Assalamualiakum,
Baraya salam dunia maya,
Maca kajadian2 anu tos di bahas ngenaan lobana anu ngiming2 pindah agama make sagala rupa pikeun murtadkeun urang islam=(sunda) khususna. Pikeun ngajaga kaimanan urang jeung kaluwarga urang khususna jeung urang islam nu sejenna aya benteng anu kudu dijieun ku urang, naon..nyaeta salah sahijina pangajian rutin minial saminggu sakali.Misalna mun urang cicing di hiji desa/kelurahan nyaeta sekup wilayah pangleutikna dina hiji nagara. Koordinasikeun (naon basa sundana) para alim ulama satempat, pamarentahan tingkat RT sampe Kades ayakeun pangajian rutin saminggu sakali di mushola. Carana pangajian kaliling,.. misalkeun minggu kahiji mulai di RT 1, minggu ka dua di RT 2 terus sampe sakabeh mushola tiap RT kabagean. Upami sadayana tos meunang giliran balik deui ka RT nu pertama. kitu wae saterusna. Kitab nu diaosna nyaeta misalkeun Tafsir kitab jalalen jeung kitab tafsir fiqih. Jeung nu maca kitabna giliran ulang hiji ulama/ustad bae pan loba meureun ustad/ulama di hiji desa.
Tujuanna nyaeta salain pikeun nambah kaimanan urang, nambah elmu, nyebarkeun syiar islam para alim ulama nu aya di wilayahna jeung deui pan seueur meureun barudak anu lulus masantren nimba elmu agama supaya diajar medarkeun elmu islamna. Saatos pangaosan ayakeun tanya jawab para jamaah jeung alim/ulama atawa ustad.
 
Baraya,
Dimimitian ti tingkat tiap desa pan jadi sakacamatan, jadi sakabupaten moal pamohalan jadi sa nagara..tah mun tiap desa tos ngayakeun pangaosan pan tos aya benteng2 leutik keur nagkis serangan ti kaum kafir. Ceuk pak kiyai ulah nyalahkeun anak lamun anak jadi kafir, tanyakeun bapakna heula sok ngaji tara..kukituna lamun urang boga saeutik elmu mudah2an bisa ngajaga anak jeung kaluwarga urang tina serangan kafir tea.
Alhamdulilah dilembur sim kuring atos di jalankeun pangaosan eta.
 
Sakitu ti sim kuring, punten loba lepatna
 
Wasalam
Ragil Albantani

 
-------Original Message-------
 
Date: 02/02/05 06:58:26
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kasaksian Jehovah
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke