[Urang Sunda] Copet!

2007-09-07 Terurut Topik Roro Rohmah
Kang Kumi  baraya, abdi gaduh dongeng deui tah...

Inget kénéh, harita taun 1999 kuring diondang ku babaturan sapakulian, nu jatuk 
rami meunangkeun batur sapakulian deui (batur sakantor). Rencanana kuring 
datang jeung batur awéwé. Keur ngajugjug gedong nu dipaké hajat, kuring naék 
mobil um-um jurusan  Kebon Kalapa, nu bakal disambung kana angkot jurusan 
Sederhana-Buah Batu.

Sakumaha ilaharna jelema nu rék ka ondangan, kuring dangdan rada béda ti 
sasari. Harita kuring maké anderok tina bahan sifon modél payung, kelirna jiga 
kulit maung (mun jaman ayeuna bisa disangka anggota Trio Macan héhéh*). 
Kaluhurna baju tangan panjang kelir kopi, sapatu jangkung kelir bodas sahéab 
(broken white téa*.) Teu tinggaleun tas leutik nu eusina lokét, tisu, jeung 
lipensetip. Talina panjang disoléndangkeun dina taktak.

Saacan indit, kuring mamantes manéh dina kaca bari pupurilitan bisi anderok 
atawa baju kuring aya nu nyingsat. Sanggeus karasa rapih, kuring amitan ka 
indung kuring. Clengok sun pipi kénca jeung katuhu bari ngomong,Mah, badé 
angkat heula, Assalamu'alaikum*. Indung kuring imut bari 
ngaheureuyan,Wa'alaikumsalam, kadé oléh-oléhna tong poho* Kuring 
ngadilak,Masina jaman kapungkur, tos tinu hajat téh nyandak bésék atanapi 
rinjing, aya ulén, cau, opak sareng ranginang*héhéh* Indung kuring ngan saukur 
imut,Nyaklah, sing ati-ati wé*angger manéh mah, éta kantong tong 
dikatukangkeun bisi aya nu nyopet!

Nepi ka tempat paragi jangjian jeung batur kuring, kasampak manéhna keur 
nyengir bari nutupan beungeutna, sieuneun ku panas panon poé. Sapaparat jalan 
kuring jeung babaturan galécok ngobrolkeun sagala rupa*.

Kurang leuwih sajaman, kuring  babaturan nepi ka Parapatan Ijan. Jrut, 
tarurun. Tidinya kudu leumpang sakeudeung keur ngajugjug Kebon Kalapa, da 
angkotna teu bisa langsung. Salila leumpang, kuring ngarasa yén kantong kuring 
nu tadina dikahareupkeun jadi aya di tukang.Baé ah, moal nanaon sugan* 
gerentes kuring jero haté, bari ningalian sakurilingna*.

Nepi ka paparapatan kebon Kalapa, angger kuring  babaturan galécok bari 
seuseurian. Tapi, rarasaan kuring asa aya nu nuturkeun ti tukang, deukeut pisan 
ampir antel kana tonggong*. Ké*ké*naha kantong kuring asa jadi hampang?! Wah, 
jigana aya nu nyopét ieu mah! Bener teu nya, nu ditukangeun kuring copétna?!! 
haté kuring ngarakacak. Ah, laa haolaa* Gusti Nu Agung, hapunten abdi pami 
lepat! 

Teu antaparah, dina itungan detik, kuring langsung malik ka tukang bari 
leungeun ngarawél kerah baju lalaki tukangeun kuring! Bari ambek kuring 
ngomong,Balikeun lokét kuring! Mun hanteu, rék ngajorowok satarikna!!!. Teu 
nyangka meureun kuring bakalan kitu, copétna arap ap-eureup eup* 
M*mangga*mangga* bari ngasongkeun lokét kuring. 
Alhamdulillah, nuhun Gusti! Lokét kuring bisa balik deui*

Batur kuring ngan saukur colohok*Ari manéh wawanianan ngalawan copét! Kumaha 
mun ditukangeun téh bari jeung nodongkeun péso atawa péstol! Baroraah manéhna 
najan kuring ogé teu ngarti, naha bisa wanian kitu nya? Kuring ngan bisa 
leuleus. Reuwas kareureuhnakeun.

ro2


CThu Sep 6, 2007 6:40 pm kumincir [EMAIL PROTECTED] 

Re: [Urang Sunda] ANEH 

Cara kitu mah tos teu aheng, Ceu Roro... Kaalaman ku sababaraha urang kawawuhan 
di Bogor  Jakarta...


[Urang Sunda] copet!

2006-04-16 Terurut Topik :::dh:::



dinagri manehindonek! nu artisna resep pisan bule. aya copet dompet lolos tina hukuman gara-gara nu maling domba can dihukum!!-- Lang lang ling linghttp://deha.wordpress.com
http://dudiherlianto.multiply.com/photos/ 






Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id






  




  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









Re: [Urang Sunda] copet dina angkot

2005-09-14 Terurut Topik syam ridwan
Sugan teh ari di Bandung mah tara aya copet, eta we basa naek beus ti leuwi
panjang kadago, aya ibu-ibu make perhiasan mani reunceum,ih kalem we, 
tapi ketah boa2 siibu teh keur jadi padagang emas asongan. 
Enya sugan teh dina ayana ge copet di Bandung sok barebeja heula 
 Punten abdi bade nyopet diieu angkot kenging teu ? he he.
SR

- Original Message - 
From: Mpup [EMAIL PROTECTED]
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, September 14, 2005 10:34 AM
Subject: [Urang Sunda] copet dina angkot


 Nepi ka imah, hah-heh-hoh.. ngoprot kesang balas leumpang bari
 kareureuwasan.. Mun teu buru-buru turun sieun si budak awewe turun di
 Unpad, tuluy engkena uing jeung pun biang nu jadi sasaran ditodong..
 Naudzubillahhimindzalik..

 ~ipup~



 Yahoo! Groups Sponsor ~-- 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
~- 

Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Re: [Urang Sunda] copet dina angkot

2005-09-14 Terurut Topik iva wanti



Sami we kang di bandung ge seueur nu namina tukang copet mah. Malah saurna mah dugika tos kaorganisir sagala. Geus beunang teh, nya kitu tea gampang kaluar deui.
Teh pup, alhamdulillah teu kunanaon. Teu dina angkot teu keur jalan, kudu ati2 ayeuna mah,kudu bari luak lieuk. Ngan kade tong nyirikeun teuing bisi urang nu disangka copetnahehehe.Abdi ge pami naek angkot, komo tos wengi, ari nu naekpameget sadayana kajeun turun deui dimana we. Teras milih we nu kira2 "piamaneun".

Salam,
Neng Ivasyam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Sugan teh ari di Bandung mah tara aya copet, eta we basa naek beus ti leuwipanjang kadago, aya ibu-ibu make perhiasan mani reunceum,ih kalem we, tapi ketah boa2 siibu teh keur jadi padagang emas asongan. Enya sugan teh dina ayana ge copet di Bandung sok barebeja heula " Punten abdi bade nyopet diieu angkot kenging teu ?" he he.SR- Original Message - From: "Mpup" [EMAIL PROTECTED]To: urangsunda@yahoogroups.comSent: Wednesday, September 14, 2005 10:34 AMSubject: [Urang Sunda] copet dina angkot Nepi ka imah, hah-heh-hoh.. ngoprot kesang balas leumpang bari kareureuwasan.. Mun teu buru-buru turun sieun si budak awewe turun di Unpad, tuluy engkena uing jeung pun biang nu jadi sasaran ditodong.. Naudzubillahhimindzalik.. ~ipup~Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
		Yahoo! for Good 
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort. 






Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id






  




  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









Re: [Urang Sunda] copet dina angkot

2005-09-14 Terurut Topik kumincir



Kuring didongengan ku babaturan nu urang Bandung, basa manehna keur kuliah keneh. Kieu dongengna teh, hehe...

Si babaturan (awewe) keur naraek beus kota Bandung jeung sababaraha
urang baladna (aya lalaki hiji). Si nu lalaki tea ngakod kantong akod
leutik, diakod ka tukang. Pas keur aranteng kitu, ujug2 crang-cring
sora duit receh maluragan dina jero beus. Si lalaki tea rungah-ringeuh,
ret ka handap bet duit receh maluragan tina kantongna nu diakod tea.
Nyaho yen nu maluragan teh duitna, geuwat manehna dongko mulungan duit
tea. Ari sakadang copet (kantong teh disilet), teuing ku naon, kalah
ngajengjen. Kacerek deleg, pada marelongkeun ku para panumpang, nepi ka
ditewakna teu walakaya. Kasima ku duit receh, hehe...
jk
On 9/14/05, syam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Sugan teh ari di Bandung mah tara aya copet, eta we basa naek beus ti leuwipanjang kadago, aya ibu-ibu make perhiasan mani reunceum,ih kalem we,tapi ketah boa2 siibu teh keur jadi padagang emas asongan.Enya sugan teh dina ayana ge copet di Bandung sok barebeja heula
 Punten abdi bade nyopet diieu angkot kenging teu ? he he.






Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id









  
  
SPONSORED LINKS
  
  
  

Corporate culture
  
  
Business culture of china
  
  
Organizational culture
  
  


Organizational culture change
  
  
Organizational culture assessment
  
  
Jewish culture
  
  

   
  







  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









[Urang Sunda] copet dina angkot

2005-09-13 Terurut Topik Mpup
Pasosore kira-kira jam 5an, jajap pun biang ka bumina lanceuk 
beuteung di Cikuda (beh ditueun Unpad). Pas geus adan magrib buru-
buru ngajak pun biang wangsul, da bisi poekeun manten. Niat rek solat 
magrib di rorompok bae. Nya megat angkot, angkot nu dipegat teu 
eureun, da cnah tuh aya angkot nu nungguan (si angkot nu nungguan teh 
mundur), da uing mah teu nyaho aya angkot eta.. Nya kapaksa naek 
angkot nu nungguan tea, angkot teh kosong, ngan uing jeung pun biang 
wungkul panumpangna. Uing diuk di deukeuteun panto (korsi nu keur 
5aneun, pun biang di korsi nu keur 7aneun tukangeun supir.
Kakara maju (lebat Sukawening), aya deui nu nyetop, budak awewe 
nyolendang kantong, nempo dedeganna mah jigana mahasiswi, diukna di 
korsi nu 7aneun tapi teu pas pojok, tukangeun budak awewe eta 
jandela.. Nya panumpang teh jadi 3an. Ari lebah SMP, aya nu nyetop, 
lalaki 4an, marawa kantong ransel tapi kacirina mah ranselna euweuh 
eusian. Ari eta lalaki diukna teu ngarendeng.. menclak-menclok, aya 
nu digigireun pun biang (hareupeun uing), aya nu juru gigireun budak 
awewe, aya nu gigireun uing tapi jauh beh ditu (pojok), jeung hiji 
deui diukna di korsi cadangan deukeut panto, nu nukangan supir. Dina 
leungeun kenca kabeh lalaki teh masing-masing nyekel duit Rp 1000,- 
tapi leungeun katuhuna arasup kana kantong, nu kaciri pisan mah nu 
diuk di korsi cadangan, jiga nu rek ngahalangan uing jeung pun biang. 
Ti saprak naraek ge, uing geus nempo galagatna nu hareupeun, jeung nu 
diuk na korsi cadangan, maranehna maen mata.. Ari pun biang mah hare-
hare teu apal nanaon, da ningalina teh ka supir we, nukangan si copet 
dihareupeun uing. Rumasa teu mawa nanaon, ngan ukur mawa duit 6500 
perak, na saku kenca 5000, na saku katuhu 1500 (ngahaja dipisahkeun 
nu 1500 mah keur mayar ongkos 2aneun), harita teu mawa hp, jeung teu 
make nanaon, ngan make teh cincin kawin uing nu dina lingkarang 
jerona aya ngaran salaki jeung ngaran uing. 
Geus inget ka Gusti Alloh jaba geus degdegan, anu pojok mimiti rek 
maok budak awewe eta, carana, leungeun kenca api-api rek mukakeun 
jandela, bari api-api hararese mukakeun jandelana teh, ari leungeun 
katuhu ngopepang kana kantong si budak awewe, salahna kantongna teh 
kalah disolendangkeun weh ditukangeun bujurna, pan kuduna ari diuk na 
angkot mah si kantong teh na lahunan urang. Uing geus rurat-reret 
kadinya, da geus curiga, nu hareupeun uing nyaho yen uing nempoeun 
aksi babaturanana, nya nu diuk dina korsi cadangan dititah pindah ka 
gigireun uing, carana ku maen mata tea. da kaciri ku uing oge. uing 
mah teu ngiser-ngiser, cicing we dideukeuteun panto. Si nu pindah ka 
gigireun uing teh langsung ngahalangan ku kantongna, meh uing teu 
bisa nempo nu keur mawa eusi kantong si budak awewe. Ti dinya uing 
geus beuki ratug. Si budak awewe hare-hare teu nyaho nanaon, geus 
ngaliwat ka nu rame, saacan Unpad, langsung uing ngagorowok KIRI!, 
ari pun biang nanya Naha bet eureun di dieu? uing ngajawab, Hayu 
enggal lungsur! ka pun biang teh. Keclik uing turun tina angkot, 
disusul ku pun biang, ari nu gigireun uing ge langsung turun sarua. 
Nu sejenna mah teu tarurun.. Bari leumpang tuluy, da sieun 
dituturkeun ku copet nu turun tea. Buru-buru we leumpang tuluy, bari 
nuyun pun biang. Daerah Unpad keur rame-ramena ari wayah kitu mah 
biasa. Bari leumpang, uing ngadongengkeun nu kaciri ku uing tadi dina 
angkot, jeung pangna uing turun didinya.. Pun biang ngadegdeg ari 
geus dicaritakeun mah.. Tuluynamah leumpang we tuluy, teu naek angkot 
deui ka rorompok teh, da sieun dituturkeun ku si copet nu turun tea. 
Teuing kumaha nasib si budak awewe nu dicopet teh, mani asa dosa teu 
ngabejaan si budak awewe eta
Nepi ka imah, hah-heh-hoh.. ngoprot kesang balas leumpang bari 
kareureuwasan.. Mun teu buru-buru turun sieun si budak awewe turun di 
Unpad, tuluy engkena uing jeung pun biang nu jadi sasaran ditodong.. 
Naudzubillahhimindzalik..

~ipup~




 Yahoo! Groups Sponsor ~-- 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
~- 

Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/