Ceuk Sim kuring mah kieu kang dur...
Upami sajarah mah kumaha anu ngadamel nyaeta anu
keur kawasa mangsa harita, mun nu kawasa mataram sajarah nu kaluar bisa di
pastikeun versi mataram nu ngadamel tea, saleresna mah teu tiasa nyerat
perkawis Pajajaran tapi nu nyerat (kaluar) ti mataram atanapi Demak, sami wae
nyerat perkawis sumedang tapi nu nyerat urang Banten contona, komo bangsa urang
mah (lain US ieu mah) leuwih kana sifat like and dislike tibatan cinta ka sasama
manusa matak teu aneh dina milis sok muncul ego pribadi.
Teras aya "penghalusan" bahasa dina sajarah mah
misalna kieu keur leutik si udin teh sok katerap cacingan, tapi lantaran siudin
ayeuna tos janten Presiden RI matak dina sajarah sok diserat "mengalami gangguan
dina patuangan keu alit". Tiasa wae sejarah teh bergeser jauh tina kanyataanana
lantaran seueur teuing penghalusanana, komo bangsa urang (lain US deui ieu mah)
leuwih nonjolkeun sisi emosional tibatan rasional matak teu aneh dina
milis eusina ribut wae.
Upami silsilah mah teu aya intervensi politik boh
tina nu kawasa atanapi secara pribadi ti nu nyerat, janten ampir sami sareng
silsilah turunan pan upami dina silsilah turunan nu sae mah sanajan
jelema rapet jeung lemah tapi lantaran memang turunnana nya tetep wae gaduh haq,
dina seueur pisan ahli waris silsilah nu teu kacatet.......lantaran tara
nyumbang kamuseum meuereunnya ? hahahaha.
Sakedik nambihan, dina babad banten sering
disebatkeun Pangeran Haji putra ti Pangeran Abdul Fatah bekerja sama jeung
walanda merangan dulurna, tapi tara diselidiki kunaon nepi ka kitu ? nurut
versi simkuring mah lantaran ramana Pangeran Abdul Fatah teh monteng kanu
ngora....koneng nyaeta selirna nu nurunkeun dalem-dalem di Jatinagara. Dina
babad Bogor disebutkeun Letnan Tanuwijaya anu saleresna mah
Letnan Tanudjiwa teras disebatkeun "tanah baru mah cikal bakal Kampoeng
Baru", nuleres mah lantaran walanda rek muka Kebon Raya, kampung nu aya di
wewengkon eta dipindahkeun ka daerah nu enggal nyaeta nu disebat tanah baru
janten kajadian teh kabeulah dieukeun, upami nu disebat Kampoeng Baroe mah
nyaeta Empang tea ayeuna, Nu janten dalem pertama di Kampung Baru mah
nyaeta Rd Muhammad Tohir sebagai perwakilan ti pamerentahan nu aya di
Jatinagara.
Janten tiasa dipastikeun upami aya buku biografi nu
diserat ku nyalira bisa dipastikeun eusina 50% ngawadul hungkul.....hahahaha
ayeuna keur musim lain.
"Punten ah rada ngacapruk. Panglereskeun bisi
saralah. Da rada-rada ngarang....."sami-sami kang dur, simkuring mah secara
pribadi nempatkeun saha-saha wae hayangna sajajar.
Salam
TAJIMALELA
|
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Silsilah ? Tajimalela
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Silsilah ? kumincir
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Silsilah ? Jalak Pakuan
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Silsilah ? Tajimalela
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Silsil... kumincir
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Si... Tajimalela
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atana... kumincir
- Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah a... supriyadi endang