ku pangadilan, kaleresan wartana teu kasaksian. Bilih we akal-akalan ieu dipraktekkeun ku mall-mall di Indonesia, da geuning tos seueur mall-mall nu aya di urang gagaduhan urang Korea. Keur barang-barang sanes dahareun, contona pakean ; 1. Ulah meser pakean anu diobral, upami urang teu terang harga waktos teu diobral. Praktekna : sapotong baju kaos harga biasa Rp. 50.000,- harga waktos obral Rp. 80.000,- potongan 30% jadi harga waktos obral Rp. 56.000,- (ieu mah samisal). 2. Pakean-pakean ekspor anu ditolak (reject) kunagara calon pangimpor, kulantaran ukuran teu pas, ngagarapna henteu rapi, kaputanana anu ramijud, kancingna aya nu teu kapasang atawa liang kancingna anu teu acan diliangan. Dina hal ieu urang kedah taliti mariksa eta barang, upami eta kakirangan dianggap jamak, nya teu nanaon bade dipeser mah. 3. Pakean-pakean anu tos mangtaun-taun digudang, dimana engke tos diseuseuh dua tilu kali sararoek. Cara milihna, ambungan eta pakean, upami teu kaangseu bau bahan, hartosna eta pakean tos lami di gudang. Barang-barang dahareun, ati-ati meser dahareun anu diobral ; 1. Tiasa janten eta kadaharan tos kadaluwarsa, titenan tanggal wates kadaluwarsana, upami tanggalna di cap ku mangsi khusus, naha aya tilas mupus atanapi henteu, upami ditempelan karetas rapet (sticker), naha aya tilas ngagentos atanapi ditumpangan (stickerna dua lapis), upami stickerna dua lapis, tangtos lapisan anu kahiji tanggal anu tos kadaluwarsa. 2. Kadaharan anu ampir kadaluwarsa, urang nyandak conto susu budak, urang terang yen budak urang nyeepkeun susu sakaleng unggal sasihna, harga biasa (teu diobral) sakalengna Rp. 50.000. Waktos obral, biasana sok diical sapaket-sapaket, anu sapaketna aya tilu kaleng kana pangaos Rp. 100.000.- padahal umurna eta susu kaleng kantun dua sasih deui. Janten susu anu sakaleng mah bangkar, dipiceun da tos kadaluwarsa. Mangga sakitu we, malah mandar janten tambihan pangaweruh kana praktek-praktek obral di Korea, etang-etang tambi gado ngaburayot. Pihatur, ssw. Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Maung...
Apan tina majalah Mangle, mung duka taun sabarahana mah da tos lawas mung bae tos langkung ti 30 taun kapengker. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Aldo Desatura ™ hanja...@gmail.com eta teh maung jajaden atawa kumahanya??? asa siga carita2 pondok nu kasohor ditatar parahyangan. .. atawa siga carita wa kepoh 2010/6/16 jangdede jangd...@gmail. com wah si maung jadi ngetop euy... der ah di purak masalah maung teh. Sugan we kaditunamah aya maung beuki koruptor atawa maung beuki bubuy sampeu.
[Urang Sunda] Maung...
Meungpeung keur rame, padungdengan maung beuki kadu, aya deui cenah maung beuki kana nangka asak. Ceuk paninggaran kahot, sato-sato leuweung ngabogaan bau anu jadi ciri khasna, maung bau nangka asak, jadi mangkahade lamun keur aya di leuweung atawa tegalan, kaangseu bau nangka asak, tapi didinya teu aya tangkal nangka, ati-ati...moal jauh tidinya aya maung. Nya kitu deui amun urang dileuweung atawa tegalan ngambeu bau tai kotok, tangtu moal jauh tidinya aya bagong, lamun careuh cenah mah bauna bau pandan. Ieu carita kantos dimuat dina Puriding Puringkakna majalah Mangle taunna mah hilap deui, saha anu nyeratna oge hilap deui, ringkesna ; Aya hiji panyadap (lahang), ari pakasaban nyadap lahang mah gawe sambilan dan pakasaban anu utamana mah patani. Hiji poe dina usum katiga entrang-entrangan, manehna tas macul nganggeuskeun hanca, ti isuk jedur dugi ka wanci asar, rengse macul datang ka imah rurusuhan nanggung lodong panyadapan, maksudna rek neang sadapan bisi kaburu poek. Beres ngaganti lodong sadapan, gagancangan balik sabab poe geus reupreupan, datang ka imah nyarandekeun lodong lahang didapur, ngagulana mah tugas pamajikanana, leos we kapancuran ngabilas badan anu lamokot ku kesang, beres mandi terus dahar, teu lila dur-duran bedug magrib. Beres dahar rurusuhan muru ka tajug, balik-balik sanggeus beres solat isa, bakating teu kuat kutunduh, balas kucape tas macul sapoe jeput, datang ka imah teu sirikna meubeutkeun maneh kana dipan, les we sare tibra pisan. Barang hudang, rarasaanan geus janari, korejat we hudang direret pamajikanan masih tibra, teu gareuwah leos we kadapur, nyokot lodong jeung rancatanana teu poho nyorendangkeun bedog. Sanggeus nutupkeun panto dapur, gejlig indit maksudna rek neang sadapan, sanggeus ngaliwatan tungtung lembur anu teu sabaraha gedena, manggih tanjakan, beak tanjakkan manggih pudunan, tungtung pudunan aya solokan, mentas solokan tinggal satanjakan deui tepi ka tangkal kawung sadapanana, sisi leuweung tutupan, apal pisan da liliwatan sapopoe. Beak ngaliwatan pengkolan jalan mudun, enyay-enyay cahaya sinar obor sisi solokan, lebah jalan lilwatanana. Lakadalah geuning geus aya jelema ceuk gerentes hatena, jog anjog kasisi solokan, handapeun tangkal waru, anu ngaroyom ka solokan, atra hiji lalaki tengah tuwuh, dedeg pangawakana, make baju lurik, calana pangsi hideung, sirahna diiket barangbang semplak, kumisna jalatreng tapi geus campur jeung huis. Oborna ditancebkeun kana taneuh disagigireun eta jalema, ari hareupeunana, ngagoler nangka sagede seeng, sapotong geus dipasi-pasi jadi sabaraha pasi, didamparan daun waru. Beak mentas solokan anu ngeletrek caina, Ceuk tukang sadap : Punten bapa ngiring ngalangkung. Ceuk eta jalema : Neang sadapan kisanak, tapi sorana rada ngirung. Muhun bapa.. tembal tukang nyadap Ceuk eta jalema : ari teu rurusahan mah nyimpang heula atuh, ieu cobaan nangkana, amis geura... Ngarasa teu ngeunah amun nolak pangajak, nyimpang we heula, gog nagog hareupeun eta jalma, ngan sabot nagog pas paadu teuteup, eta si tukang sadap kacida ngarasa serabna nempo sinar panon eta jalma. Sor we eta jalma nyodorkeun dua pasi nangka, beak dua pasi, kacida ngarasa sugemana atuda saumur-umuran kakara manggih nangka anu sakitu amisna, baradag jeung amis ka jarami-jaramina. Beak nangka dua pasi, terus pamitan, di jawab ku eta jalma :Enya jung atuh bisi kaburu caang. Sajeroning nanjak muru ka tangkal kawung sadapanana, manehna ngarasa heran, awakna karasa hararampang, nyasatna lamun lumpat dina tanjakan oge kuat. Jog anjog ka tangkal kawung sadapanana, kalacat naek barang rek ngaganti lodong sadapan, karasa beurat lodongna, tetela eusi lodong sadapanana aya kana tilu parapat lodong, beres ngaganti ku lodong sadapan anyar, sanggeus leungeun kawung disopak, manehna turun muru tangkal kawung hiji deui, ditangkal kawung ieu oge sarua kitu lodong sadapan nyasatna ampir pinuh, beres... regeyeng ditanggung, terus lempang mudun, sajeroning mudun manehna ngarasa atoh dibarung heran, biasana eusi sadapan dina usum katiga kieu paling paling ukur satengah lodong. Jog anjog kasisi solokan tadi, kasampak eta jalema masih aya, pokna teh : Kisanak amun rek mekel, mekel we kadinya keur nu diimah, da moal beak kusorangan ieu teh Ngarasa atoh, terus nyimpang, sanggeus nyarandekeun tanggungan lodong, Tuh ngala daun waru jang bungkusna ceuk eta jalma, atuh keplas weh nigas dahan waru, ngala daunna 4 ~ 5 lambar, mungkus we dua pasi gede, reketek ditalian ku tali kulit waru, cantelkeun weh kana rancatan pananggung lodong sadapan. Sanggeus beres gancang pamitan bari nganuhunkeun, leos we balik, barang rek mengkol dina tanjakan, pangangguran manehna ngalieuk katukang, horrr...geuning geus euweuh obor teh, ceuk gerentes hatena, direretan kaditu kadieu lapur teu aya. Datang ka imah, blus asup kaimah tipanto dapur, manehna ngarasa heran, geuning pamajikanana can mirun seuneu, teu dipikiran, sanggeus nyarandekeun lodong didapur, neundeun
Re: [Urang Sunda] Meunang Maung euy (1941)
Ieu mah pangalaman kapi paman, sok sanaos rada tebih, ibu-ramana linggih di Cidaun, kota kacamatan paling kidul wetan, wewengkon kabupaten Cianjur anu ngawates sareng kabupaten Garut. Dina awal taun 1970, eta kapi paman masih sakola STM di Cianjur, dina wanci pere kwartal, keukeuh hoyong wangsul kalembur, kumargi tos rada siang, eta si paman teh wangsulna henteu ngaliwatan Cianjur namung ngaliwatan Bandung, Ciwidey, Baledgede, diteraskeun nikreuh kirang langkung 30 ~ 40 kilometeran, maklum jaman harita masih walurat ku tatali marga. Dongkap ka desa Balegede teh lumayan ba'da asar, maju ka wanci sareupna, bakat ku tos sono kalembur, sanajan teu aya batur anu satujuan maksakeun nikreuh ka Cidaun. Alhamdulillah ngalangkungan leuweung tutupan salamet teu aya nanaon, mung bae.. nyedek ka tengah wengi, pas dugi ka hiji tegalan kirang langkung 50 meteran dipayuneunana aya anu moncorong maju, nyampeurkeun ka si paman tea, eta cenah waktos harita angen tos ratug tutunggulan, barang tos caket kirang langkung 20 meteran katinggal ngagebayna maung lodaya pedah harita bulan sapasi tos mucunghul. Teu antaparah deui eta si paman belecet lumpat sakalampet, bari milarian tangkal anu tiasa ditaekan, da puguh ditegalan anu sok dihumaan, bujeng-bujeng aya tatangkalan, anu aya rajeg teh tangkal kalapa kalapa wungkul. Terekel weh naek kana salah sahiji tangkal kalapa, muncer dugi ka puncerna, padahal eta si paman teh bujeng-bujeng muncer kana tangkal kalapa, naekan oge teu tiasaeun, atuda salira pecekrek alit. Barang tos dugi kana puncerna tangkal kalapa, nembe wantuneun ninggal ka handap, katinggal di handap eta si maung Lodaya teh roronjat arek nyusul naek, namung sorodot deui, sorodot deui, turun... Tos di puncer tangkal kalapa nembe sadar, calana cipruk ku ompol, kumaha tadi naek eta tangkal kalapa...?, ninggal kahandap eta maung masih dangah we kaluhur, ras we emut kana menta tulung, keuleuweuh we : Tulung-tulungan, Boro-boro aya nu nguping, keur mah tengah tegalan tebih kaditu kadieu tambih-tambih wanci janari leutik, saha nu rek ngulampreng ka tegalan. Rek sahing-hingeun ceurik, ras inget...kelewung we adzan, sababaraha kali, lami ti lami lapat-lapat dur-duran bedug subuh, saparantos rada caang, teu lami enyay-enyay sinar obor tikatebihan, jalmi-jalmi recok rek kaharuma. Direret kahandap eta maung teh tos teu aya, ngan edas kumaha turun..? atuh gorowok deui tulung-tulungan, teu lami jul jol jalema darongkap ngariung tanggal kalapa anu ditaekan ku si paman, bara tataros ; aya naon, aya naon...? Wanci carangcang tihang, nembe si paman tiasa turun tina eta tangkal kalapa kitu oge ditarulungan ku jalmi-jalmi anu bade ka huma. Janten dina awal taun 1970an di daerah pakidulan Cianjur, masih keneh aya maung Lodaya. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com ceuk urang pasisian mah, sahanteuna taun 80-an ge masih kawenehan... sikandar su.wikipedia. org 2010/6/14 Waluya Aya nu kaliwat katerangan foto ieu. Maung lodaya sunda ieu ditembak di MALINGPING LEBAK BANTEN taun 1941. Sigana maung ieu kaasup maung lodaya pangakhirna nu kumelandang di pulo jawa.
Re: [Urang Sunda] Nyaliksik tur talungtik
Harur nuhun..., mung bae sanggem pangemut sim abdi (punten upami lepat) dicokot : tiasa di paok, upami dicokot taya idzin (illegal) ..tiasa oge di cokot kalayan idzin tah..dicokot taya idzin ieu anu dipahing dicokot ti kiSunda. dipibanda : tiasa kenging meser, pamasihan, warisan ( legal ) tiasa saha mibanda anu lumrah dipibanda ti kiSunda. dibikeun : atanapi dipasihkeun, ieu tiasa suka rela/ikhlas teu aya paksaan, ieu tiasa saha wae etnis naon wae ari kersa mere/masihan/mikeun ka kiSunda. diseba : biasana mangrupi upeti., teu acan tangtos etnis sanes kersaeun.. Pondok carios upami dipedar mah ; Cing atuh, tong neangan wae anu bisa dipaok ti kiSunda (sarakan/budaya ssjb.) Tapi mikir, atuh naon bisa dipasihkeun/disumbangkeun ka kiSunda (sarakan/budaya ssjb.) Sakitu lalamunan sim kuring.. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Aj Kusnet ajkus...@yahoo.com Hapunten mengkol, Apih... Bet jorojoy teh aya ide tumali sareng motto Apih nu kantos diadurenyomkeun di ieu babakan. Kumaha upami dicokot teh digentos ku dipibanda, lajeng dibikeun digentos ku diseba. Ceuk raraosan mah asa murwakanti.. . Baktos, AJ - Depok .
[Urang Sunda] Pangeran Kornel Terasanana
Urang teraskeun, meungpeung nuju rada rineh, bilih janten hutang Aya anu kalangkung dina pedaran anu tipayun, isteri Raden Suranagara nyaeta Nyi Rd. Lenggang Kusumah teh putra kawalon Raden Rangga Gede, wadana Cikalong. Sabaraha taun ti harita Raden Rangga Gede/wadana Cikalong dibenum janten Bupati Buitenzorg (Bogor). Raden Suranagara ngagentos kalungguhan mertua janten wadana Cikalong, ti Nyi Rd. Lenggang Kusumah, Raden Suranagara kagungan putra 3 ; 1. Raden Abdul, anu engkena janten bupati Limbangan, nganggo gelar Adipati Adiwijaya. 2. Raden Ewok, anu engkena janten Bupati Sumedang, nganggo gelar Adipati Kusumah Yuda, ngagentos Pangeran Kornel (Raden Suranagara). 3. Nyi Raden Ajeng, nikah ka Adipati Wira Dadaha, bupati Sukapura. Wangsul deui ka Sumedang, Adipati Wira Tanu Baya henteu lami janten bupati Sumendangna, pupus taun 1775, salajengna kalungguhan bupati Sumedang diteraskeun ku Adipati Patrakusumah (1775~1791), saparantos Adipati Patra Kusumah pupus, nu janten wakil bupati nya eta Aria Sacapati (Patih Sumedang), nyeratan ka Aria Wira Tanu Datar VI, mundut supados Raden Suranagara (harita Wadana Cikalong) diusulkeun ku Aria Wira Tanu Datar VI ka pamarentah Walanda supados diangkat janten Bupati Sumedang. Ieu usulan Aria Wira Tanu Datar disaluyuan ku pamarentah Walanda, salajengna Raden Suranagara dibenum janten Bupati Sumedang, nganggo gelar Pangeran Kusumah Dinata, katelahna Pangeran Kornel (1791 ~ 1828). Raden Abas putra Wira Tanu Datar VI, waktos Wira Tanu Datar VI pupus, Raden Abas masih burey, yuswana kirang langkung 4 taunan. Pangeran Kusumah Dinata/Pangeran Kornel, saparantos nguping Aria Wira Tanu Datar VI pupus, lajeng Pangeran Kornel mundut ka Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur harita, supados ngawidian Raden Abas linggih di Sumedang, dina taun 1820 Raden Abas miang ka Sumedang, teras dirorok dugika dewasana. Hal ieu, taya sanes bakat ngaraos nganuhunkeun ku kukasaean Adipati Wira Tanu Datar VI ka Raden Suranagara/Pangeran Kornel waktos ditundung ti tatar Sumedang dugika dibenumna janten Bupati Sumedang, nyasatna ku kasaean Aria Wira Tanu Datar VI. Saparantos Raden Abas sawawa lajeng nikah ka wargi Pangeran Kornel jenengan Nyi. Raden Purnama, putra Aria Jayanagara, putu Adipati Adiwijaya/bupati Limbangan. Cag sakitu heula bilih panjang teuing. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Pangeran Kornel Terasanana
Heuheuheu...insya Allah ke kawenginakeun urang teraskeun... kantun medarkeun asal muasal turunan Dalem Cikundul janten janten bupati di Garut. Sok sanaos dina seratan anu nembe tos katinggal pi-leor-eunana. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda jalakpak...@yahoo.com jalakpak...@yahoo.com Tos janten hutang pih, diantos naur terasanana. Baktos, JPPowered by Telkomsel BlackBerry®
[Urang Sunda] Pangeran Kornel Pamungkas
Sateu acan mungkas ieu postingan perkawis Pangeran Kornel, bilih bae aya wargi ieu milis kagungan sajarah anu patulang-tonggong sareng postingan sim abdi, mangga dihaturana, kanggo ngalereskeun atanapi mairan. Dina postingan anu kalangkung, disebat yen Raden Abas nikah ka Nyi Raden Purnama putra Aria Jayanagara. Waktos harita Aria Jayanagara mangku kalungguhan Patih di Limbangan, ari Raden Abas mangku kalungguhan janten Wadana di Pasanggrahan (kirang langkung taun 1830/1831) nganggo gelar Raden Wiranagara, anapon anu mangku kalungguhan janten Bupati Limbangan waktos harita nya eta Adipati Adiwijaya. Saparantos pupus Adipati Adiwijaya, anu ngagentosna janten Bupati Limbangan teh nyaeta Aria Jayanagara (putra Adipati Adiwijaya oge mertua Raden Abas). Aria Jayanagara saparantos janten Bupati Limbangan nganggo gelar Tumenggung Kusumah Ningrat, waktos harita Raden Abas/Raden Wiranagara diangkat janten Patih di Limbangan, nganggo gelar Demang Wiranagara. Dina taun 1833 Bupati Sumedang, Adipati Kusumah Yuda pupus, Bupati Limbangan Tumenggung Kusumah Ningrat dibenum janten Bupati Sumedang, nganggo gelar Adipati Kusumah Dinata ( disebat oge Dalem Alit, taun 1833 ~ 1834). Patih Limbangan Raden Abas/Demang Wiranagara ngagentos mertua Bupati Tumenggung Kusumah Ningrat, janten Bupati Limbangan, nganggo gelar Tumenggung Jayaningrat. Lami-lami puseur kota Limbangan narikkolot, karamean ngised ka kota Garut kuayana hiji afdeling enggal. Garut janten puseur kota, nya kitu deui kabupatian ngalih ka kota Garut tug dugi ka kiwari. Raden Abas/Demang Wiranagara/Tumenggung Jayaningrat gentos sesebatan tina Bupati Lambangan janten Bupati Garut, saparantos janten Bupati Garut nganggo gelar Adipati Suria Kusumah, anjeuna henteu nganggo gelar Adipati Wira Tanu Datar VII. Saparantos Raden Abas/Demang Wiranagara/Tumenggung Jayaningrat/Adipati Suria Kusumah pupus, kalungguhan bupati Garut digentos ku Raden Jenon, putra cikal Raden Abas, Raden Jenon ieu saparantos janten Bupati Garut nganggo gelar Wira Tanu Datar VIII nyepeng kalungguhan janten bupati Garut taun 1872 ~ 1916. Sakitu anu tiasa kapidangkeun sajarah Pangeran Kornel sareng asal muasalna turunan Dalem Cikundul janten Bupati di Garut. Kenging nyutat tina buku Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Wira Tanu Datar Dalem Cikundul, kalayan sakedik dirobah susunan kalimatna supados gampil diaosna. Kirang langkungna neda ageung nya tawakup jembar pangapuntena, leres henteuna wallahu alam, mung Anu Maha Uninga anu uningaeun kana jalur sajarah. Mung bae upami eta seratan sajarah leres, nyaaa...panginten parantos kitu seratan ti Azalina. Pihatur, ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
[Urang Sunda] Pangeran Kornel Pamungkas
Sakedik ngalereskeun sareng nambihan anu kalangkung. Raden Jenon dibenumna janten Bupati Garut ngagentos Raden Abas, sateu acanna Raden Abas pupus, Raden Abas saparantos pangsiun tina kalungguhan Bupati Garut, waktos harita di Garut disebat Dalem Garut Sepuh. Punten ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Siddik Wiradireja cikund...@yahoo.com Saparantos Raden Abas/Demang Wiranagara/Tumenggu ng Jayaningrat/ Adipati Suria Kusumah pupus, kalungguhan bupati Garut digentos ku Raden Jenon, putra cikal Raden Abas, Raden Jenon ieu saparantos janten Bupati Garut nganggo gelar Wira Tanu Datar VIII nyepeng kalungguhan janten bupati Garut taun 1872 ~ 1916. Pihatur, ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Fw: Para Pangawasa di Priangan
Heuheuheu...sami abdi oge sok bingung, ku seueurna nami/gelar hiji tokoh, ku nami-nami tempat utamina kabupaten, anu kiwari mung ukur janten kota kacamatan. Hanjakal di ieu milis teu acan aya ahli sajarah anu tiasa ngajentrekeunnana, atanapi masih nyumput kitu ..? Mung ieu mah tambi gado ngaburayot we, urang kinten-kinten. Perkawis Regent Manonjaya, tiasa janten kalungguhanana mah Regent Sukapura, namung kumargi anjeuna linggih di Manonjaya, janten katelahna Regent Manonjaya. Nyandak conto di rengrengan para bupati Cianjur, aya anu katelah Dalem Pamoyanan, Dalem Kaum sareng sajabina kumargi aranjeuna katelah ku tempat palinggihan. Perkawis istilah Patih, eta kalungguhan wawakil bupati, upami ayeuna mah SEKDA kitu..? Mangga ahhh..ahli sajarah kaparayun...ulah nyumput wae. ulah diantep ieu wargi-wargi milis atog-atogan.heuheuheu.. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya waluya2...@yahoo.co.id Ngiringan ah. Kuring oge sok rada bingung upami maca Sajarah Tasik/ Sukapura teh sabab sok pabaliut antara Sukapura, Manonjaya jeung Mangunreja. Sigana mah kupungkur dibagi dua distrik/ tilu distrik kitu? Dina Memoar Martanagara, samameh Martanagara diangkat jadi Bupati Bandung, anjeunna jadi Patih Mangunreja, ngangentos Raden Sadeli (= Pangeran Suria Atmaja) nu dianggkat jadi Bupati Sumedang. Kulantaran aya istilah Patih, ieu hartosna Mangunreja teh kabupaten (Distrik). Tapi aya deui istilah regent/ Bupati Manonjaya nu hartosna Manojaya oge Kabupaten atawa ibu kota Kabupaten. Hartosna siga aya 2 Kabupten???. Anehna neangan info lalayaran di Google, teu aya artikel nu jelas Sok ah kanu apal sajarah Tasik/ Sukapura diguar, ngarah rame deui Kusnet teh Baktos, WALUYA
Re: [Urang Sunda] Re: Pangeran Kornel
Baruk tos aya buku romanna lalakon Pangeran Kornel, hanjakal teu acan kabiruyungan mendak, tada teuing matak pogot panginten ngaosna. Mung eta jenengan waktos bureyna naha janten Raden Jamu, sanes Raden Suranagara, pedah dina carios roman kitu..? ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya waluya2...@yahoo.co.id Ah rame deui Kusnet euy, nuhun Apih Siddik. Lalakon Pangeran Kornel (raden Jamu) didamel roman ku Memed Sastrahadiprawira, sastrawan Sunda sateuacan Perang Dunya II. Ieu roman nu judulna oge Pangeran Kornel parantos di Indonesiakeun ku sastrawan urang Minang, Abdul Muis. Dina roman ieu, Pangeran Kornel sanes ditundung ti Sumedangna teh, tapi kabur, margi bade dirogahala ku anak buah Demang Dongkol, sang dorna nu ngadu-ngadu Raden Jamu/ kulawarga Sumedang jeung Adipati Tanu Baya (kulawrga Parakan muncang). Saur Ayip Rosyidi mungkin tokoh Demang DOngkol teh tokoh fiktif, ciptaan sang sastrawan. Bade dirogahalana teh waktos anjeunna nujo moro di Tegal licin, Cimalaka tutugan Gunung Tampomas. Dugi ka ayeuna di Cimalaka ( lembur kuring ...hehehe) aya tempat nu aranna Licin, ngan ayeuna mah janten lembur ageung, DESA LICIN di Cimalaka. Raden Jamu sadar aya nu bade ngakalakeun anjeunna, nya anjeunna teh kabur ka Malangbong/ Limbangan, nepangan kulawarga ti pihak Ramana (Rama Raden Jamu, ti Limbangan). Ti dinya anjeunna nembe ka Cianjur. Anjeunna norobos leuweung geledegan jeung loba begal supados dugi Ka Cianjur. Cianjur jaman harita, kalebet kota di Priangan pang majengna, puseur pamaretahan priangan jeung oge kota budaya (Bandung mah masih leuweung geledegan ...hehehe). Raden Jamu di Cianjurna teh nyamar jadi cacah kuricakan, anjeunna jadi paninggaran, bari sakantenan diajar elmu-elmu kadigjayaan nu harita karesep urang Cianjur. Ku kahebatanna jadi Paninggaran anjeunna jadi kawentar, duga ka kadangu ku Bupati Cianjur. Akhirna kasang-tukang sang paninggaran kabuka, yen anjeunna teh sanes paninggaran samanea Roman ieu akhirna happy ending ...hehehe jeung kalebet roman nu enak dibaca dan perlu. Mung nu namina roman kedah tetep dianggap karya satra, sanes buku sajarah nu ilmiah pinuh bukti jeung fakta, sanaos Memed Sastraprawira cenah mah dugika ngalakukeun survey/ panalungtikan heula, sateuacan ngarang roman ieu. (Memed tiasa disebat sastrawan munggaran di Indonesia nu ngalakukeun hal ieu). Baktos, WALUYA
Re: [Urang Sunda] Re: Pangeran Kornel
Halaaahhh...tawakup yeuhhh...upami sajarahna mah teu gaduhnamung ke urang saliksik sina buku Sajarah Cianjur, manawi kasabit-sabit. Namung upami eta kota Parakan Muncang sanes mangrupi kota kabupaten, tiasa janten mung lalandihan atanapi sesebatan. Upami Parakan Muncang lebet/aya di wilayah Tasik atanapi Garut ayeuna, tiasa janten eta lalandihan/sesebatan kanggo bupati Sukapura atanapi Limbangan harita, mung anjeuna linggih di Parakan Muncang. pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda jalakpak...@yahoo.com jalakpak...@yahoo.com Bah Willy, Apih abdi poekeun pisan nu patali sareng Regent Parakan Muncang, manawi gaduh carita, sajarahna? Hatur nuhun sateuacana.Powered by Telkomsel BlackBerry®
Re: [Urang Sunda] Fw: Para Pangawasa di Priangan
Bilih palay uninga saha-sahana : (Ti palih kenca ka katuhu) Regent Sumedang, R.A.A. Wira Tanu Datar VIII (Bupati Garut), R.A.A. Prawiradireja II (Bupati Cianjur), Regent Manonjaya sareng Regent Bandung. Punten anu 3 deui ( Regent), teu disebatkeun namina. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya waluya2...@yahoo.co.id Katerangan Foto: Para Bupati ti Tatar Priangan jeung para Bojona
[Urang Sunda] Fw: Para Pangawasa di Priangan
Duka tah ..kirang paos dina perkawis sesebatan mah... margi kitu anu kaserat dina buku Sajarah Cianjur, mung bae sesebatan hiji tokoh, sok langkung ti hiji. Tiasa janten dina eta poto Regent Sukapura, namung linggihna di Manonjaya. Wallahu alam. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda jalakpak...@yahoo.com jalakpak...@yahoo.com Pih naha regent Manonjaya? Sami atanapi benten sareng regent Sukapura?Powered by Telkomsel BlackBerry®From: Siddik Wiradireja cikund...@yahoo. com Bilih palay uninga saha-sahana : (Ti palih kenca ka katuhu) Regent Sumedang, R.A.A. Wira Tanu Datar VIII (Bupati Garut), R.A.A. Prawiradireja II (Bupati Cianjur), Regent Manonjaya sareng Regent Bandung. Punten anu 3 deui ( Regent), teu disebatkeun namina. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya waluya2...@yahoo. co.id Katerangan Foto: Para Bupati ti Tatar Priangan jeung para Bojona
[Urang Sunda] Pangeran Kornel
Ampir sadaya urang Sunda terang ka Pangeran Kornel sahenteuna kantos nguping nami Pangeran Kornel, anu kawentar kagagahanana dina enggoning nolak parentah sareng ngalawan pamarentah Walanda, komo upami kaleresan ngalangkung ka Cadas Pangeran. Namung moal seueur anu uninga, saha, kumaha waktos nuju bureyna, ieu Pangeran Kornel teh, anu kauninga ku sadayana, tangtos Pangeran Kornel bupati Sumedang. Hal ieu aya patula-patalina sareng Aria Wira Tanu Datar VII janten bupati di Garut. Urang cutat tina buku : Sajarah Cianjur dareng Raden Aria Wira Tanu Datar, Dalem Cikundul. Kumargi cariosna panjang insya Allah upami aya waktos urang alungkeun ka millis janten sabaraha bagian. Pangeran Kornel gelarna Adipati Kusumah Dinata jenengan waktos bureyna Raden Suranagara nyepeng kalungguhan bupati Sumedang taun 1791 ~ 1828. Raden Suranaga ieu putrana Kusumah Dinata, atanapi putuna Dalem Adipati Surianaga (bupati Sumedang 1761 ~ 1765), alona Raden Ema atanapi Dalem Adipati Surialaga II disebat oge Dalem Talun. Harita anu janten bupati Sumedang Dalem Adipati Surialaga I (ramana Raden Ema). Dalem Adipati Surialaga I pupus dina taun 1773. Raden Ema sareng Raden Suranaga harita masih aralit keneh, kalungguhan bupati Sumedang di cangking ku Adipati Wira Tanu Baya bupati Parakan Muncang, Adipati Wira Tanu Baya nyangking kalungguhan bupati Sumedang ti taun 1773 ~ 1775. Saparantos dewasa Raden Suranaga dipulung mantu ku Adipati Wira Tanu Baya, gaduheun putra 3, teu dicarioskeun saha-sahana. Sanaos ka mantu, Adipati Tanu Baya ngaraos inggis kalungguhan bupati Sumedang karebut atanapi di rebut ku Raden Suranagara, lajeng Raden Suranagara ditundung, kedah ingkah ti tatar Sumedang. Raden Suranagara ieu ingkahna ka daerah Cianjur nyaeta ka kampung Kalapa Nunggal, distrik Surawenang (Ciciug), namung teu kantos lami, kapendak ku Raden Astra kultur (?) kopi ti Cianjur, salajengna dicandak ngadeuheus ka Adipati Wira Tanu Datar VI, harita Raden Suranaga diangken pisan ku Wira Tanu Datar VI, namung henteu linggih di Cianjur namung masantren di kampung Ciajag kinten-kinten 2,5 km ti dayeh Cianjur. Raden Suranagara nikah deui ka Nyi Rd. Lenggang Kusumah putrana Rd. Lenggang Nagara, putuna Wira Tanu III. Teu lami ti harita Raden Ema atanapi calon bupati Sumedang sumping nyusul ka Cianjur alatan sami ditundung ku Adipati Tanu Baya, Raden Ema ieu tumorojog sumping ka kadaleman (kabupaten), namung ku bupati Wira Tanu Datar VI, diangken pisan anu salajengna didamelkeun di kabupaten Cianjur, salami di Cianjur, Raden Ema nyantri pisan. Lajeng Raden Ema ieu ku Wira Tanu Datar VI ditikahkeun ka raka kawalonna jenengan Raden Siti Ampiya, kagungan 3 putra : 1. Raden Amja alian Brata Surya, 2. Nyi Raden Empok sareng 3. Raden Atip alias Raden Suria Legawa anu kantos ngawakilan Bupati Sumedang nganggo gelar Tumenggung Suriadilaga taun 1834 ~ 1836. Sakitu heula, bilih panjang teuing, ke kapayun urang teraskeun deui Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Sayid jeung Syarif
Ieu mah mamanawian tiasa ngawaler seratan Bah Willy (rumaos sanes ahlina), khusus dina padalisan dihandap anu dikeliran bulao. Nyutat tina buku Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Wira Tanu Dalem Cikundul, Cianjur yasana drs. Bayu Suryaningrat, anu dipedalkeun ku : Rukun Warga Cianjur-Jakarta, (anu mung hiji-hijina anu dipimilik ku sim abdi). Numutkeun eta buku anu janten bupati di Cianjur turunan langsung ti Rd. Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wira Tanu, mung dugi ka bupati ka VI (Aria Wira Tanu Datar VI/Dalem Aria Enoh/1776~1813), margi putra dalem Aria Enoh/Aria Wiira Tanu Datar VII nyaeta R. Abas/Aria Wira Tanu Datar VIII dibenum janten bupati Garut. Salajengna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku putrana Nyi R. Tanjungnagara (putra Dalem Muhidin/Aria Wira Tanu Datar V, atanapi rai Aria Wira Tanu Datar VI anu nikah sareng hiji ulama ti Banten. Putra Ny. R. Tanjungnagara ieu anu neraskeun kalungguhan bupati Cianjur nganggo gelar R. Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur ka VII/1813~1833, anu saterasna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku turunanana dugika bupati Cianjur ka X. Rupina bupati ieu anu disebatkeun katurunan Arab dina seratan Bah Willy. Mung aya kahanjakal dina buku eta henteu disebatkeun jenengan Ulama ti Banten, anu nikah sareng Nyi R. Tanjungnagara Sakitu anu kapihatur, leres lepatna, wallahu alam ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya waluya2...@yahoo.co.id Kitu cenah, ah ieu mah sakadar hayang babagi we, pedah bukuna rada aneh, perkara urang Arab di Indonesia jeung dijieun leuwih ti 100 taun katukang. Buku ieu, keur urang Sunda aya nu matak hemeng. Nu kahiji eusi panganteur (kata pengantarna) ti Dr. Karel A, Seetbrink jeung Ismail Fajrie Alatas, nu nyebutkeun Hoelle, salah saurang penasehat Gubernur Jendral, Walanda nu gede pangaruhna kana basa Sunda, sobatna panghulu M. Musa, panghulu Garut) teh sabenerna phobia/ paranoid Islam. Hoelle mimiti nganjurkeun basa Sunda teh make huruf jawa-sunda (hanacaraka) terus huruf laten, padahal ti kalangan pribumi usulna make huruf Arab. Nu kadua, Van den Berg nyebutkeun Bupati Cianjur teh katuruanan Arab!, sanajan geus leungit kaarabana. Duka Bupati Cianjur nu jaman mana, ngan sigana nu sajaman jeung Van den Berg, pertengahan/ akhir abad ka 19. Manawi aya nu terang? Baktos, WALUYA (Mudah-mudahan teu salah maca, rada hese ngartina, duka nu ngaindonesiakeunaa kurang pas, atawa kuringna nu hese ngarti ...hehehe)
[Urang Sunda] Batik - Batik Beasan Cianjur?
Aduhhh..punten...nembe terang, teu acan kantos ninggali-ninggali acan.. heuheuheu.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com Bah Sidik, jiga kumaha nya ari Batik Beasan teh? -mh- Batik Beasan Dipatenkan Sebagai Batik Khas Cianjur Selasa, 08/06/2010 - 02:15
[Urang Sunda] Re: 2 Juni Korea pesta demokrasi
ihhh...ieu mah sok matak kapiring leutik, nyaeta upami nyerat sacara ilmiah mah rumaos sanes ahlina, katurug-turug waktosna parebut sareng ngaliwet bari milarian liweteunana. Ieu mah tambi gado ngaburayot we, urang ngadongeng; Ninggal dina lamina pendidikan di Korea sami sareng di urang kapungkur, SD 6 taun, SMP 3 taun sareng SLA 3 taun, mung nu jadi panyirikan sim abdi mah, eta ninggal wangunan-wangunan sakola sareng kahirupan para guruna. Geura we, sabaraha taun kapengker, waktos masih apruk-aprukan ka pilemburan milarian panguseupan, mios teh sok bada subuh, janten dongkap ka pilemburan teh sok masih enjing-enjing, lebet ka jalan pilemburan rata ku aspal atanapi dibeton, sepi, langka mobil anu ngaliwat, saparantos ngalangkunan pilemburan, jog kahiji sakolaan SD (ninggal dina plang na mah), nunggelis teu aya wangunan sanesna, gedongna weweg agreng di dibeton, dua wangunan ngawangun aksara L tiap wangunan dua tingkat, hareupeun gedong sakola ublug-ablag lapangan maen bal, sisi gedong ngajejer mobil-mobil (kagungan guru-guru eta sakolaan) sisi lapangan ngajajar sapedah (gagaduhan murid-murid), anu janten panyirikan, sisi jalan caket gapura sakola ngajogrog halteu pangeureunan beus tina beton atanapi beusi, kalawan jadwal kadatangan beus. Dongeng sanesna, dina widang olah raga, urang nyandak conto, perkawis batminton awal taun 80an Korea masih anak bawang di dunia per-batmintonan. Harita, awal taun 80an, masih sesah milarian lapangan batminton lebet rohangan (indoors), dina raraga mieling HUT kamerdakaan RI, KBRI bade ngayakeun pertandingan batminton, saparantos tataros kaditu-kadieu, kenging informasi yen di SD Yoido (teu tebih ti KBRI) gaduheun lapangan batminton di jero wangunan, saparantos nelepon ka eta SD, kenging widi nganggo eta lapangan asal nganggona dinten minggu. Dina dinten minggu anu tos dijangjikeun, dongkap we rombongan ti KBRI ka eta SD, nepungan we penjaga eta sakola, teras weh ditepangkeun ka guru olah raga eta SD (anu kapaksa kedah lebet ka sakola). Dina palebah dieu, katinggal tanggel walerna guru olah raga sanes wae ngajar/ngadidik olah raga ka murid-muridna, tapi oge ngariksa sarana olah ragana. Teu lami breng weh pertandingan dingawitan, kumargi harita sim abdi janten jubirna (heuheuheu...), pas nuju nongton pertandingan batminton, si guru olah raga ngajak ka kantorna, blus we kakantorna, anu matak pihelokeun, sanes ku kamewahan eusi kantor, namung dina rak buku ngentep video (jaman harita teu acan aya VCD), olah raga. Anu harita dipintonkeun video-video batminton, aya pertandingan Piala Thomas, aya pertandingan piala All England sareng Uber Cup., malih harita dipamerkeun video rekaman Rudy Hartono, Lim Swie King sareng Ii Sumirat. Anu matak helok, dina eta rekaman anu seueur disorot mung Rudy Hartono, Lim Swie King atanapi Ii Sumirat, lawanna mah mung ukur kasorot saliwatan. Janten, tehnik sareng taktik jago-jago batminton ieu anu ditiron kanggo diajarkeun kamurid- muridna, anu tangtos sanes mung dieta sakolaan. Hasilna, dina Seoul Asian Games 1986, Korea tos ngawitan nembongkeun sihungna dina widang batminton. Tos ahhh..sakitu wae heula, geuning cangkeul oge ngetik teh. Bonusna, guru di Korea diajenan pisan kusadaya lapisan masyarakat, paripaos ; tong boroning pajabat luhur, dalah Presiden, pasti sujud upami pendak sareng guru SDna. Pihatur, ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Maman Gantra mamangantra2...@yahoo.com Sae pisan posting salira teh, Apih. Kantenan padalisan nu di luhur mah. Aya kupayus upami Apih nyerat ngeunaan pendidikan di Korea -- ti kawit infrastruktur, suprastruktur sareng prak-prakannana, dugi ka kasawang kumaha Korea iasa bedas sapertos kiwari. Sigana Mangle atanapi Cupumanik kersa ngamuat eta seratan. Eunteung kangge praktek pendidikan di urang. Baktos, MGT
Re: Bls: [Urang Sunda] Re: 2 Juni Korea pesta demokrasi
Hatur nuhun upami katampi mah, namung pangapunten ka wargi sanesna, sanes maksad sim abdi ngagul-ngagul kasaean lembur batur. dipostingkeun teh taya sanes malah mandar aya pulunganeunana atanapi aya anu tiasa diconto ku urang sadaya. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id Sumuhun, sae pisan eta dongeng teh. Sim kuring anu langkung kapiring leutik, isinna kaliwat saking. Rumaos ari kasebutna mah guru, tapi padika can nepi ka dinya. Nuhun, katampi pisan. Sajorelat ge nambahan luang. Insya Allah seja diturutan, bawiraos niron kanu sae mah halal panginten.. Baktos Ki Leuksa __._,_._
[Urang Sunda] 2 Juni Korea pesta demokrasi
Ti awal Mei 2010 di Korea ceuyah ku nu kampanye, di unggal setopan beus kota, setatsion metro ngajejer tim sukses ti unggal calon, nu kaos hejo, koneng, beureum jsb., ting arunggeuk kanu ngaliwat bari ngabagi-bagikeun kartu nama calon anu eusina ; ngaran calon, nomer calon, ngaran partey jeung target anu rek diperjoangkeunana. Tos dua minggu diunggal parapatan tingtaragog treuk-treuk kampanye ti tiap calon, rupa-rupa pamolahna, aya anu orasi, aya anu nyetel lagu-lagu, aya anu tinggaritek wanoja-wanoja tim sukses jsb. Anapon anu rek dipilih dina pemilu tanggal 2 Juni 2010 nyaeta : 1. Kyo yuk Eui won ( Dewan Pendidikan) 2. Kyo yuk Kam ( Pengawas Pendidikan) 3. Dong Nae Te pyo ( Wawakil ti tingkat Dong di DPRD distrik) 4. Ku Eui Won (anggota DPRD tingkat KU/distrik) 5. Ku Chong Jang ( Wali Kota tingkat KU/distrik bupati upami diurang mah) 6. Si Eui Won ( Anggota DPRD kota Seoul) 7. Seoul Si Jang ( Gubernur kota Seoul). Nyimpang sakedap, urang gambarkeun tingkat pamarentahan di Korea, 1. Nasional/Pusat 2. Propinsi, kota Istimewa (satingkat Propinsi) 3. KU (dikota), KUN di Propinsi (Districk dina bhs. Inggeris) 4. DONG (dikota), MYON (di Propinsi) 5. BAN (dikota), RI (di Propinsi) Aya hal anu teu lumrah sareng PEMILU dilembur, nyaeta seueurna caleg-caleg ti non-partey, ayana caleg piliheun kanggo Dewan Pendidikan sareng Pengawas Pendidikan, Ieu nandakeun yen Pendidikan di Korea mangrupa hiji hal anu penting pisan. Ari nu sok dijadikeun TPS nyaeta sakolaan-sakolaan, sabab sakolaan di Korea mangrupa 2 atawa 3 wangunan gedong tilu atawa opat tingkat ngawangun hurup L atawa hurup U hareupeunana ublug-ablag lapangan maen bal (ieu mangrupa syarat ngawangun sakolaan kudu boga tempat olah raga, diluar lapang maen bal, di jero rohangan lapangan Volley, Basket bal jeung lapangan Badminton, teu di sakola dasar teu di sakola lanjutan, rupana ieu salah sahiji anu ngadorong olah raga Korea punjul). Pihatur, ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Arkeolog Uka Tjandrasasmita Ngantunkeun
Inna lillah wainna ilaihi rojiunnn.. Amiinn ya robbal alamiinn..kanggo do'ana ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda jalakpak...@yahoo.com jalakpak...@yahoo.com Inna lillahi wainna ilaihi rajiun. Mugi ditampi ima, islam. amal ibadahna, dicaangkeun dilegakeun alam kuburna. Amin. Powered by Telkomsel BlackBerry® Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
Re: [Urang Sunda] Ibu Hasrie Ainun Habibie Ngantunkeun
Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun... Amiinnn..y arobbal alamiinn.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda jalakpak...@yahoo.com jalakpak...@yahoo.com Inna lillahi wainna ilaihi rojiun. Allohummagfirlaha warhamha waafiha wa'fuanha. Mugi almarhumah ditampi iman, islam, amal ibadahna, dicaangkeun dilegakeun alam kuburna. Amin. Powered by Telkomsel BlackBerry®
Re: [Urang Sunda] Innalillahi...
Waalaikum salam wr. wb. Innalillahi wa inna ilaihi rojiun.. Amiiinnn...ngiring do'ana.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Abdul Qodir Jaelani qodir_jael...@yahoo.com Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sakali deui, urang sunda kaleungitan tokoh ulama. Tos mulih ka Rahmatullah kamari salasa KH. Irfan Hilmy Pengasuh Pondok Pesantren Darussalam Ciamis. Ka sakumna baraya milis nyungkeun karena Allohna ngadu'akeun mantena pamudah-mudahan katampi iman islamna, kenging tempat anu salayakna. Amin Ya Robbal 'Alamin Wassalam Abdul Qodir Jaelani Teknik Telekomunikasi Institut Teknologi Bandung
[Urang Sunda] tumaros BESEK-- ngiring ngetrukkeun
Mang J. di wewengkon Cianjur mah anu namina tolobong teh siga dingkul, luhurna teu diwenggku, aya tutupan..., dingkul mah ampir sami sareng tolombong tapi teu aya tutupan luhurna diwengku, biasana dianggo ngawadahan heucak (pare sesa dibuat), Tah saluhuran dingkul aya deui, namina bodag, siga dingkul ukuran buadag, biasana kanggo ngawadahan pare gedengan (sagedeng = 2 pangkek/beungkeut), kaperluan sadidinten kengging nyandak ti leuit. Tah dina keur mangkek, hiji acara pikeun para pa Tani, saparantos pare garing di poe wengina sok aya acara mangkek, teu wudu dipakarangan teh sok ngagebra lampu patromak bari nyetel siaran Wayang Golek ti RRI Bandung, atuh dahareun sagala diayakeun. Beres dipangkek kalawan digedeng, isukna ngahanjatkeun pare ka leuit. Duka leres henteu na mah da tos lawas tara lalajo nu ngagedeng deui. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Tue, 4/5/10, mj ja...@itenas.ac.id wrote: From: mj ja...@itenas.ac.id Subject: RE: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Tuesday, 4 May, 2010, 12:59 Nuhun kang pedaranana. Oge ka baraya sanesna. Titahan pembimbing ieu teh, cenah kudu tatanya atawa diskusi jeung saha bae dimana bae, sugan manggih bongbolongan atawa tambahan kabeungharan adat suradat sunda nu si kuring can apal atawa can manggih. Kanu sanesna mangga ketrukeun. Oge ka Tukang Giribig, jeung sajabana. Giribig oge bade diasupkeun ka penelitian sabab wadah moe pare, aya di kampung naga jeung kampung kuta. Di baduy ge aya cenah cek pa samin urang cikadu, ngan teu umum. Tapi di cikaduna mah teu aya. Salah sapuluh kalieur teh ayana kecap nu beda di wewengkon beda pikeun barang/wadah nu sarua. Cara telebug, disebut oge tolombong oge dingkul. Di peperenian urang sunda terbitan kiblat, disebut yen telebug teh tolombong gede. Rada hese dijadikan patokan sabab ngaran2 eta di unggal wewengkon tea beda. Telebug teh tolombong atawa dingkul keneh. Atawa mun hayang jentre mah sigana kudu ngulampreng ka unggal lembur konfirmasi ngaran wawadahan eta. Tapi da mung tilu kampung adat tea, janten fokus we ka ngaran di eta tempat. Cara jubleg di kampung kuta kampung naga, di baduy ngarana teblek. Telebug tolombong dingkul, di baduy mah teu aya. Aya oge nu siga tolombong di Gajeboh Kanekes kungsi manggih, dasarna dicarangan, masangna dibalikeun da sihoreng bumi-paranti kulem hayama ti wengi, da ari beurang mah dikencarkeun/ dileupaskeun sina milari pakasaban nyalira. Mun cempeh-nyiru- tampir nya beda dina ukuran, ari wanda/rupana mah sarua. Buleud paranti wadah, paranti napi jeung paranti moe pari (tampir). Beda ukuran beda ngaran. Ari di baduy aya boboko aya baris, sarua paranti wadah beas/sangu. Nu ieu mah rumusna, beda rupa beda ngaran bari tugasna di dunya ieu sami, ngawadahan beas sangu. Bedana baris jeung boboko, boboko mah nya cara rupa nu umum, ari baris mah leuwih seksi, bagean tengah leuwih lenjang/rampih, duka sok diet duka tara tah si baris teh. Heuheu. Fokus penelitian ka wadah pikeun pare beas sangu. Janten tingkem tetenong jeung barayana nu sanes, boh baraya kandung boh pateterean teu dibahas. Ke mun tos cekap, bade ditalungtik unsur estetika na boh formal boh simbolis. Rupa boboko teh canggih: transformasi ti rupa segiopat/juru opat di handap (segiopat pisan ti soko) terus robah lalaunan ka luhur, ngajanggelek we jadi buleud. Ieu kabisa karuhun (duka ti mana asal usulna mah, hese dipaluruhna, ti kulon baduy nepi ka wetan/jawa bali aya (di masyarakat nu melak pare). Perkara aseupan oge kitu. Ngan di jawa mah aya nu teu diberesan luhurna, diantep rancung siga penyanyi funkrock tea. Ari di sunda mah kalolobana atawa boa sadayana, diwengku tea. From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of oman abdurahman Sent: Tuesday, May 04, 2010 6:14 AM To: urangsu...@yahoogro ups.com Cc: kisu...@yahoogroups .com Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing sigana kapupus basa pindah hp. Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti besek jeung pipiti, sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut tingkem. Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan (goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem. Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh siga kieu: 1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun laju dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu leutik.
Re: [Urang Sunda] Fw: Tukang Jinah?
Soalna amun syaratna, kudu jalema beresih mental tara korupsi... heuheuheu. atuh saha anu bisa unggah kana panggung calon..? ssw ahhh..ieu mah ngetik bari nundutan.. http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com 'pezina' mah meureun kasat mata, jadi mun maju teh ceuk paribasana mah nyolok mata buncelik. padahal masalah gede di urang teh lain sual eta2 teuing... pezina sakitu dijejelehna, tapi jalma2 korup mani ngagandeuang laluasa ngudag kalungguhan? jeung eta deuih nyontokeun amerika. sakitu clinton geus kabukti geus ngaku, buktina pan ku masarakat amerika mah dihampura tetep ditarima... sikandar
[Urang Sunda] Carape nya..?
Wis ngagaluher we atuhh. heuheuheu... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Carape nya..?
Horrrnaha plos kadieu ieu teh..? punten..punten para wargi.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Siddik Wiradireja cikund...@yahoo.com Wis ngagaluher we atuhh. heuheuheu... ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: Bls: [Urang Sunda] Seeng== Tiwul==Aria Wira Tanu
Hahahaha...aya-aya wae ahhh...abdi mah lapur teu tiasa mapah-mupuh... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com jigana hade mun dialog bah sidik sareng kang gagak hideung diwangun dina wanda pupuh.
Re: Bls: Bls: [Urang Sunda] Seeng== Tiwul==Aria Wira Tanu
Sami-sami...insya Allah anu terang mah, tangtos diwaler.. mung nya eta anu dipikaterang sim abdi mah langkung seueur anu teu terangna ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung gagak...@yahoo.com Hatur nuhun, hapunten tos ngaganggu akang, kitu oge enjing pageto abdi tangtos seueur tataroseun ka akang, mugia engkang henteu kaabotan. baktos abdi gagak hideung
Re: [Urang Sunda] Kacapi - Pupuh Kinanti
Hatur nuhun katampi pisan, nembe terang aya acara mieling 100 tahun pupusna dalem Pancaniti, ma'lum taun 1963 mah nembe kelas 3 SR. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung gagak...@yahoo.com Taun 1963 RE Muchtarman, waktos mieling 100 tahun wafatna Kanjeng Pancaniti, ngadamel pupuh kinanti nu ngajenan karamatna kacapi Pisaurna para sepuh, jaman Kanjeng Pancaniti Kacapi dianggo sarat, sarat nu ngagem seni, estuning teu lalawora nyimpenna dipusti-pusti Sasarap buludru paul disisian pasmen kuning, kembangna ku aer emas, di lebet kamar maranti, kamar nu kenging ngahias, alusna kaliwat saking. Tutupna ku cinde wulung, dilapisan sutra wilis, disalindang mangle kembang, ermawar sareng malati, dihormat didama-dama, kacapi Nyi Guling Putih. Lamun kasumpingan tamu, sasami pada bupati, osok dihaturan kembang, nyandak tina bokor kuning, lajeng kacapi disekar, tawis ngiring bingah galih. Diawur ku arum-arum, wawangen ku minyak wangi, diebogkeun dibantalan, bantalna putih bersih, dilangkangan ku panangan, mantun bari ngahariring. Sugan weh tiasa katampi ku Kang S.Wiradireja. Baktos abdi gagak hideung
Re: Bls: [Urang Sunda] Seeng== Tiwul==Aria Wira Tanu
Hatur nuhun upami katampi mah, insya Allah diketrukkeun sadaya anu sim abdi terang mah perkawis Dalem Cikundul. Perkawis R. Aria Wangsa Goparana, anjeuna rama Rd. Jayasasana (Dalem Cikundul), makomna aya di kampung Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang. R. Aria Wangsa Goparana, henteu kantos nyaking kalungguhan pamingpin pamarentahan, anjena mah hiji ulama anu ngiring nyebarkeun agama Islam. Kieu panginten sarsilahna : Prabu Mundingsari II puputra ; Mundingsari Leutik puputra : Pucuk Umum puputra ; Sunan Parung Gangsa puputra ; Sunan Wanapri puputra ; Sunan Ciburang puputra ; 1. Sunan Girilaya -- Rundayanana ka Cibalagung 2. Aria Wangsa Goparana -- Rundayanana ka Cikundul. Perkawis Wira Tanu Datar V/Dalem Muhidin, numutkeun buku sajarah Cianjur, nyeratna : Dalem MUHIDIN, tiasa janten dina sarsilah sanes diserat Muhyidin. Sakitu anu sakaterang sim abdi. Baktos ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung gagak...@yahoo.com Hatur nuhun kang, janten langkung lengkep peperenian abdi perkawis Cianjur. Ku katerangan akang, tangtos anu leres ngawitan Datar ti RA.Wiratanu Datar IV Bade tumaros kang, naha leres bupati Cianjur sateuacanna RA Wiratanu I nyaeta R.Aria Wangsa Goparana, upami sanes saha anjeunna teh ? Kitu oge ari anu leres RA Wiratanu Datar V, Dalem Muhidin atanapi Muhyidin ? Hapunten kang, henteu aya maksad anu sanes, mung kanggo ngalereskeun peperenian abdi. Hatur Nuhun Baktos abdi gagak hideung
[Urang Sunda] Seeng== Tiwul==Aria Wira Tanu
Neda pangapunten ka para wargi nu sanesna bilih ieu surelek ngaganggu mah, talapung bae. Salajengna ke Cep Gagak Bandung.! Tiasa janten kitu, namung numutkeun buku Sajarah Cianjur urutan bupati-bupati Cianjur mah kieu : 1. Rd. Jayasasana ( Dalem Cikundul atanapi Aria Wira Tanu I ) 2. Rd. Aria Wira Manggala (Dalem Tarikolot atanapi Aria Wira Tanu II/diaku Regent ke pamarentah Walanda ) 3. Rd. Aria Astramanggala (Dalem Dicondre atanapi Wira Tanu III/ Regent ka 1 diangkat ku Walanda ) Bupati ieu anu ngusulkeun ka pamarentah Walanda supados bupati-bupati Cianjur tiasa nganggo gelar Wira Tanu Datar, mung bae nembe dina mangsa bupati Cianjur ka 4, kaluar beslitna ti pamarentah Walanda. 4. Dalem Sabirudin (Wira Tanu Datar IV /Regent) 5. Dalem Muhidin (Wira Tanu Datar V/Regent) 6. Dalem Aria Enoh (Wira Tanu Datar VI/Regent) (anu janten bupati di Cianjur ti ngawitan nomer 1 dugi ka nomer 6 salajengna) 7. Dalem Raden Abas (Wira Tanu Datar VII/Dalem Garut Sepuh) 8. Dalem Dipati Aria Wira Tanu Datar VIII/Dalem Garut). Salajengna bupati Cianjur diteraskeun ku : 9. R. Adipati Prawiradireja I (putra Ny. R. Tanjungnagara rai Dalem Aria Enoh) 10. R. Tumenggung Wiranagara (putra ke 1 R. Adipati Prawiradireja) 11. R. Aria Adipati Kusumahningrat (putra ke 2 R. Adipati Prawiradireja/Dalem Pancaniti) 12. R. Aria Adipati Sentot Alibasah Prawiradireja II (putra R.A.A. Kusumahningrat) 13. R. Demang Natakusumah (wakil Regent) 14. R. Aria Adipati Wiranatakusumah 15. R. A. Suriadiningrat 16. R. Sunarya 17. R. A. Surianataatmaja 18. R. Adiwikarta 19. R. Yasin Partadireja (jaman R.I.) salajengna bupati-bupati jaman Republik. No. 7 sareng nomer 8 henteu kantos nyangking kalungguhan bupati Cianjur, margi dibenum kupamarentah Walada janten bupati Garut. Ti ngawatian no. 9. R. Adipati Prawiradireja henteu nganggo gelar Aria Wira Tanu Datar, margi anjeuna putra Ny. R. Tanjungnagara (rai Aria Enoh) anu nikah kahiji ulama ti Banten. Wallahu alam leres henteu na mah, nyanggakeun ka para akhli sajarah. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung gagak...@yahoo.com Upami teu lepat RA Wiratanu Datar III ( Dalem Tarikolot ) tos nganggo Datar, teras RA Wiratanu Datar IV ( Dalem Sabadirun ) jst. Hapunten kang, bilih abdi lepat. Baktos abdi gagak hideung
Re: Bls: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == Cikundul
Hatur nuhun Tiasa janten kitu, margina anu diserat di cikundul3.multiply.com mung ukur catetan rai pun Aki, janten mung saukur anu kaemut ku pun aki, ditambih hasil tataros tipara inohong mamaos Cianjuran. Rupina saderek Gagak Bandung, aya teureuh Cianjur oge, janten hoyong tepang yeuh. Mugi Allah SWT. tiasa nepangkeun urang..aeh boa-boa kantos tepang. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung gagak...@yahoo.com Hatur nuhun kang, abdi tiasa terang sajarah mamaos cianjur. Nyebarna mamaos cianjuran kabalarea ngawitanna di pasarbaru sareng kauman. Muridna ti pasarbaru nu diwulang aya dalapan (dina pedaran situs akang ), kapungkur abdi kantos ngaos salian anu dalapan aya deui nu sanesna, upami teu lepat RE Muhtarman, R.Ramlan - Cacih Djarkasih, R.Ebo, Resna, Ooh/Cucu, R.Djamhur. Ti R. Ebo teras ka Nyi Mas Saodah, Oceng Kasim Mamad. Murid ti Pasar Baru / Kauman salian ti R. Etje Madjid aya nu sanesna, upami teu lepat M. Asikin. Salian ngawulang di Pasarbaru/Kauman, R.Demang Natakusumah ngawulang oge di Bojongherang, muridna nyaeta Aong Djaja Lahimin R. Djajawiredja, pangikutna aya kana sapuluhna diantawisna R.E. Muhtarman, teras ka Amih Onah cs, teras ka R.Ace Hasan Sueb, saterasna ka Euis Komariah Tintin Suparyani. Hapunten kang, ieu mah mung intermeso, bilih lepat, nyobi maluruh paporit abdi Nyi Mas Saodah Euis Komariah. Hapunten gagak hideung
Re: [Urang Sunda] Indung peuting.
Indung peuting hartosna tiasa paraji (dukun beranak bhs.Indonesia) aya oge hartosna Layung beureum pesosore saba'da surup panon poe. lereskeun upami lepat. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Obay tea obay...@hotmail.com Sering ngadenge kecap indung peuting. Cing baraya naon hartina ari indung peuting teh? Obay. ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~
Re: [Urang Sunda] Indung peuting.
aeh..leres kitu.hatur nuhun... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com paraji mah asana teh indung beuran Siddik Wiradireja cikund...@yahoo. com Indung peuting hartosna tiasa paraji (dukun beranak bhs.Indonesia) aya oge hartosna Layung beureum pesosore saba'da surup panon poe. lereskeun upami lepat. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Obay tea obay...@hotmail. com Sering ngadenge kecap indung peuting. Cing baraya naon hartina ari indung peuting teh? Obay. ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~
[Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == tiwul
Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana memerang tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung. Korek api anu dianggo harita, disebatna paneker, didamelna tina watu geni (duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit, carana : tiwul sacewil dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda eli_jami...@yahoo.com eli_jami...@yahoo.com kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong PicungCiranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan indah'
Re: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == tiwul
ny ma'lum atuh...di jaman Flint Stone te..ateu.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com beda ari manusa jaman baheula mah, ni apal... heuheuheu... sikandar kumincir.blogspot. com 2010/3/29 Siddik Wiradireja Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana memerang tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung. Korek api anu dianggo harita, disebatna paneker, didamelna tina watu geni (duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit, carana : tiwul sacewil dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk.
Re: BLS: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == tiwul
Mangga bade tumaros mah (bade so akrab manggaaa, bade akrab leresan oge mangaa.. heuheuheu... saha anu uninga aya bau-bau sinduk) saur cenah mah kitu, duka leres henteu na mah (bilih palay panca kaki mah saena japrian we, bilih ngaganggu ka wargi nu sanes). Mung bae ieu mah tambi panasaran, upami dijujut ku luhurna engke bakal dugika raja-raja ti Karajaan Sunda/Pajajaran. Rd. Jayasasana ( Dalem Cikundul atanapi Dalem Wira Tanu, perhatoskeun : henteu nganggo Datar, anu nganggo Wira Tanu Datar mah ti ngawitan Dalem Cikundul IV ), Putra cikal Aria Wangsa Goparana ti karajaan Talaga, turunana nyebar di sakuliah tatar Sunda, margi seueur pisan. Cekap sakitu we ahhh...bilih ngabarubahkeun wargi sanes.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda eli_jami...@yahoo.com eli_jami...@yahoo.com Taah ieu mah bade tumaros teh ka Apih Siddik. Dupi Apih (so akrab, heheh)terah Cikundul? Eta da cenah ku cenah pun biang teh runtuyan Cikundul ti Aria Raksa. Duka da ayeuna abdi pareumeun obor,teu aya geusan maluruh;tos ngarantunkeun. Nya sanes kanggo agul da buktosna abdi mah sanes sasaha, mung hoyong we 'mengenal' bibit buit. Terkirim dari telepon Nokia saya -Pesan Asli- Dari: Siddik Wiradireja Terkirim: 29-03-2010 16.37.08 Subjek: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == tiwul Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana memerang tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung. Korek api anu dianggo harita, disebatna paneker, didamelna tina watu geni (duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit, carana : tiwul sacewil dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda eli_jamilah@ yahoo.com eli_jamilah@ yahoo.com kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong PicungCiranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan indah'
[Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == Cikundul
Nya eta upami medar sarsilah didieu mah, inggis disebat agul ku payung buutut, mangga japri we ka : cikund...@yahoo.com, , perkawis milisna raraosan teu acan aya, aya oge Yayasan Cikundul, anu ngalola harta titinggal Ny. R. S. Bodedar putra ka 9 dalem Sabiruddin/ Bupati Cianjur ka IV/Wira Tanu Datar IV (1727 ~ 1761). Kanggo tamba teuing, mangga we ditoong ka : http://cikundul3.multiply.com, (heuheu...promosi ieu mah) didinya aya : Sajarah Mamaos Cianjuran, yasana rai pun aki. Sajarah Cianjur sareng Runtuyan Bupati Cianjur teu acan sempet kalebetkeun, waktosna seep ku ngahuleng.heuheuheu... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda eli_jami...@yahoo.com eli_jami...@yahoo.com Haturnuhun, Apih. wios nya da curiousity mah naluri mamalia cenah, hehehe... numawi ke bade japri wae k Apih. Aya milisna Cikundul teu Pih?
[Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == tiwul
aeh ..muhun kawul anu dimaksad ku seratan sim abdi mah.. punten kasadayana.naha tiwul janten los-los kana kawul heuheuheu... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com ari ku urang garut mah, tiwul teh sok belewek we dihuapkeun, bari kutap-ketap. upama nyieun seuneu ku paneker jeung gandawesi mah, sok make lunglum atawa kawul. 2010/3/29 Siddik Wiradireja cikund...@yahoo. com Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana memerang tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung. Korek api anu dianggo harita, disebatna paneker, didamelna tina watu geni (duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit, carana : tiwul sacewil dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda eli_jamilah@ yahoo.com eli_jamilah@ yahoo.com kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong PicungCiranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan indah'
[Urang Sunda] 3 UL nu matak pabaliut
Heuheu...gara-gara tiwul jadi pabaliut sareng tihul, kawul, cik-cik urang bebenah, pang lereskeun upami lepat sareng tambihan upami kirang kawul : memerang tangkal kawung kanggo ngahurungkeun paneker tihul : suluh badag tina bongkot kai, ambeh seuneu hawu ruhay tiwul : katuangan didamel tina parudan sampeu.. leres kitu... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Salam ti Korea
Wallahu alam..mana nu leres.. numutkeun buku Sajarah Nasional, kenging Nugroho Nitisusanto, karajaan Salaka Nagara ngadeg taun 105 masehi. numutkeun urang Korea, karajaan Koguryo ngadeg 500 tahun saacan Masehi. ssw mama ManAr tadi tabuh 15.50 atanapi tabuh 13.50 wib tos hiber, ka lembur pisumpingeunana ka Cengkareng kirang langkung tabuh 20.40 wib. http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com Diantos dongeng Korea na. Eh mana nu leuwih kolot, antar Korea jeung Sunda nya?
Re: Bls: [Urang Sunda] Salam ti Korea
Numpak taxi sapertos kitu disebatna hapseung, parantos teu aya deui, malih panumpang anu ngawitan tiasa lapor ka : pulisi, himpunan pangusaha taxi atanapi kantor wali kota seoul, bagian transportasi, sebatkeun nomer taxina, supir taxina tiasa keuna ku hukuman teu kenging nyupiran taxi deui kanggo sababaraha waktos. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung gagak...@yahoo.com Wilujeng , ngiring bingah kang manar. Pangalaman abdi, waktos dikota seoul, numpak taksi, ditengah jalan aya nu megat, ku supir taksi nu megat teh dicandak,kumargi sajurusan sareng abdi.Hal ieu nguntungkeun abdi, ongkosna janten ngirangan.Teu terang hal ieu ayeuna masih kitu keneh ? Oleh kanggo abdi, cekap akang salamet kumpul deui sareng kulawargi.Amin Ngiring bingah gagak hideung
Re: [Urang Sunda] Damarsela jeung Nagasari
Upami anu dimaksad Nagasaritangkal Nagasari, manawi teu lepat, mangrupi hiji tangkal ngagaduhan daun sepertos daun peuteuy selong (petai cina), tangkal lebet kana jenis tatangkalanperdu carucukan, jangkungna kirang langkung 2~3 meteran, hirupna disisi wahangan anu caket ka muara. Wallahu alam ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda A Gunawan rotan...@yahoo.com Mendak tulisan kengingna K.F Holle, pajar cenah mangsi nu digunakeun pikeun nuliskeun naskah Sunda buhun teh campuran tina Damarsela jeung Nagasari (lain nagasari kueh). Tah, manawi aya nu uninga perkawis tangkal Damarsela jeung Nagasari, hoyong diwartosan ah,,,nuhn AG
Re: [Urang Sunda] modus maling hp di angkot
Hahahaha...dasar MJ..ongkoh kacilakaan ongkoh ngabarakatakkk.. insya Allah bakal aya gentosna... ssw. http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mang jamal ja...@itenas.ac.id Ati-ati ka baraya nu make angkot. Aya modus anyar nyopet hp. Mun aya panumpang (sababaraha urang), teu mati merhatikeun tadi teh. Terus ngabagi-bagi brosur fotokopian pengobatan tradisional/ alternatif, Terus rasa maksa menta dibaca, terus mraktekeun mencetan suku atawa leungeun. Terus maranehna turun. Mangga rampa saku atawa tempat hp. Hahaha. Bb si kuring ngalayang we. Hehe
Re: [Urang Sunda] kamarana ?
Aya-aya...masih pakepuk yeuhhh... aya bahan alungkeunen oge ka milis teu acan dipitembeyan... sugan kapayun aya lolongkrang waktos... piharur, s.siddik http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com Kang Ikmal, K' Nanang, K' Runa, K' Akos, K' Tirta, Apih Sidik, Teh Imas, T' Mia, T' Gia, T' Evi, K' Kumi, T' Pupi, K' Kamal, K' Hendra, K' Dudi, saha deui nya.. K' Toni, K' Dikdik, K' keom, K' Maman Gantra, hayoh saha deui anu can ka sebut, ngaceng... aeh... ngacung he..he..he.. Anu ti bandung, Mang J, Wa Sas, Bah Willy, K' boim, K' Oman, barudak mahasiswa anu sok ngalongser tea (geus lalulus can nya?), K' Deni (ie mah AsGar ketang), saha deui nya ngaran-ngaran diluhur kungsi guyub sauyunan ngaramekeun milis Urang sunda, boh online atawa di darat. Bareto mah sok aya kopdar, lamun di jakarta di jalan langsat di teun T' Imas, atawa di teun K' Akos. Ayeuna, sanggeus sababaraha waktu, asa rada melempem, sarua jeung kuring he..he..he..
[Urang Sunda] Tuhhh..nya..
Tuhh..nya..lalicik...didieu keur pakepuk di tapuk TKI...pada raongngng.. pas didieu keur gabut...jarempling! carape curukna kitu...? ssw weeekkks.! http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
Leres kitu mang J Rupa = kelir, oge Rupa = bentuk/dedeg pangadeg, pleusna.. Rupa oge dianggo keur meunteun kageulisan/kakasepan hiji jalema, siga dina kecap Alus rupa hade pake = keur geulis/kasep teh bisa make pakean. Geulis/kasep euyy ari rupana mah pihatur ssw. http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mang jamal ja...@itenas.ac.id Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina basa/budaya sunda Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep estetika sunda tea: Rupa Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna). Cara rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun bentuk jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna teh mangrupa satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu. Sabab unggal objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang atawa objek nu aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna wungkul, tapi oge aya warnaan. Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab patali jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, cara rupana kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg eh pangadegna. Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si kuring nu keur rada lieur, mangga prung nuhun
Re: [Urang Sunda] Innalilahi...
Innalillahi waina ilaihi roj'iun...Amiiyarabbal alamiinnn... kanggo du'ana.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda oman abdurahman omana...@gmail.com Sami kang, innalillahi wa inna ilaihi roji'un kanggo warga Ciwidey anu dugi ka ngantunkeun ku alatan musibah taneuh urug (longsor). Pamugi anu ngantunkeun, pamugi ditampi iman-islamna. Ka nu dikantunkeun pamugi aya dina sabar tawakal. Ka kang Hendra sareng saha wae anu aya maksad bade ngaheuyeuk bantuan atanapi sumbangan kanggo para kulawarga korban di Ciwidey ieu, mangga abdi ngarojong sareng ngadeudeul pisan. manar
Re: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta?
pangalaman sim kuring mah, di pakidulan Cianjur No. 1 biasa dianggo di langgar/tajug/masjid No. 2 biasa dianggo di madrasyah ibtidaiyah ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina: alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita. Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung. Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we kapopohokeun. Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang. Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar ngaderes make cara nu mana, diantara ieu: 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu: 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders. nuhun -mh-
Re: [Urang Sunda] Gusdur Pupus
Innalillahi wa inna ilaihi rojiun.. Amiiinn..ya robbal alamiin.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mamat mrach...@telkom.co.id Inalillahi wai inna ilaihi rojiun Parantos pupus mantan Presiden RI Gusdur nembe tabuh 18:45 di RSCM Jakarta.. Mudah2an Allah ngahampunten sadaya dosa Anjeuna, sareng di Tampi ku Allah SWT. Amien Wass : Mamat Rachmat = = = Nikmati Bulan C'RITA Flexi (biCara iRIt Tiga rAtus rupiah) Cuma Rp 300,- sepuasnya sekali bicara ke sesama mulai pukul 23.00-09.00, untuk SLJJ gunakan 01017. Bicara di bawah 6 Menit tarif tetap Rp 49/menit (Des s.d Feb'10). = = = This Email Has been scanned : Anti Virus = = =
Re: [Urang Sunda] hatur nuhun baraya KUSnet...29 desember 2002
Wilujeng oge mang J., du'ana mah ngiring kanu tipayun.amii... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Roro Rohmah roro.roh...@sidola.com wrote: MJ sakulawargi, sami abdi ge ngiring bingah... du'ana ngiring ka Wa Ntit. Amin. ti...@telkom. co.id 12/30/09 08:11AM ngiring bingah mugia runtut raut sauyunan dugi ka paketrok iteuk.. - Original Message - From: mang jamal To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Tuesday, December 29, 2009 10:04 PM Subject: [Urang Sunda] hatur nuhun baraya KUSnet...29 desember 2002 poe ieu, 29 desember 2002, tujuh taun kaliwat, si kuring jatukrami jeung anak mitoha aka indungna barudaks.
[Urang Sunda] Gurita
Gurita sabanga sato laut, mirip lauk cumi-cumi, bedana ; cumi-cumi: hirupna ditengah-tengah cai laut, badanna panjang, boga leungeun (ramo), dua panjang, genep pondok, paling badag badan cumi-cumi (nurutkeun warta dina majalah nguseup) 90 cm diukur ti tungtung buntut tug ka tungtung leungeun/ramo pangpanjangna. gurita : hirupna didasar laut, badanna pondok, ngaharib-harib ka buleud, leungeun (ramo) paranjang piken ngaranggeum (newak) lauk hakaneunana. pangbadagna gurita ti tungtung leungeun/ramo ka tungtung lengeun/ramo sejenna tiasa dugika belasan meter, badag leungeun/ramona sagede pingping jalema dewasa, tanagana kuat ngabalikeun parahu mayang. Gurita (baju orok) ieu dicokot tina ngaran eta sato, pedah dina tungtung lawon (sapotong) dipasang 8 lambar tali pikeun meungkeut beuteung orok. Kecap gurita sejenna biasa digunakeun ka jalema/pausahaan badag anu ngagaduhan mangpuluh-puluh anak pausahaan, pedah sagala diranggeum. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mamat mrach...@telkom.co.id Kang... Gurita mah ...BAJU OROK... From: rosidin rosidin To: urangsu...@yahoogro ups.com Ari gurita teh bala kutak thea sanes kang? On Wed Dec 30th, 2009 11:36 AM ICT rusdi yunus wrote: Manawi aya anu tos nga aos buku Membongkar Gurita Cikeas di Balik Kasus Bank Century cingan kuring hoyong terang kumaha sih alur ceritana meni dugi ka nga gemparkeun kiyeu.?
Re: [Urang Sunda] KTX
Leres relna dihandap, sapertos rel kareta biasa, namung relna diwangun husus kanggo nahan geteran sareng goncangan, janten dina waktos lumpat 340 km/jam teu karaos, leueuteun dina meja oge teu keplok-keplok acan, nembe dina rel anu nikung sok karaos aya goncangan. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Surtiwa surt...@gmail.com Geuningan ieu mah relna nguyupuk di handap sareng katingalina sapertos rel kareta biasa ?. Pan ari H2RSH mah Gilinding kareta nah teh nyungkup (nangkod ?/) kana rel da nganggo medan magnet anu di hasilan tina tanaga listrik
Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Angkutan - Jalur Cepat Menuju 2012?
Ieu mah ngiring ngarewong we, margi di Korea kaetang nagara pangenggalna gaduh kareta kilat (super express) nganggo tanaga listrik, babandinganana panginten, Shinkaseng di Jepang, TGV di Prancis. Mangga ieu riwayat singkat pangwangunan jalur eta kareta. Mei 1989 Pamarentah Korea ngembarkeun rarancang pangwangunan jalur eta kareta. Juni 1990 Pamarentah Korea ngembarkeun daerah anu kaliwatan ku eta jalur kareta. Juni 1996 Pamarentah Korea teken kontrak sareng TGV System Prancis Juli 1998 Konstruksi jalan kareta dingawitan.. Januari 2004 Jalur kareta super express Seoul - Pusan (480 km-an) dibuka. Catetan : Seoul - Pusan 480 km ditempuh dina waktos 2 satengah jam, maximun kacepetan 340/jam. Seoul - Pusan nganggo kapal hiber ditempuh 1 jam. Seoul - Pusan nganggo beus express 4 jam satengah. Cekap sakitu we pangrewongna. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda oman abdurahman omana...@gmail.com Mh, jero sataun bisa ngawujud ieu pangwangunan badag teh? asa cangcaya. Cikan dulur, sugan aya anu apal proses KA Cepat sistem H2RSH teh? lain tetep merlukeun rel? atawa ngalayang siga kapal udara? Lamun masih merlukeun rel, naha masih ngaunakeun rel KA anu aya? asa pamohalan. manar mh khs...@gmail. com Geunjleung film 2012, di Jabar malah 2011 bakal ngawangun jalur cepat angkutan KA. Supaya tereh nepi ka 2112 kitu? Hehehe. -mh- == 2011, Dibangun Jalur KA Cepat di Jabar PUTRAJAYA, (PR).- Lima belas investor sepakat membiayai pembangunan kereta api cepat berbahan bakar hidrogen senilai 3 miliar dolar AS (kira-kira Rp 28,5 triliun). Projek bernama Hydrogen Hi-Speed Rail Super Highway Concession (H2RSH) ini akan membuka rute Jakarta-Bandung- Cirebon sepanjang 357 km. Kecepatan kereta ini mencapai 400 km/jam, sehingga perjalanan yang biasanya memakan waktu lima jam bisa dipersingkat menjadi hanya satu jam, ujar Dr. E. Sjahrial, Senior Managing Partner, salah satu anggota konsorsium CAEDZ seusai penandatanganan MoU pembangunan infrastruktur ini dengan Ketua Kadin Indonesia Komite Singapura Iwan Darmawan Hanafi di Hotel Marriott, Putrajaya Malaysia, Selasa (1/12). Wartawan PR Dadang Hermawan melaporkan dari Putrajaya, hadir pada kesempatan itu, direksi anggota konsorsium dan Kepala BKPMD Jabar Iwa Kartiwa. Menurut Sjahrial, pembiayaan projek ini murni dari konsorsium. Kami harapkan pada April 2011, pembangunan kereta api ini sudah bisa dilakukan dan sepuluh bulan setelah itu sudah bisa digunakan masyarakat. Paling lambat, tahun 2012 layanan ini sudah bisa menjadi transportasi massal yang baru, katanya. Menurut dia, tarif yang akan dikenakan tidak akan jauh berbeda dengan tarif bus di jalur tersebut. Karena kami yakin dengan tarif sebesar itu kami masih bisa memperoleh margin. Apalagi, kami masih bisa menjual beberapa sumber energi lain kepada pihak ketiga,ujarnya. Dikatakan, ada tujuh fasilitas yang bisa menjadi sumber penerimaan bagi konsorsium, yakni penjualan listrik yang dihasilkan dari sisa bahan bakar hidrogen dan panel surya, jaringan telekomunikasi, serat optik, jaringan bahan bakar hidrogen dan gas, serta air. Projek pertama di dunia Sjahrial optimistis dari projek ini pihaknya bisa meraup untung hingga 400 juta dolar setahun. Sehingga bila dibandingkan dengan investasi sebesar 3 miliar dolar AS serta pendapatan 400 juta dolar AS/tahun, saya kira projek ini memberikan kepastian keuntungan yang besar, ucapnya. Apalagi, menurut dia, investasi sebesar 3 miliar dolar AS untuk jaringan kereta api sepanjang 357 km ini terbilang sangat murah bila dibandingkan dengan membangun jaringan kereta api konvensional yang bisa menghabiskan biaya sepuluh kali lebih besar. Di sisi lain, kereta api hidrogen ini merupakan projek pertama di dunia yang diterapkan secara komersial. Sehingga, saat ini seluruh mata di dunia menunggu realisasinya dan beberapa sudah mempertimbangkan untuk mengganti sistem transportasi mereka menjadi lebih ramah lingkungan seperti kereta api ini, katanya. Perhatian dunia juga terlihat dari rencana Presiden Amerika Serikat Barack Obama yang akan secara resmi mengumumkan projek ini pada lawatannya ke Indonesia pada Februari 2010 bertepatan dengan acara Pertemuan Tingkat Tinggi Perubahan Iklim. Selain membangun jalur kereta api, konsorsium ini juga berencana membangun infrastruktur lainnya pada koridor Jakarta-Bandung- Cirebon. Kami sudah mendapat pledge sebesar 500 miliar dolar AS dari 400 bank dan lembaga keuangan internasional yang akan kita bangun untuk Bandara Kertajati, Pelabuhan Cirebon, dan infrastruktur lainnya, ucapnya. Kelima belas konsorsium ini terdiri atas Aon Risk Service Inc., Aqua-PhyD Inc., Aruna Solutions, Asian Energy Limited, Tricap Group, Copernicus International, eCompass Group, Fidelity National Financial, Global Green Management, McGladry Pullen, Modular Integrated Technologies, Obermeyer Planen + Beraten, Pembinaan
Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Angkutan - Jalur Cepat Menuju 2012?
Hallaaahhh..ieung...ketempuhan buntut beurit...heuheuheu.. antosan atuh urang milarian heula... kaleresan dinten Senen kamari nembe numpak eta kareta.. malih difoto oge, mung nu motona sakadang boss... manawi tiasa ngaririhan gambarna.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh khs...@gmail.com Teraskeun atuh pangrewongna, cing manawi aya gambarna Jiga kumaha eta kareta satengah hiber teh. -mh-
[Urang Sunda] KTX [1 Attachment]
Ieu mah etang-etang nedunan jangji, mung moal seueur-seueur teuing, hawatos kawargi nu lelet enternetna, bilih masih panasaran tiasa dipilari di mang google, nganggo kecap konci KTX atanapi Korea KTX. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] wilujeng ka ua sas
Wilujeng kang Saskalayan ngiring bingah, dibarung ku ngiring agul.. si Uwa mah makin tua makin beken...! sakali deui wilujeng... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mj ja...@itenas.ac.id di facebook, aya video nu nu nayangkeun ua sas. kuncen kusnet #2. taun ieu beliau kenging anugrah IKAPI Jabar atas jasanya membuka perpustakaan pribadinya sangkan bisa dinikmati batur. saha bae bari teu kudu mayar jeung teu kudu boga kartu anggota. wilujeng ua. ua mah jalmi soleh. batur mah ngoleksi buku teh, ngan jadi koleksi pribadi, perpustakaan pribadi. ua mah babagia pikeun saha nu butuh. koleksi si ua tos 6500 buku. si ua sas memang serius kana hobina ieu. bumi gigireunana dipeser, khusus pikeun ngimahan buku. sanaos ayeuna tambah pakepuk da jadi pemred majalah sunda cupumanik. reueus tos kenal jeung ua sas. awal taun 2000an, keur baraya kusnet sauetik keneh, rada hese pendak teh. da si ua dines di surabaya. basa ngalih ka badung, karek si kuring nu jomblo keneh, rada mindeng ngulampreng ka bumina. kataji ku hobina susundaan, bari jeung prak. ngoleksi buku-buku utamana basa sunda. si kuring sigana nu munggaran nyaritakeun ka umum perkara sepak terjang si ua sas nu nyiapkeun asa pangsiun pikeun muka rumahbaca buku sunda, dimuat di majalah perbukuan, grup gramedia, matabaca-ayeuna almarhum. basa aya wartawan kompas nu naros saha kira-kira nu pantes dimuat pikeun rubrik sosok (kompas kaca 15),si kuring langsung nyebut ua sas. nya didaratangan terus dimuat. beh dieu kang soni rosa tukang nyien game nu make basa sunda. ua sas oge kantos kenging hadiah gupernur jabar. wilujeng ua. follow happy! hehe mj koningstraat 27 leiden
Re: [Urang Sunda] Selingan - Ngorong dina Film Korea
Heuheuheu..aya kurajin ngorong, nyingsring, ngareuhak, teurab ...dianggap biasa... tahhh..upami hitut.teu sopan... beresin.teu naon-naon..asal atos na nyebat : punten.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Wed, 4/11/09, mh khs...@gmail.com wrote: From: mh khs...@gmail.com Subject: [Urang Sunda] Selingan - Ngorong dina Film Korea To: Ki Sunda kisu...@yahoogroups.com, Urang Sunda urangsunda@yahoogroups.com, Baraya Sunda baraya_su...@yahoogroups.com Date: Wednesday, 4 November, 2009, 14:44 Sainget nempo film lokal, bule, india oge china, asa can manggih adegan ngorong. Tapi teu kitu, nalika noong film Jepang jeung Korea, kungsi kawenehan sababaha kali aya adegan ngorong.Jiga tadi peuting noong serial drama korea Beethoven Virus, nalika konduktor Kang ngajoprak muriang, si Yong Ki ngorobet irungna konduktor, sabab cenah korongna gede pisan. Cing ka baraya nu dumuk di Korea, jiga kumaha kabiasaan masayarakat di dinya, dina nyikepan perkara ngorong jeung hitut di hareupeun publik, naha dianggap hal nu wajar atawa sarua jeung diurang sok disebut kurang sopan? -mh-
Re: [Urang Sunda] tos dugi ka walanda
Syukur upami tos dugi kalayan salamet mah mang J. sing enggal kenging panganjrekan we... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda ja...@itenas.ac.id ja...@itenas.ac.id alhamdulillah, tos dugi ka walanda. ayeuna di leiderdop, gigireun Leiden, ngendong heula di bumi kang Deni Shudung Natasuanda. ke tos teu jetlag (haha gaya pisan) bade ngulampreng ka sabudeureun leiderdorp leiden, milari tempat kos. tos heula ah mj Recent Activity 5 New MembersVisit Your Group Search Ads Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Y! Messenger All together now Host a free online conference on IM. Yahoo! Groups Mental Health Zone Schizophrenia groups Find support .
Re: [Urang Sunda] isuk sore ngapung..neda pidu'ana.
Wilujeng angkat mang J. mugi sing mulus banglus kalayan hasil anu mucekil Insya Allah ngiring jajap ku pangdu'a ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Wed, 28/10/09, mj ja...@itenas.ac.id wrote: From: mj ja...@itenas.ac.id Subject: [Urang Sunda] isuk sore ngapung..neda pidu'ana. To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Wednesday, 28 October, 2009, 11:23 Insya Alloh, isuk sareueuh budak, jam 7.50 peuting, baris ngapung ti cengkareng ka kuala lumpur. Ti dinya ka amsterdam langsung. Nepi ka schiphol jumaah jam 6.05. total di langit 15 jam. Neda pidu’ana ti sadaya baraya kusnet. Meunang kawawuhan anyar di leiden ngaliwatan facebook, kang Deni urang Cimahi, kang Syaiful Rahman urang Sukabumi, jeung bang Novelina Musda, urang UIN Ar Raniry Padang nu keur S2 arsitektur. Kang Deni oge kang Rahman (nu gaduh milis baraya_su...@yahoogroups. com) gaduh istri urang walanda, dumuk di leiderdorp gigireun pisan leiden wassenaar-deukeut ka leiden. Kang Deni malah bade ngajemput cenah da damelna tiasa ngawitan jam 10an. Tempat kos can meunang, engke we geus di leiden rek neangan. Mudah-mudahan sapoe dua poe meunang. Aya usul ti kang Deni Suwarja, ngendong we di bumi neng Julia cenah, sihoreng ratu Juliana, duka geus kamana. Ayeuna mah aya ge neng Bety (ratu beatrix), tapi sigana di karaton amsterdam. Heuheu. Rada lieurna teh kos di negri batur mah kudu aya deposit, teu cara kos di urang, jadi mun sewa kamer 400 euro, kudu nunda deposit/borg, borgna sakitu oge atawa kurang saeutik. Borehdipulangkeun mun beak kontrakan jeung kondisi kamer hade. Mun jadi goreng, borg teu dibikeun. Padahal bekel pas-pasan, pikeun living cost/biaya hirup:kost+dahar –meunang nginjem ieu ge ti pangulinan, da beasiswa ti dikti can turun-turun). Ngan salah salima fasilitasna, di kamer aya internet, kari colokeun kabelna cenah. Itungan kasar, sabulan sarebu euro x 3 bulan, kamari nukeur duit, 1 euro = Rp 14.240. nya bekel pikeun kos jeung eusi peujit oge ongkos. Kang Rahman bade nambutkeun sepedahna. Da leiden mah cenah full sepedah. Haha. nuhun pisan. Tapi duka ari tiris pisan mah. Sesana uang buku jeung askes (travel insurance). 750 euro, tapi askes tos meser nu 120 usd. Kudu mayar tuition fee, urang olo we si profesorna, sugan bisa haratis. Nenek moyangmu dulu ngajajah hindia belanda, meneer, plis gratis, nya. haha. rencana mah rek tapa di perpustakaan KITLV, sugan manggih nu diteangan. Ngan mun dina ayana heug sadayana dina basa walanda wungkul…duka dikumahakeun tah. Nya milari we nu english-indonesia- sunda. Haha. Geus bisa basa walanda sakecap, dank u. nu sejena mah hoferdom! Carek walanda dina film perjuangan baheula. Ik inlander van bandung. Haha.
Re: [Urang Sunda] Re: Takongkeng Tea
muhun eta...di Cianjur mah deisebatna permut. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Mon, 26/10/09, roro roro.roh...@sidola.com wrote: From: roro roro.roh...@sidola.com Subject: [Urang Sunda] Re: Takongkeng Tea To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, 26 October, 2009, 11:41 Bapa/Kang/Ambu/ Teteh, istri pameget nya? punten teu katawis... Dipilarian Bajuco Canastillas mah teu aya ningan.. aya baju tilas ceunah heheh.. Pami Passiflora foetida, aya sababaraha rupi, diantawisna aya nu buahna beureum, ngarambat. Eta panginten. Haturnuhun, ro2 --- In urangsu...@yahoogro ups.com, Kaca kacapiring@ ... wrote: Iyeu mah bade ngawagel soal takongkeng tea ti Roro Rohmah. Mangga ketik Bajuco Canastillas atanapi Passiflora foetida di Google, gambar na oge aya. Eta buah anu baheula sok di ala ku abdi keur balik sakola.
Re: [Urang Sunda] horeeee juara I esey LBSS 2009
Wilujeng mang J.. Lumayan aya tambihan bekel... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Mon, 26/10/09, ja...@itenas.ac.id ja...@itenas.ac.id wrote: From: ja...@itenas.ac.id ja...@itenas.ac.id Subject: [Urang Sunda] hor juara I esey LBSS 2009 To: urangsunda@yahoogroups.com, kisu...@yahoogroups.com Cc: baraya_su...@yahoogroups.com Date: Monday, 26 October, 2009, 11:41 alhamdulillah, esey si kuring nu dimuat majalah basa Sunda Cupumanik, nu judulna Masagi jadi pinilih (juara) ka hiji ku Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) pikeun taun 2009. juri kategori esey, abdullah mustappa, teddy a.n muhtadin (dosen sastra sunda unpad), hawe setiawan. salah sahiji alesana, esey si kuring mesek babasan paribasa sunda :masagi, buleud jeung nyungcung (segitilu=juru tilu) kalayan dianalisis hartina nu pakait jeung religiositas, senirupa/estetika, matematika, jsb. acara pamasrahan hadiah kamari saptu di gedong ypk jl naripan bdg. hadiah duit opat juta rupiah. sanggeus sawareh disetor ka penjaga gowah di imah, oge masihan ka pun biang nu kaleresan sumping ngalongok, oge ka ibu mertua -meh adil- sesana bieu dibelikeun euro, pikeun tambahan bekel jang di leiden. 1,6 jutaan meunang 115 euro. heuheu. juara ka dua, Burjo (bubur kacang ijo) kenging kang Asep Budi Setiawan, urang dinas parbud kuningan. esey ieu dimuat galura, eusina ngabahas tukang bubur kacan ijo nu kabeh urang kuningan di yogyakarta. cenah aya ka 400urang tukang burjo di yogya, jst. sigana poin juri dina esey ieu, ngagunakeun basa sunda pikeun ngabahas ekonomi, jst. juara katilu, he love deui namina, judulna masarakat adat. Recent Activity 2 New MembersVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
[Urang Sunda] Manawi aya nu kagungan bongbolongan
Para wargi, aya anu janten member di Tagged.com...? Kantos aya anu kenging hadiah ti Tagged.com? leres eta teh, atanapi tukang tipu...? da geuning basa pangangguran diwalesan e-mailna.. teras ngagiring urang ka Yorkshire Integraty Bank di London.. anu panungtunganana kedah nyetor heula artos anu jumlahna ..heuheuheu cik a...kanu kantos kenging pangalaman alungkeun pangalamanana .. atanapi di japri oge sae.. hatur nuhun.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Re: [gankleboy] Manawi aya nu kagungan bongbolongan
Nuhun! memang tos curiga kadinya... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Fri, 23/10/09, Dikdik d.kur...@gmail.com wrote: From: Dikdik d.kur...@gmail.com Subject: [Urang Sunda] Re: [gankleboy] Manawi aya nu kagungan bongbolongan To: gankle...@yahoogroups.com, urangsunda@yahoogroups.com Date: Friday, 23 October, 2009, 9:56 Ari bau-bau na mah penipuan eta teh modus kitu tos seueur pisan. pami aya nu kitu, ku abdi mah dipiwarang weh ngirim heula, pami enya, engke ditransfer balik, tapi jigana mah moal aya hehe... cmiiw Dikdik On 10/23/09, Siddik Wiradireja cikund...@yahoo. com wrote: Para wargi, aya anu janten member di Tagged.com. ..? Kantos aya anu kenging hadiah ti Tagged.com.. ..? leres eta teh, atanapi tukang tipu...? da geuning basa pangangguran diwalesan e-mailna.. teras ngagiring urang ka Yorkshire Integraty Bank di London.. anu panungtunganana kedah nyetor heula artos anu jumlahna ..heuheuheu. ... cik a...kanu kantos kenging pangalaman.. .. alungkeun pangalamanana .. atanapi di japri oge sae.. hatur nuhun.. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda -- Sent from my mobile device Dikdik
[Urang Sunda] Manawi aya nu kagungan bongbolongan
Hatur nuhun neng eta oge diwaleran pedah we ti Tagged com, namina Bill Smith asa ku pamohalan.. ssw aya oge panipuan sepertos kitu...?, emmhhh...dunya... http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Mia pancaputr...@gmail.com muhun pih eta mah penipuan pami kenging hadiah mah langsung we atuh transfer ka rekening urang tanpa syarat nanaon komo kedah transfer heula mah, aneh heuheu nu rame di milis sanes mah, para istri kenalan sareng bule. bule na bade ka indo saurna, mendakan si istri tea...engkin si bule ngarang carita nembe dugi ka malaysia/singapur, kena masalah imigrasi, nyuhunkeun tulung di transfer artos... padahal mah nipu...karunya we istri nu katipu kitu..naudzubillah eh hapunten OOT :) Baktos, Mia Recent Activity 4 New MembersVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa
Leres..leugeut teh sami sareng Lem tina geutah kai biasana geutah tangkal kajujaran atanapi geutah tangkal teureup aya paripaos asihan sileugeut teureup.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Thu, 15/10/09, pampam.zhm gis_...@yahoo.com wrote: From: pampam.zhm gis_...@yahoo.com Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Thursday, 15 October, 2009, 3:48 PM Upami teu lepat mah leugeut teh sami sareng LEM. Kapungkur, nuju bolon keneh upami ngala manuk teh ku cara di leugeut. Tah eta hartosna leugeut sakaterang sim kuring mah, mung bilih lepat punten panglereskeun. Hatur nuhun. Baktos, Pampam Recent Activity 6 New MembersVisit Your Group Search Ads Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Find helpful tips for Moderators on the Yahoo! Groups team blog. Celebrity Parents Spotlight on Kids Hollywood families share stories .
Re: [Urang Sunda] Bah Ali ngantunkeun....(tambihan info)
ihhh...teu sawios-wios teu aya hapuntenkeuneunana nu puguh ma pribados neda dihapunten ... rumaos atah sasar.kirang emutan memoryna kantun sababarah ratus kilobyte deui...heuheueheu.. anu puguh mah pribados kasima ku Ali na teu sadar ku Bah na ma'lum tebih tisarakan... pihatur ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Eddy Nugraha ednugr...@yahoo.com Para wargi…hapunten abdi ngintun e-mail ngeunaan pupusna Bah Ali henteu lengkep…nu ngajantenkeun ‘ragu’/'tidak jelas' sapertos ka Mang Jamal sareng Apih Siddik (kawitna gaduh emutan nami Ali Sastramidjaya tos langkung dikenal ku sebatan Bah Ali)..sakali deui punten….abdi ngintun email jumaah..tgl 25 wengi…sateuacan dikurebkeun panginten. Kumargi kitu...ieu kasanggakeun wartos ‘rada lengkep’na ti media ….manawi wae/bilih aya nu peryogi..engke panginten kang Oca…tiasa masihan wartos nu langkung lengkep …baktos. -- Minggu, 27 September 2009 Ali Sastraamidjaja (74) Tokoh Kalender Sunda itu Telah Tiada CUACA cerah mengiringi tokoh Kala (Kalender) Sunda, Ali Sastraamidjaja (74), menuju tempat peristirahatannya yang terakhir. Abah Ali --demikian panggilan akrabnya-- dimakamkan di pemakaman keluarga, persis di depan rumahnya di Jln. Cidadap Girang No. 5 Kel. Ledeng, Kec. Cidadap, Kota Bandung, Sabtu (26/9). Sejumlah tokoh Sunda, di antaranya Ibu Otih, Acil Bimbo, Tedy Peradi, Roza Mintadireja, juga aktor Slamet Rahardjo Djarot beserta keluarga mengantar kepergian almarhum ke liang lahat. Tembang kidung Sunda yang dilantunkan Ibu Otih, menambah sunyi suasana di makam keluarga milik keluarga Abah Ali yang merupakan keturunan W.G. Jongklint Corink, seorang administratur teh Kertamanah (1904-1945). Abah Ali meninggal dunia di rumahnya, Jumat (25/9) pagi, akibat penyakit jantung yang dideritanya. Sampai akhir hayatnya, Abah Ali yang terus melakukan penelitian pada palintangan dan kalender Sunda, tidak pernah menikah. Menurut kerabat Abah Ali yang juga tim Kala Sunda, Roza Mintadiredja, penyakit yang diderita Abah Ali sudah lama. Bahkan pada H-3 sebelum Lebaran, Abah Ali mengalami sesak napas dan sempat dirawat di rumah sakit. Setelah kondisinya baik, kamudian Abah Ali dibawa ke rumahnya. Namun, pada Jumat kemarin, Abah dipanggil Yang Mahakuasa, ujarnya. Roza menyebutkan, kepergian Bah Ali terbilang mendadak. Pasalnya, tidak satu pun anggota keluarga yang mengetahui Abah Ali sudah meninggal dunia pada Jumat pagi. Abah Ali ditemukan dalam keadaan tak bernyawa oleh anggota keluarganya, Jumat pagi, ujarnya. Abah Ali banyak meninggalkan warisan bagi masyarakat Sunda, yakni palintangan dan kalender Sunda. Bahkan, Abah Ali telah membuat dan mencetak kalender Sunda untuk 350 tahun ke depan. Inilah yang menjadikan Bah Ali sangat dihormati para ahli astronomi dunia, ujarnya. Kepergian Bah Ali yang mendadak ini, jelas membuat banyak orang dan tokoh Sunda merasa kehilangan. Seperti Acil Bimbo. Menurut pentolan grup Bimbo ini, Abah Ali merupakan tokoh pejuang kebudayaan Sunda. Bah Ali-lah yang berhasil menemukan dan menggali kalender Sunda yang sudah lama hilang, ujarnya. Sayang, ungkap Acil, apa yang telah diangkat dan ditemukan Abah Ali tidak mendapat perhatian dan penghargaan dari masyarakat Sunda itu sendiri, termasuk para pejabatnya. Kalender Sunda ini sangat dihargai masyarakat internasional, terutama oleh para ahli astronomi dunia. Tapi kenapa di negerinya sendiri tidak mendapat perhatian. Terbukti tidak ada pejabat yang datang pada pemakaman tokoh kalender Sunda tersebut, paparnya. Sementara itu, Slamet Raharjo Djarot menyebutkan, meninggalnya Bah Ali membuat kebudayaan Sunda menjadi pincang. (kiki kurnia/GM) ** http://www.klikgala media.com/ indexnews. php?wartakode= 20090927121523 idkolom=tatarban dung Recent Activity 3 New Members 1 New FilesVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
[Urang Sunda] Bah Ali ngantunkeun
ke ke ke..maksadna Bah Ali teh : Pa Ali Sadikin (Bang Ali).? Innna lillahi wa inna ilaihi rojiun, asal ti Allah mulih deuin ka Allah Mugi Allah taala nampi sareng nempatkeun arwah almarhum di tempat anu utami, nampi sadaya amal kasaeanana, ngahapunten sadaya kalepatan sareng kakhilapanana maparinan caang qubur.. atuh para kulawargina dipaparin kaihklasan ku ngantunkeunana pa Ali. Nya kitu deui mugi Allah, maparin gegentos tokoh ti Sunda anu langkung sagalana ti almarhum, Ami.. yarobbal alamiinn... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda oman abdurahman omana...@gmail.com Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un...ngiring belasungkawa anu saageung-ageungna kalayan mung tiasa ngiring ngadu'akeun kasaean kanggo almarhum. Ka anu dikantunkeun, kulawarga oge para kanca sadaya anu kailangan ku anjeunna pamugi aya dina sabar tawakal. manar Eddy Nugraha ednugr...@yahoo. com Ngiring bela sungkawa .mung du'a sareng pangajen nu tiasa didugikeun.. .Urang sunda tos dikantunkeun ku salah sawios seuweuna nu heman ka kasundaanana. Mulai chatting dengan teman di Yahoo! Pingbox baru sekarang!! Membuat tempat chat pribadi di blog Anda sekarang sangatlah mudah. http://id.messenger .yahoo.com/ pingbox/ of Use | Unsubscribe Recent Activity 4 New MembersVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
Re: [Urang Sunda] Bah Ali ngantunkeun
Harrr.upami kitu : Bah Ali anu mana...? punten yeuh poekkeun.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mj ja...@itenas.ac.id Apih, bang ali sadikin gubernur dki pangtopna pupusna taun kamari, 20 mei 2008 di rs singapura Recent Activity 5 New MembersVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
Re: [Urang Sunda] Bah Ali ngantunkeun
Punten atuh..nya eta kamari teh, bade mairan asa-asa mandeg mayong.. raraosan mah pa Ali Sadikin parantos ngantunkeun. namung upami du'a mah sami wae da sami-sami inohong dina widangna... ssw hatur nuhun mang J. sareng cep Reka http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mj ja...@itenas.ac.id Sanes apih. Ieu mah bah ali, nu ngetang sistem penanggalan sunda nu teras ngadamel kalender sunda tea. Punten upami sanes bah ali ieu. Ali sadikin mah tara disebat bah ali, bang ali biasana hehe Recent Activity 5 New MembersVisit Your Group Search Ads Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Weight Management Group on Yahoo! Groups Join the challenge and lose weight. Yahoo! Groups Mental Health Zone Find support for Mental illnesses .
[Urang Sunda] Wilujeng Boboran Siam
Assalamualaikum wr. wb. Para wargi sadaya, reh boboran siam 1430 H parantos nampeu. Sim abdi sakulawargi, ngahaturkeun WILUJENG BOBORAN SIAM 1430 H neda dihapunten samudaya kelelepatan, anu ageung nu alitna, nu karaos sareng nu teu karaosna, mugi para wargi sadaya kersa ngahapunten tilahir dumugi ka bathinna. Sawangsulna, bilih bae aya kalepatan para wargi ka sim abdi , insya Allah sim abdi ngahapunten pisan lahir bathinna, estu teu aya gantar kakaitan, balumbang timur caang bulan opat welas. Salajengna, mugi Allah SWT. nampi ibadah shaum urang, kalayan maparin kesempetan kanggo ngajalankeun ibadah shaum kapayunna. Amiiinnn..ya robbal alamii.. pihatur, ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
[Urang Sunda] Wilujeng Shaum...
Para wargi, rehna sasih Ramadhan kantun puluhan jam deui, sim abdi neda dihapunten samudaya kelepatan, anu karaos sareng nu teu karaosna, ti dunya dumugi kaakherat. Wilujeng ngalakonan ibadah shaum, mugi urang sadaya ditebihkeun tina sadaya gogoda sareng halangan dina ngalakonan ibadah shaum ieu. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Hartosna naon ?
opiq_benteng o...@lge.com Ngiring naros akang akang... teteh teteh pami hartina tina kata ieu mun basa Indonesia naonnya... Mangkaning = asal kecap mangka...(bhs. Indonesia : maka) Mangka = 1. Kudu, sing/masing, 2. Matak kecap tina mangka mangkade tina mangka hade (bhs. Indonesia : awas/hati-hati) Sangkilang = pasangka/sanajan/najan (bhs. Indonesia : walaupun) Parangsana = (ieu mah basa wewengkon) manawi teu lepat hartosna disangkana/sangkana (bhs. Indonesia : menyangka) Uyuhan = teu nyangka/teu disangka( bhs. Indonesia : tidak disangka-sangka_ Hatur nuhun Sakitu manawi kaanggo(sabagean tina Kamus Basa Sunda yasana R.A. Danasubrata). ssw Recent Activity 7 New MembersVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
Re: [Urang Sunda] Uwung ....
Innalillahi wa inna ilaihi rojiun... Amiiinnn..ya robbal alamiin..kanggo do'ana... ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Mon, 27/7/09, subur natapradja eagle7...@yahoo.com wrote: From: subur natapradja eagle7...@yahoo.com Subject: Re: [Urang Sunda] Uwung To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, 27 July, 2009, 1:12 PM Innalillahi wa'inna ilaihi roji'un. Ngiring bela sungkawa, mugia di tampi iman -islam na ku Allah swt, sareng di hapunten sagala rupi kakirangan2 nana, atuh ka kulawargi anu di kantunkeun, mugia sing kiat sareng ikhlas, sareng janten pangemut kalbu, yen urang ge bakalan nyusul, amiin yaa robbal ' alamiin. From: waluya2006 waluya2...@yahoo. co.id To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Monday, 27 July, 2009 1:25:48 PM Subject: [Urang Sunda] Uwung Sabulan katukang kuring ngadadak ka Sumedang, dibejaan aya kapapatenan, pamajikan lanceuk misan ngantunkeun. Kulantaran teu nyaho dimana layonna rek dikurebkeun, di perjalanan kuring nelepon heula ka adi Kuring, Uwung, waktu geus deukeut ka lembur. Eta mah Adi nembalanana teh ku basa Sunda lemes pisan, teu saperti biasana, kumaha we ngobrol lanceuk jeung adi. Tepi ku kuring teh satengah disentak: Ari maneh, nyarita teh siga jeung saha wae! Manehna ukur ngaheheh. Waktu tepi ka tempat kapapatenan Adi kuring teh langsung ngajemput kuring, terus nyenyekel leungeun, omongna teh: Hayu layonna di Masjid, tapi ulah langsung ka jero masjid, kudu sasalaman jeung nu ngariung diluar. Loba dulur nu teu wawuheun jeung Entang mah, komo nu ngarora mah. Sabenerna mah kalakuanana teh teu biasa kitu, tapi kuring teh nurut we diwanoh-wanohkeun kanu ngagimbung, bari nyebut tah ieu lanceuk Bi/ Ua Uwung. Heueuh da enya loba nu teu wawuh jeung kapialo jeung batur salembur nu sakitu lobana teh. Jero hate, meureun adi teh agul, lanceukna teh dua urang, lain saurang. Malem minggu kamari, di imah di Bandung, sabudeureun jam satu peuting, kuring masih nonton TV, telepon imah disada. Rada ngagebeg ari telepon tengah peuting teh, sok sieun aya beja nu teu diharepkeun. Hallo?, ceuk kuring teh bari pinuh tanda tanya Ieu Uag, Ua Entang, Uwung stroke, ayeuna di ICU, ti beulah ditu ngajawab, sorana peura, tapi kuring apal ieu sora Uag, salaki Adi. Kuring ngaranjug kaget,rampang- reumpeung telepon teu dijawab kalahka ditutupkeun. Kuring ngaguyah-guyah pamajikan dibejaan bari diajak ka Sumedang harita keneh. Kabeneran si Cikal datang tas ulin malem mingguan, langsung diajak. Tapi hate masih saeutik tenang, aya harepan Adi teh teu parah. Jam 3 subuh leuwih saeutik, kuring tepi ka Sumedang, langsung ngajugjug RSU Sumedang, tapi jadi bingung da geus teu apal deui. Nya nelepon ka HP salaki Adi. Salaki Adi ngajawab: di RS Pakuwon, lurus, koma! Meg teh kana hate, kuring ngomong halon ka pamajikan: Koma, Mamah, papah bisa kaleungitan adi Tepi ka tempat parkir RS Pakuwon, kapaksa tatanya kanu jaga heula da teu apal, ditunjukkeun pantona. Can ge asup kanu panto, kareungeu sora nu ceurik. Suku kuring jadi leuleus, pamajikan kuring satengah nuntun asup ka jero. DI jero katempo pamajikan lanceuk keur ceurik paungku-ungku jeung minantu Adi, si Gugun anak bungsu ki Adi gagauran. Nu tenang teh ngan ki lanceuk jeung salaki Adi. Adi teh geus teu aya. Kuring, nu ti baheula oge pang epes meerna, geus teu bisa nahan deui, ngilu inghak-inghakan. Teu puguh cabak. Ngupahan si Gungun, padahal kuring oge upahaneun batur. Pamajikan surti, nuntun kuring kaluar, dititah diuk bari mere nginum. Geus hate rada tenang, kuring balik deui ka kamar. Si Gugun masih auk-aukan, ayeuna pamajikan kuring oge jadi ngiluan. Ku perawat dibejaan: Atos-atos hawatos, ke urang tutup pameunteuna Kuring neuteup Adi kuring bari nyurulung cipanon, Adi teh siga keur sare tibra pisan jeung katempona teh mani asa geulis pisan. Si Gugun nu masih inghak-inghakan oge kitu, manehna narik leungeun bapana: Papah, tingali si Mamah mani geulis kieu! Baktos, ENTANG [Nenehna kuring keur budak] Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how.
Re: [Urang Sunda] Korut: Awewe teu meunang make calana panjang!
ihh..da erokna istri-istri di Korut mah lalaer...dugika tengah bitis naek angkot naek beus oge moal aya anu ngaburinyay... heuheuheu.. memang upami kaleresan ninggal dina TV seoul nyiarkeun kaayaan di Korea kaler isteri-isteri urang dinya mah erokna lalaer dugika tengah bitis atuh pannangan blousena saluhureun siku (upami usum panas), atanapi dugika tungtung dampal leungeun upami usum semi atanapi gugur/rontok komo upami usum tiris mah ...dibaguded badanna ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Panzi ken...@ipms.co.id mun ieu diberlakukeun di bandung... motor rek diampihkeun aa... rek ngahaja naek angkot uing mah... :D -nzi- Awewe di Korea Utara ku nagara/ pamarentah teu meunang make calana panjang, kudu make erok. Ieu salah sahiji conto nagara represip/ diktaktor, ka pakean-pakean wae kudu diatur-atur ku nagara Terms of Use | Unsubscribe Recent Activity 6 New MembersVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
Re: [Urang Sunda] nyaba ka balikpapan aka tumbilaloka
Wijujeng mang J.. mugi sing lungsur-langsar diperjalanana, dugika mulih deui ka Bandung, Utamina wilujeng kanu bade jatukrami, oge sing lungsur-langsar dina wkatosna mugi kahontal tujuan pernikahanana, salawasna aya dina pangtayungan Allah SWT. Aminnn... yarobbal alamiin.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Wed, 17/6/09, mangjamal mangja...@yahoo.com wrote: From: mangjamal mangja...@yahoo.com Subject: [Urang Sunda] nyaba ka balikpapan aka tumbilaloka To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Wednesday, 17 June, 2009, 2:21 PM isuk beurang,Kemis 18 juni, si kuring sakulawarga, baris ngapung ka balikpapan. di CGK make Batavia Air. dina raraga ngareuah-reuah kawinan si bungsu andiw tea. di balikpapan nepi ka senen 21 juni. rada wajib milu da dina ieu aya, jadi kepala suku gunugcupu. kepala rombongan kitu. rombongan gunungcupu ciamis bandung dibagi tilu kloter. kamari kloter kahiji, pun biang jeung pun bapa oge si panganten the last mohican. isuk kemis isuk-isuk, pangais bungsu, pangais si andiw jeung kulawargana, kana Air Asia. asalna si kuring hayang naek Air Mancur, tapi teu aya cenah. aya ge Air Asia. cenah pihak ditu rek nanggap wayang malem senenna. di jl straat 1 ((DI Panjaitan nomer 3 Balikpapan). dalangna Ki Manteb Sudharsono. lalakona cenah mah Parto Kromo. mun basa inggris mah the Wedding of Arjun. sugan teh Parto pelawak, sihoreng eta teh Carita Arjuna kawin. padahal andiw mah bungsu. kuduna Sadewa kromo. kanu di Balikpapan, nuhun upami tiasa sumping.hp si kuring, 0811245487 ka nu di bandung, nitip bandung nya. haha.
Re: [Urang Sunda] Siti Hajar urang Garut
Punteng ngiring mairan..(dipilih anu terangna wae khusus anu ka Korea) diserat warna bulao. oman abdurahman omana...@gmail.com Baraya, Poe kamari Siti Hajar, TKW asal Garut anu keur nandangan sangsara di diteukteuk Mataholang pasoalan TKW asa gampang diringkelkeun, sok sanajan hese prak-prakanana mah, sabab merlukeun tekad jeung prak-prakan Pamarentah anu jujur, soson-soson, jeung niat nyieun bangsana cerdas, raharja jeung nyangking kaadilan sosial sakumaha dina bubuka UUD 45. Kahareup, kahayang mah urusan TKW/TKI ieu nyoko kana prinsip-prinsi dasar kieu: 1) TKW jeung TKI mutlak kudu diurus ku Pamarentah langsung, teu meunang aya hiji oge hal anu diurus ku swasta; Khusus anu ka Korea parantos dicepeng BNP2TKI. 2) kudu aya peningkatan kamampuan (skill) TKW/TKI supaya nilaina naek, Parantos aya (seueur) Pusat Pelatihan calon TKI 3) sabisa-bisa digawena ulah jadi babu (pakait jeung prinsip anu kadua); Khusus anu ka Korea seuseueurna TKI damel di pabrik-pabrik, aya oge anu damel dina widang perikanan, pertanian sareng peternakan 4) Pamarentah kudu mempermudah urusan anu diperlukeun ku TKW/TKI (ijin, paspor, visa, jst) sabab aranjeunna teh apan engkena penghasil devisa, jeung Duka nu ieu mah 5) Pamarentah kudu ngajamin kasalametan para TKW/TKI ti mimiti indit, salila di nagara tujuan, nepi ka baralik deui ka lemah cai (upamana, di bandara ulah nepi siga di leuweung gerot, sieun diudag-udag ku para preman, ditipu jasa angkutan, jst, kudu inget, para TKW khususna eta kaum isteri anu sakuduna dihormat, komo aranjeunna teh penghasil devisa, lain diingkeun siga sato pamoroan) . Khusus di bandara Cengkareng tingawitan taun 2007 (upami teu lepat) terminal khusus kanggo TKI parantos teu aya, TKI sa terminal sareng panumpang sanesna. Gurat badag lengkah-lengkah tina prinsip-prinsip di luhur, anu kabayang ku kuring ayena sarupa kieu: 1) Pamarentah ngaliwatan Departemen Luar Negeri nyieun hubungan jeung nagara tujuan bari ngumpulkeun informasi: kaperluan tanaga kerja ti nagara-nagara deungeun teh naon wae jenis jeung jumlahna, skill dasar naon anu diperlukeun, jst. Khusus ka Korea BNP2TKI parantos gawe bareng HRD (Human Resources Development) Korea, sapertos anu dimaksad, sanes Dep. Luar Negeri 2) Pamarentah ngumpulkeun informasi aya sabaraha TKW jeung TKI anu pantes jeung nyumponan prasyarat dasar pikeun eta kaperluan TKW/TKI. Laju, diayakeun seleksi penerimaan calon TKW/TKI Khusus ka Korea parantos dijalankeun ku BNP2TKI 3) Pamarentah ngayakeun pelatihan haratis atawa paling luhur dibayar di tukang sanggeus para TKW/TKI meunang gajih atawa upah. Kurikulum pelatihan diluyukeun jeung kaperluan nagara tujuan oge jeung kamampu dasar calon TKW/TKI; Aya alusna ti mimiti lengkah ieu, wakil2 ti nagara tujuan geus dilibetkeun, boh dina pendanaan atawa dina masalah pembiayaan; Parantos seueur Pusat-pusat Pelatihan calon TKI. 4) Lamun geus cocok antara calon majikan di nagara tujuan (ushaakeun majikan teh nyaeta pausahaan, lain rumah tangga) jeung calon TKW -na, boh syarat minimal kamampuan atawa gajih, para TKW/TKI teh diberangakatkeun ku Pamarentah. Paspor atawa visa haratis, ongkos ka nagara tujuan oge haratis, atawa dibayar ti tukang kalawan dicicil lamun para TKW/TKI geus meunang gajih. Khusus anu ka Korea, parantos diatur kalayan jelas dina SLC (Standard Labour Contrat) anu mana eta SLC diserat dina 3 atanapi 2 bahasa, bahasa Inggeris, Korea sareng bahasa Indonesia, kanggo kauninga dina taun 2008 standar gaji TKI nyaeta 3,750 won/jam, taun ayeuna(2009) 4,000 won/jam ( US$. 1.oo = 1,200 won, kirang langkung). Perkawis waragad kanggo janten TKI ka Korea parantos langkung mirah dibandingkeun sareng waktos diurus ku PJTKI. 5) Pamarentah boga wawakil khusus pikeun ngurus para TKW/TKI di satiap nagara anu jadi tujuan para TKW/TKI. Ieu fungsi perwakilan teh pikeun tempat ngadu para TKW/TKI dimana meunang pasoalan, keur ngurus gajih, jeung naon rupa masalah anu pakait jeung nasib TKW/TKI. Ulah aya deui kajadian TKW/TKI sosoranganan nyanghareupan majikan atawa Pamarentah nagara pangumbaraanana. Sagala rupa urusan TKW/TKI jeung pihak majikan/nagara majikan kudu diwakilan ku ieu wawakil ti Pamarentah. Tanggungjawab ieu wawakil Pamarentah teh nepi ka para TKW/TKI marulang deui ka imahna masing-masing kalawan salamet. Khusus di Korea dina waktos ayeuna upami perkawis aya masalah sareng pihak dunungan, masih seueur anu diurus ku KBRI, waktos masih diurus ku PJTKI, tiap PJTKI anu ngintun TKI ka Korea garaduheun kantor wawakilna di Korea. Janten KBRI Seoul, sering pisan ngurus masalah TKI, ti ngawitan perkawis gaji, lembur, pacogregan sareng pihak pausahaan, gering, maot, kacilakaan gelut, tawuran papada TKI atanapi sareng TKA tinagara sanes, sareng sajabina. Sok sanaos, diunggal daerah pihak HRD Korea tos muka kantor-kantorna kanggo ngalereskeun eta masalah. Sakitu heula, mangga diantos sumbang pamadegan ti baraya sadaya, kaasup, upama bade aya perhatosan ka Siti
Re: [Urang Sunda] warta duka cita
Innaalillaahi wainna ilaihi rojiun... Asal ti Allah mulih deui ka Allah. Amii ya robbal alamiin ...kanggo do'ana Ngiring prihatin. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Dikdik d.kur...@gmail.com Innaalillaahi wainnailaihi rooji'uun... parantos mulih ka Rahmatullah, bapa mertua kang Deny Suwarja dinten ieu tabuh 10.59 WIB di cibatu, garut mugia nu ngantunkeun ditampi sadaya iman islam na, dihapunten tur dihapus sadaya kasalahan tur dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, tur digampangkeun hisabna. mugia nu dikantunkeun dipaparinan kasabaran tur tiasa manjangkeun sagala amal-amalan sae nu dilakonan ku mantenna. amin... mangga nu aya waktos tur kasempetan bilih bade ngalayad mah *padahal karek poe minggu kamari pendak sareng Buya teh... Wilujeng angkat Buya... -- Dikdik Recent Activity 18 New Members 1 New FilesVisit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. .
Re: Bls: [Urang Sunda] Re: papasangan
ihhhcewe sege ssw hari geneee..pakai matere pakai segel dong.. http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Tue, 19/5/09, Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id wrote: From: Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: papasangan To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Tuesday, 19 May, 2009, 8:57 AM Leres, ahirna mah mentingkeun bisnis, tujuan awal sok kaluli-luli Nuhun ari damang mah, ku Aki dido'akeun sing mulus rahayu, berekah salamet, jauh balai, parek rejeki. Ulah bosen nanjeurkeun pamor Ki Sunda !! Wasalam Aki --- Pada Sen, 18/5/09, Roro Rohmah Roro.Rohmah@ Sidola.com menulis: Dari: Roro Rohmah Roro.Rohmah@ Sidola.com Topik: [Urang Sunda] Re: papasangan Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com Tanggal: Senin, 18 Mei, 2009, 3:58 AM Aeh, haturan Ki… Alhamdulillah, nuju damang Ki.. Nya kitu we Ki… abdi teh “pemerhati” acara tipi, sok manghawatoskeun, ntos garagah ngaranggo acuk tangtara, tapi kalahka garumeulis…yyy… adaw! yey, jangan gitcu dong…hiihi…langkung- langkung ti istri… Padahal intina acara ieu teh pan ngauihkeun deui pasipatan lalaki nu sajati. ro2 ki_leu...@yahoo. co.id 05/17/09 08:42PM Hehehehe, kutan teh kitu, Neng Roro? Kumaha damang? --- Pada Sel, 12/5/09, Roro Rohmah Roro.Rohmah@ Sidola.com menulis: Dari: Roro Rohmah Roro.Rohmah@ Sidola.com Topik: Re: [Urang Sunda] papasangan Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com Tanggal: Selasa, 12 Mei, 2009, 1:04 AM Ngiringan ah... meungpeung enjing keneh, etang-etang mumuluk heheheh... Kang Adit, pan Uwa mah, sok disebat Uwa Istri sareng Uwa Pameget tea... Kang Ndud, moal nya ari kudu di-Ctrl-Alt- Del mah? teunteuingeun. .. Pan ayeuna nuju usum di Global TV aya B-a-Man (Bi Emen, istrina Mang Emen hihiiiw). Salian ti bodor, sae ieu acara teh ngumahakeun carana supados eta para bences teh janten lalaki nu sajati, tapi aya hanjakalna kalahka dijadikeun bahan objekeun kabencesanana. ro2 Selalu bisa chat di profil jaringan, blog, atau situs web pribadi! Yahoo! memungkinkan Anda selalu bisa chat melalui Pingbox. Coba!