Assalamu'alaikum... Wilujeng sonten Akang sareng Teteh warga Babakan Kusnet.. Sim kuring dongkap deui yeuh... Aduuhh...punten upami perkenalan ti sim kuring kamari kirang lengkep. Manawi teh moal matak ngabingungkeun ka sadayana.
Urang uihan deui atuh nya perkenalannana. Leres naon nu disaurkeun ku Kang Tatan, sim kuring teh istri alias awewe. Lahir sareng digedekeun di Sumedang, di wewengkon Sumedang Selatan (caket SMPN 1 Sumedang, di palih kalereun alun-alun Sumedang), Diparengkeun ngajodo ka urang Batawi, Alhamdulillah tos gaduh bati hiji (lalaki umur 2 tahun). Ngumbara di Jepun ti sasih Maret 2002, pun anak ge lahirna di dieu, di Sapporo. Jentre panginten nya ayeuna mah jati diri sim kuring teh...he..he..he... Hatur nuhun kana pangbagea ti Akang sareng Teteh sadayana. Seueur batur salembur geuningan ieu teh... Kanggo Kang Sidik, hatur nuhun kana pangangkenna. Nu kantos kaalaman ku sim kuring mah, pami nuju usum salju teh mung dugi ka minus 12 derajat celcius. Eta ge tos tiris pisan Kang....matak hoream kaluar ti rorompok. Komo upami tos badai salju mah, teu tiasa ka mamana pisan. Cag ah dugi ka dieu heula, itu pun anak tos gegerewekan.... He..he..he.. maklum bari ngasuh ieu teh. Insya Allah sanes waktos ngadongeng deui. Wassalam, Gilang --- In [EMAIL PROTECTED], "R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wilujeng tepang mung punten bade tumaros ari Gilang Tresna teh xx > atanapi xy? Punten ieu teh sanes nyabit2 masalah gender - mung supados > jelas we... > > Rupina mah kedah dikelaripikasi, pedah tadi aya nu nganken Teh sareng > aya nu Akang? Maenya hermaprodit mah atuh... > > Punten nya... > > > > -----Original Message----- > From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: 16 Juli 2004 12:33 > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: Re: [UrangSunda] Re: Nepangkeun... > > Waalaikum salam .. > > Wilujeng tepang ka teh/neng Gilang, wilujeng sumping di babakan Kusnet, > mangga tong asa-asa didieu oge seueur wargi anu ti Sumedang. > Nepangkan oge sim abdi kawit ti Cianjur, ayeuna nuju ngabedug di > peuntaseun Hokkaido, mangga upami kaleresan tuang raka nuju libur > amengan bae kadieu, da kantun mentas..., ke kuabdi dipapag dipalabuhan > Sokcho. > Parantos lami di Hokkaidona..??, sanggem wartos upami usum tiris dugika > minus 20 darajat celsius, leres kitu ..?? > > Pihatur > SSW > > > gilang tresna [EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum... > > Wilujeng wengi ka sadayana... > Nepangkeun, sim kuring Gilang warga enggal di milis ieu. > Bibit buit asli ti Sumedang, mung ayeuna nuju ngumbara di Jepang, > nyarengan pun lanceuk nu nuju nyiar elmu di Hokkaido University. > Rupina sakitu heula ti sim kuring, Insya Allah sanes waktos > nepangan deui. > > Wassalam, > Gilang > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > > Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/