Hatur nuhun Kang manAr ...
Asa cocog eta bewara teh jeung guru ngaji sim kuring KH.Uci Turtusi nu ti cilongok tea, abdi ge tos postingkeun basa sasih nukatukang yen di jabar bakal aya lini (bancana) tapi cenah lewih leutik tibatan ti aceh.
Mugia urang sadaya ditangtayugan ku gusti nu murbeng alam dijauhkeun tina bancang pakewuh..amin.
 
baktos,
JB
 
-------Original Message-------
 
Date: 02/17/05 17:34:40
Subject: [Urang Sunda] Gn. Papandayan anu arek ngamuk, mugi heunteu jadi tagiwur
 
Ti kamari, ti saprak narima ieu warta, hate teh rada bimbang arek posting jejer ieu teh. Lain nanaon, ari anu jadi marga, ieu warta yen Gn. Papandayan "rek boga gawe" teh katampina lain ti kanca anu sacara kasangtukang kaelmuan/sakola (metode empirisme tea) mibanda otoritas, nyaeta ti anu di Direktorat Vulkanologi jeung Mitigasi Bencana Geologi (DVMBG) atawa ti paguron luhur model itb atawa unpad.  Balikta, ieu beja teh katampina ti rerencangan, agan Yus Ruslan (Kang YR) tea, anu anjeunna oge nampina teh ti hiji kiyai asli ti Garut. Kang YR teh kantos nyepeng kalungguhan di Bapeda Jabar, anjeunna oge anu aktif ngoordinasikeun sawala kanggo nyusun skenario Jabar 2010, kl 5 taun ka pengker.
 
 
 
 
 
 
 
  
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke