Neng Ani sareng nu sanesna anu ngalaman kajadian teu ditampi ku 'camer' ti
lain urang Sunda pedah diri urang Sunda,
Hapunten pisan memang abdi ge ningal sareng nyakseni pisan eta 'fenomena'
teh. Anu kabandungan ku abdi mah salah sawios alesan aranjeuna teh nyaeta,
saurna ieu mah, istri urang Sunda teh 'malatre' cenah, sareng teu kiat
nandangan kasusah jeung lemah sifat satia ka nu jadi caroge jeung kurang
ngahargaan caroge dina kaayaan susah. Seueur kasus istri Sunda anu nikah
dimangsa si lalaki senang/ngora terus pirak dimangsa sabalikna. Eta kasus2
teh jadi sorotan bangsa sejen, nya nu akhirna janten 'image' anu awon pisan
ka istri2 Sunda.

Padahal sifat2 istri2 bangsa sejen ge teu leuwih hade....anu katingal ku
abdi oge...sarua we teu aralus teuing, aya nu jorok pisan kahirupanana, aya
nu heuras hate ciga batu karang, aya nu peditna kabinti-binti, malahan mah
pan urang kota mah, teu nengali bangsa naon...rata-rata matre!

Kumargi kitu teu aya deui jalan kanggo ngarobih eta 'image' lian ti ku urang
sarerea oge. Memang sesah nu namina ngajarkeun istri supados teu
matre....kaalaman ku abdi....sesah pisan. Sakumaha ku abdi dicarioskeun
kumaha ahengna jeung pikasieuneunana alam kubur jeung poe-an hisab di
akherat jaga...ehh da...nyakitu hese hehehe.
Tapi keun we lah....ari aralimeun mah urang lian...wios we ku abdi..eh ku
urang Sunda we nya....;-). akur pan baraya.....
cag ah...tunduh hoyong bobo heula.....mudah2an Alloh maparin umur panjang ka
pribados, aamiin. Bismika Allohumma ahya, wa bismika amut (Ku asma Gamparan
ya Alloh abdi hirup, sareng ku asma Gamparan oge abdi pupus...duhh Karindu
Hate....Alloh, hapunten jalmi nu dzolim ieu.


----- Original Message -----
From: "Ani Puspita" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "'netymartin'" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, September 30, 2004 7:47 PM
Subject: [Urang Sunda] Aya naon jeung Urang Sunda ?


> Kurarasaan teh asa can lila, basa hiji wanoja curhat ka kuring ngeunaan
> jalan hirup manehna jeung bebenena. Katinggal pisan kasedih tinu soca
> anjeuna, oge kuring bisa ngarasakeun tunggara hate manehna. Ceuk cenah,
> manehna keur ruwet pipikaran na kusabab sepuhna teu ridho ka calon
carogena
> nu asalna ti Sunda, ceuk cenah meunang kawin jeung seler mana wae ngan
> ENTONG jeung urang sunda. Bari cumalimba anjeuna nanya, "Ada apa dengan
> orang Sunda ya, nie ?" kitu ceunah ceuk wanoja babaturan kuring nu asalna
ti
> Palembang.
>
> Kamari, aya meureun tilu minggu kaliwat mah, babaturan uing nu geulis tur
> camperenik asli seler Sunda asalna ti Sukabumi, ngan umur manehna jeung
uing
> beda tilu taun kolotan manehna. Si teteh sok nyebut "eneng" ka uing teh.
> Hiji mangsa manehna curhat, neng kamari si "Akhi" (Aa, red) tos masihan
> kaputusan saurna teh kieu "Ibuku kurang setuju jika calon mantunya berasal
> dari Suku sunda". Gubrakhhhh......!! uing ngilu nyeuri hate, ku katunggara
> anjeuna. Basa kuring ngadenga si teteh "Ta'aruf" (wawanohan nu serius)
jeung
> si MAS Urang Jawa, kuring ngilu bungah, ayeuna kuring ngilu sedih. Sanajan
> teu nyaho juntrungna kumaha, nu jelas tergantung ka Usaha maranehna jeung
> pitulung ti Alloh nu bakal ngahijikeun si teteh jeung si Mas-na, keur
> ngalengkah ka bale Nyungcung.
>
> Saminggu nu katukang, kuring nampa hiji nonoman, nu ngajak Ta'arufan.
> Ngobrol ngaler ngidul, diskusi neang solusi nepi ka heureuy seuseurian.
> Intina kuring jeung manehna "Cocok" kitu deui manehna ka uing. Ngan
> hanjakalna teh, aya jungkrang nu rada lewang basa manehna wakca keur ngolo
> indungna supaya narima kuring jadi minantu di kulawargana, da cek cenah
> indungna mundut "mun bisa pamajikan teh tong ka Urang Sunda". Kitu cenah
> ceuk ibuna akhi uing nu asalna ti jawa timur.
>
> Tilu kasus, salah sahijina kuring nu ngalaman. Akhirna uing mere kaputusan
> "mungpung cinta can nyaliara, mungpung tresna acan aya, karek suka lamun
> keur urang bruk-brak, mending salira tumut ka Ibu. Sok bilih janten mantak
> doraka tea namina upami teu tumut kanu janten Ibu." Kuring teu nolak
henteu
> oge narima mung pasrah ka Alloh nu ngersakeun sadayana.
>
> Naha aya nu terang, Aya naon jeung Urang Sunda ?
> Mugia ieu kasus ngan ka alaman ku kuring tiluan !!
>
>
> neng an
> *ngagaurna maung tara ngabedakeun seler, kabeh ciptaan Alloh nu kumplit ku
> kakurang jeung kaleuwih.
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke