Aduh naon anu dipikasieun ku simkuring teh kajadian, nyaeta orang kafir sadareun yen salahsawios kakiatan pangageungna agama Islam INDONESIA nyaeta aya di etnis Sunda, ditingal tina sisi kuantitas/kualitas Islam sacara umum. Alesan abdi:
  1. Urang Sunda tos identik sareng Islam, sapertos urang Arab. Asa aneh di masyarakat sosial Sunda mun aya urang Sunda nu kafir. Jeung muga2 Alloh SWT ngajantenkeun kabeh urang Sunda sebage Muslim Sajati. Teu aya Sunda lamun teu Islam!
  2. Elmu2 kaIslaman di pasantren2 tatar Sunda kacida jerona, bahkan katingalna mah jauh langkung jero batan elmu kaIslaman anu diaji di negeri2 Arab, wallohu 'alam.
  3. Islam nu janten Budaya Sunda anu dipikacinta ku urang Sunda kuanjeun. Rasa ieu hese pisan dilawana. Urang kafir leuwih babari ngafirkeun etnis lain batan etnis Sunda ku alatan seukeutna rasa urang Sunda kana Islam. Silih asah, silih asih jeung silih asuh contona pas pisan jeung naon anu diajarkeun dina agama Islam, atuh ibarat baud asup kana emur nu pas ukuranana, nyakitu deui Budaya Sunda jeung Agama Islam.
  4. Kafirna urang Sunda seuseueurna ku alatan masalah ekonomi, lain ku masalah2 lainna. Lamun aya pamimpin anu adil di tatar Sunda anu ngalaksanakan syariah Zakat, Infaq jeung Sodagoh kalayan bener sasuai tuntunan Kangjeng Nabi, moal salah deui moal aya urang Sunda nu Kafir, lantaran ngan eta hungkul alatan urang Sunda kafir, seueueurna. Aya oge urang Sunda nu kawin ka urang kafir, tapi biasana kulawargana teh teu ngagem kaSundaan anu sae, teu gaduh tali rasa jeung karuhuna anu nyepeng pisan kana Agama Islam, sareng biasana jalma eta emang jalma2 teu bener (kaum marginal).
  5. Mun ningal tina seueurna tempat2 'keramat' Wali2 Alloh SWT di tatar Sunda, numutkeun abdi mah tatar Sunda teh salah sahiji puseur kawalian di Pulau Jawa anu tos lumangsung ratusan taun. Pikiran urang kafir, lamun puseurna geus tunduk mah tangtu nu laina mah babari pisan.
  6. Salami langkung ti 350 thn walanda aya di tatar Sunda, tapi mung hiji-dua-an wae urang Sunda nu kafir tina Puluhan Juta urang Sunda. Malah DI/TII teh pan muncul na teh di tatar Sunda.
  7. Etnis pang ageungna jumlah Muslim-na sa-Indonesia, malah meureun saalam dunya. Ieu mah urang kafir ge tos terangeun ayeuna mah!
kumargi sakitu, abdi sacara pribadi, kacida teu panujuna ku ayana website sunda.org, mugi urang Sunda sadayana tiasa ningal maksad2 sanes tina website eta, nyaeta niat dek ngafirkeun urang Sunda, nebihkeun urang Sunda tina budayana anu luhur pisan atikanana, anu teu aya nyandingna eta budaya anging sareng Islam ti Nu Maha Luhur.
 
Cobaning maenya website urang Sunda make bahasa Inggris, bahasa nu seueur dianggo ku urang kafir. Saena mah pan nganggo Basa Sunda anu dipikameumeut pisan ku kabeh urang Sunda.
 
Kitu ah numutkeun pribados mah, hapunten bilih aya kalepatan.
 
Wassalamu'alaikum wr wb,
Pun Ato
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, July 28, 2004 1:22 AM
 
Mendakan ieu alamat, tangtosna baraya nu sanes aya nu kantos ningali
 
 
Cik-cik kumaha komentarna.......
 
Cag.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke