poe saptu, gorowok babaturan nyalukan, "dud... dud..." teu wara
nembalan, da masih lulungu. biasa lamun poe pere teh sok maksakeun maneh
hudang beurang :D. dina gorowok ka dua kalina kakara nguniang hudang,
slot panto dibuka. si emeh geuning nu ngageroan teh, "tuh aya kiriman"
ceuk manehna. "oo heueuh, nuhun meh", cekeng.

amplop coklat teh ditempo, horeng ti bandung, kiriman cupumanik
munggaran, kakara ngalanggan. berewek, si amplop di soehkeun. breh,
munara hiji masigit, ngan masigitna mah teuing kamana. aya tulisan
"Urang Sunda di Aceh". geuning gambaran Aceh sabada Tsunami tea.

si majalah dibuka, prung dibaca. pogot pisan. komo dina palebah carponna
mah. di tungtung kaca, "rubrik" purnama alam, aya tulisan dijudulan
"Cinta Numutkeun Agama" meunang Asep Salahidin. aya kalimah "... Nu kitu
sarua jeung ngabustamkeun agama ..." maca kecap "ngabustamkeun" teh
ujug-ujug leunggg ka jaman baheula, basa keur leutik. enya kekecapan eta
teh harita mah masih sering kadenge. lamun aya babaturan nu omonganna
teu dipercaya, pok we ngaromong "ah bustam sia mah". ngan beuki gede,
kecap bustam beuki leungit tina ceuli kuring.

"bustam", ceuk rarasaan mah hartina teh "bohong", ngabustamkeun,
ngabohongkeun. ngan bisi salah, ceg kana kamus umum basa Sunda ti
Lembaga Basa & Sastra Sunda. kamus dikotektak sugan nimu harti kecap
"bustam". geuning euweuh!! bongan boga kamus teh ngan hiji-hijina nya
nepi ka ayeuna, harti "bustam" teh "bohong", keur saheulaanan.

sabenerna mah salila maca majalah cupumanik, loba kecap nu teu kaharti.
diantarana, "kapakan" nimu kecap ieu dina carpon "Lagu Laas nu Terus
Ngelentrung" meunang Eriyandi Budiman (kaca 9). conto kalimahna aya dina
sms nu katarima ku dody ti vera (tokoh dina eta carpon). kieu ceunah,
"Kang, abdi bade ka tsk minggon ieu. mnw rineh, bade nepangan akang.
peryogi pisan. abdi nuju kapakan, oge diancam. salam bkts. ..." nempo
deui sakadang kamus. kaunggel kieu:

kapak, 1. ngapak, nyorang barang at. mega dina ngobahkeun jangjang waktu
hiber" hayam ngapak popoean, kapal udara ngapak mega, 2. langlayangan
kapakan, langlayangan nu pegat talina tina leungeun.

meureun, harti kapakan dina carpon tadi, si vera keur leungiteun
cecekelan, ngulayab jiga langlayangan pegat talina.

"... geus apal ari soal kapakanna mah. enya, salakina milih bentang nu
lian...."
"...mimitina memang basa keur kapakan. ceunah aya nu nawaran (ekstasi),
lila-lila katagihan..."

masih dina carpon eta, aya kecap "dodolona". nimu dina kalimah, "apan
rea baturna deuih, utama nu sok ngalawak, katelah dodolona tah kana
narkoba teh." dina kamus sarua teu manggih hartina. ngan kuring boga
pipikiran, jigana cupumanik kurang hurup "g".  kecap "dodolona" maksudna
"dodologna". dolog ceuk kamus, haripeut kana panawaran batur, gancang
ngadahar barang pamere. meureun.

ah sakieu heula we, pangalaman kuring jeung cupumanik kuring nu
munggaran. teu rugi we lah pokona mah.  ngan aya hiji katugeunah, masih
loba salah citak.

pasti loba salah, hampura.

bakti kuring,

deha.

NB: Cupumanik, ngaran majalah sunda bulanan nu mimiti medal tahun 2003.
PU-na pa Ajip Rosidi kalayan pamred kang Hawe Setiawan.



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke