Assalamu'alaikum Wr. Wb.
 
Bade seja ngawartosan perkawis ngalegaan pabukon di Tatar Sunda khususna kanggo ngadegkeun pabukon di Bogor.
Tadi wengi simkuring nyobian ngasms ka anu bade ngelola eta pabukon nya eta Pak Tohawi anu dumukna di Desa Cibeuteung Muara, Ciseeng, Bogor. Diwalerna mah tadi siang sateu acan Jumatan. Anu intina mah anjeuna nyanggeman kanggo ngokolakeun pabukon tea. Anjeuna bingaheun pisan ngadangu bade aya nu kersa maparinan buku kanggo pabukon kanggo bacaeun barudak sakola anu aya di eta lemburna.
 
Di eta lokasi calon lokasi pabukon teh aya sababaraha sakola : hiji sakola SD, hiji madrasah, hiji sakola SMP sareng hiji PKBM "PELOPOR DESA" (Pusat kegiatan belajar Masyarakat), anu taun 2003 (pami teu lepat), PKBM ieu tos tiasa ngaluluskeun kirang langkung 30an siswa SD dugi ka SMP, sanaos kirang di ditu didieu dina tataran operasional na, he..he...(kaleresan harita simkuring ngiring ancag incigna).
Teras saur anjeuna oge kanggo lokasi/tempat pabukon mah atos aya/tiasa diusahakeun, da kaleresan saurna teh nuju dibangun kanggo naon kitu nya, pokokna eta bangunan teh tiasa dianggo kanggo pabukon, sareng kanggo lomari2 mah kaleresan pisan aya bantosan di Departemen Agama, kitu saurna teh. Pokona mah asa mobok cadas manggih gorowong lah. Sareng di eta desa teh mata pencaharaianana sadidinten teh rata2 patani, sareng tos aya hiji kelompok tani anu namina P4S KOPSES, tah ieu anu diangge ku simkuring kanggo alamat email simkuring anu [EMAIL PROTECTED]. Tah pami leres pabukon bade diadegkeun di ieu desa/lembur cocok oge buku2 perkawis pertanian.
 
Langsung wae nya, anjeuna nyarios yen pami leres bade aya pabukon eta, anjeuna masihan wartos yen buku2na kinten2a diperyogikeun teh mangrupikeun :
1. Buku2 sunda : Pami tiasa buku ieu diutamakeun buku2 pelajaran basa sunda kanggo kelas 1-6, anu diterbitkeun ku Yudistira (kaleresan di eta sakola/madrasah teh anu diangge teh buku terbitan Yudistira).
2. Buku2(pelajaran) kaislaman : Al Hadits, fiqih, sejarah kabudayaan islam, aqidah, ahlak, bahasa arab.
3. Buku naon wae oge mangga, he..he...

Panginten sakitu heula, insya Alloh abdi sakatiasa simkuring kanggo pabukon anu di Bogor wios simkuring anu ngoordinasikeunana, malihan kang Eko oge ngarojong pisan pami di Bogor aya pabukon teh.
Perkawis alamnta insya Alloh nyusul, margina aya di kosan simkuring, he..he..
Sareng penanggung jawab pengelolana teh Kang Tohawi Husnullah (Kepala Sekolah na Madrasah "....." naon nya namina hilap deui). Anjeuna ngahturkeun nuhun pisan, pami leres pabukon ieu tiasa ngadeg di desa anjeuna.
 
Tah kinten2na kumaha kanggo mang Jamal perkawis ieu teh? Diantos pisan waleranana.
 
Wasalam,

--
Runa Inawan
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke