Halal bihalal Kusnet geus lekasan, rame, hatur
nuhun ka panitia, hapunten ka peutingnakeun kuring teu tiasa ngiringan kusabab
pun anak ngajak ngendong di Cisarua, atuh pun bojo nuju rada hareeng, hapunten
pisan.
Samemeh acara kuring geus nganiatan rek jualan buku
Sunda, Alhamdulillah kalaksanakeun, harita kungsi kaluar ucap (malah dituliskeun
dina email ka Kusnet) yen kauntunganana keur Yayasan Perceka (YP)
Mawa buku teh rada loba aya kana 80 judulna, lain
buku nu kuring sorangan tapi meunang nyokot ti penerbit Kiblat, konsinyasi
tea.
Nu payu ngan 16 buku, campur antara karya MJ, 4S
jeung ti Kiblat...eh aya deui buku Kamus LBSS, Rusdi & Misnem (ieu mah
meunang itikurih kuring sorangan, Rusdi Misnem mah fotokopina ti Teh Mpup),
terus deui majalah Sunda Cupumanik.
Di jumlah jamleh kauntungan teh meunang 43.400
rupia, enya da teu gede nyokot kauntungan teh ngan 15%, Alhamdulillah sakitu ge
dadagangan teh geuning payu.
Poe ieu pabeubeurang geus balitungan jeung Kiblat,
buku sesa nu loba keneh geus dibalikeun atuh hasil penjualan geus disetor, poe
ieu kabeh geus lunas, eh aya keneh nu can lunas teh nyaeta hasil ngajual bukuna
karya Mang Jamal, Fetussaga 2, jeung Rakkaustarina 1 (Mang J engke balitunganana
nya..!)
Salila ngajual buku dina acara halal bi halal teh
aya salah saurang anggota Kusnet anu meuli buku pangheulana duit pamulanganana
disumbangkeun ka YP gedena Rp 150 rebu, atuh aya saurang deui pamulanganana anu
gedena 3 rebu rupia eta ge keur YP, jadi jumlah keur YP nyaeta 150 rebu + 3 rebu
+ 43.400 = 196.400,-
Kuring ngahaturkeun nuhun ka anu parantos nyumbang
kanggo YP (hapunten hilap deui saha nya...punten ngajapri we ka sim kuring
atanapi ka Mang Jamal kanggo tertib administrasi di YP)
Enya sakali deui mawa buku basa Sunda jeung
kasundaan teh rada loba, aya kana 80 judulna (140 buku), ngan hanjakal nu
payu ngan 16 buku (13 judul), enya buku teh rada teu payu, duka mahal
teuing duka teu narik ati, duka kunaon, tapi ieu kanyataan anu geus
prah, yen buku Sunda teh teu pati payu, ngan aya fenomena anyar dina mangsa
kiwari mun paguneman jeung balad balad tukang buku, boh di Palasari, Suci,
Cihapit, Dewi sartika atawa kolektor sejenna, cenah loba anu neangan buku
buku heubeul basa Sunda, atawa buku sejena ngeunaan Sunda, rek basa Walanda,
Indonesia atawa basa sejena.
Duka teuing ieu nu nareangan teh pedah kataji ku
kakunoanana (heubeul) keur bacaeun atawa keur jualeun deui ka kolektor, nu
nareangan teh lain wae bangsa urang dalah bangsa walanda ge aya.
Kungsi ngawangkong sakali jeung salah saurang
kolektor, ceuk inyana "kearifan lokal" teh kacida pikareueuseunana, ayana nya
dina buku heubeul, da buku nu anyar ge tetep we nyokotna tina buku nu heubeul,
kuring teu pati ngarti kamana loyogna eta pernyataan, duka teuing pedah loba
buku heubeul nu di citak ulang meureun.
Kuring boga pangalaman diudag udag kolektor buku,
pedah kuring boga buku karangan Alexandre Dumas anu judulna Hikayat Tiga Orang
Panglima Perang (basa Indonesia, ngan hanjakal euweuh katerangan saha anu
narjamahkeunana) citakan ka dua terbitan taun 1927, 5 jilid, kabeh aralus keneh,
mimitina inyana nanyakeun rek dijual moal, sabaraha, terus ngolo, terus
ngajak barter, ku kuring teu dibikeun da teu niat dijual, teu niat
barter.
Kituna teh lain sakali bae tapi meh unggal waktu,
kuring teu ngarti naha nepi kakitu naha pedah enya resep, atawa rek dijual deui
wallohualam, naha enya anu ngudag-ngudag buku heubeul teh tambah
loba..?
Keur kuring buku eta teh ngan ukur panineungan,
pedah dina waktu umur belasan taun kungsi maca, tapi ketah sanggeus aya nu
ngudag ngudag mah jadi tambah keur gengsi saeutik sabab cenah aya nu nyebut
kuring ge geus pantes disebut kolektor buku heubeul, ma enya kolektor teu boga
nu enya enya heubeul.
Ngan teu ngabibisani da kuring ge kungsi moro
buku History of Java, Rafles, ngan ieu mah nu dina basa Perancis terbit taun
1824 ( terjemahan buku munggaran dina basa sejen anu diterjemahkeun tina basa
Inggris anu terbit 1817), hanjakal kunu bogana teu dibikeun. Ayeuna ge keur
degdegan deui da aya nu ngajangjikeun rek aya buku ngeunaan Siliwangi/ Pajajaran
buku heubeul kandelna sakieu cenah bari metakeun aya kana 4 cm mah, buku kuno
cenah da titinggal akina ayana di ............moal ah moal disebutkeun bisi aya
nu miheulaan moro.
Sabenerna keur kuring mah nu diudag teh lain
heubeul henteuna, sanajan nu anyar terbit ge asal ngeunaan Sunda kahayang mah
dipiboga, eta buku teh rek dijejer-jejer di imah....tuh geuning buku Sunda teh
loba.....prak atuh geura baraca....!!!.
MSasmita
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|