teu katoong kang
----- Original Message -----
From: "soni rosa" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Monday, June 20, 2005 11:58 AM
Subject: [Urang Sunda] POTO Kopdar Cupumanik


>
> sampurasun dulur
> kanggo anu hoyong ningali/donlod "FOTO KOPDAR CUPUMANIK"
> mangga di toong di alamat ieu:
>
> http://www.geocities.com/sea3olt/us/bandung.htm
>
> Hatur Nuhun
> soni+++
>
> On Sat, 18 Jun 2005 23:40:50 +0700
>   "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Alhamdulillah kopdar Cupumanik tos lekasan, anu hadir
> >kana eta riungan
> > diantawisna :
> > Kang Siddik sakulawargi (ti Korea), Kang Ganjar Kurnia
> >(ti Perancis), Mang
> > Jamal, Teh Mpup sareng caroge/Kang Kumincir, Teh Iva,
> >Kang Boim/Iim, Kang
> > Roizs,Kang Soni Rosa, Mama ManAR, Kang Eddy Nugraha,
> >Kang Sukana
> > Sakulawargi, Teh Nenny (ti Houston Amrik), Kang Deny
> >Suwarja, sim kuring.
> > Ti Cupumanik Kang Hawe Setiawan, Kang Dadan Sutisna,
> >Kang Dadang, Kang Dipa
> > Galuh Purba, Kang Jamal (saurna Dalang Jeprut) aya deui
> >balad Kang Dipa ti
> > STSI, teras aya Kang Dedi anu tapis kana sajarah sok
> >sanaos ti seni rupa.
> > Bubuka dingawitan ku MJ nu nganuhunkeun ku kahadiranana
> >tur nganuhunkeun ka
> > Kiblat/Cupumanik nu tos kersa katempatan.
> > Biantara di ngawitan ku Kang Ganjar, saur anjeuna aya
> >"getih goib" naon
> > pangna urang tiasa ngumpul saga kieu tur ngumpul teh
> >sacara pribadi pribadi
> > tangtos ieu teh kulantaran ngarasa aya kereteg nyaah ka
> >Sunda sareng nu
> > katingal ku anjeuna dina wangkid ayeuna anu nyata aya
> >polahna dina kanyaah
> > kana Sunda mung dua nyaeta Cupumanik sareng Kusnet sabab
> >tos aya ringkelna
> > atuh Cupumanik nerbitkeun majalah basa Sunda bari jeung
> >teu jual dedet,
> > Kusnet anggotana ku kasadaranana nuju ngagarap
> >digitalisasi tarjamah
> > Al-Quran kana basa Sunda, Pusaka Sunda sareng Rusdi
> >jeung Misnem, sedengkeun
> > anu midamelna aya di mana mendi, tapi ngamuara kana hiji
> >situs di internet
> > Hatur nuhun ka Kang MH sareng balad sanesna anu tos
> >ngaluluguan ieu
> > padamelan) tur atos diakses ku urang mana mendi.
> > Kang Ganjar miharep sangkan dina KBS VIII hal ieu
> >kagiatan Kusnet teh tiasa
> > dipresentasikeun upami teu tiasa presentasi atuh cekap
> >ku brosur naon bae nu
> > tos digarap ku Kusnet maksadna supados tiasa kapireng ku
> >inohong Sunda anu
> > sanesna yen aya kagiatan anu aya kanyaahna ka Sunda,
> >kedahna mah kagiatan
> > sapertos kieu anu dikahareupkeun teh ulah ngan sakadar
> >Kongres anu eusina
> > mung kitu keneh kitu keneh.
> > Biantara kadua ti Kang Hawe Setiawan nganuhunkeun
> >wirehna tos ngawanohkeun
> > Kusnet, pedaran ti anjeuna langkung nyoko kana
> >pangalamannana medalkeun
> > majalah Cupumanik nu umurna nincak bade dua taun, seueur
> >rambat kamalena
> > utamina dina hal masarkeunana sareng dina narik supados
> >aya iklan dina ieu
> > majalah, oplahna dina sakali terbit mung 2000 exp, nu
> >tos matuh ngalanggan
> > aya kana 600na, Kang Hawe mairan kana biantara Kang
> >Ganjar utamina perkawis
> > presentasi Kusnet di KBS VIII, aya harepan tiasa
> >dilaksanakeun bahana
> > anjeuna nyontokeun anu kantos di presentasikeun ku MJ
> >sareng sim kuring di
> > Braga waktos Cupumanik medalkeun situs internetna dina
> >acara pameran buku
> > Bandung.
> > Anu ditugaskeun kanggo ngahubungan ka panitia KBS teh
> >Kang Dipa.
> > Aya hal anu matak reugreug wartos ti Kang Hawe yen bahan
> >kanggo terbitna
> > Cupumanik ti para "penulis" basa Sunda henteu kirang
> >malih aya seratan
> > seratan ti barudak sakola tingkat SD sareng SMP.
> > Biantara saterasna ti Kang Siddik anu ngawartoskeun yen
> >urang Sunda teh
> > seueur potensina nyandak conto nya di Kusnet kantun
> >ngamalirkeun ieu potensi
> > supados ngajanggelek janten hiji buktos tiasa bae anu
> >museur kana program
> > pabukon sareng bea siswa anu tos dilaksanakeun ku YP,
> >kantun ngokolakeunana
> > anu daria.
> >
> > Dina ieu obrolan aya hiji "pencerahan" ti Kang Edy
> >Nugraha anu ngadadarkeun
> > perkawis Kasundaan anu ditoong tina sisi sanesna saurna
> >upami urang nyaah ka
> > Sunda teh kedah terang kana "Sunda", teras upami aya
> >posting anu jejer kitu
> > teh kedah dipasihan kasempetan kanggo dugi ka jucungna
> >supados langkung
> > tembres ulah dugi ka ngabuntut bangkong.
> > Obrolan sementawis di lirenkeun heula diselang ku tuang
> >siang sareng sholat
> > heula
> > Obrolan kasiangnakeun beuki rame ku presentasi ti Kang
> >Sonirosa perkawis
> > games/kaulinan komputer dina basa Sunda, aya dua model
> >anu dipresentasikeun,
> > dina ieu presentasi seueur patarosan sareng saran anu
> >tiasa diakomodasi ku
> > kang Soni dinatawisna dina kaulinan teh tiasa bae
> >nyandak kaayaan alam
> > atanapi nami tempat di Tatar Sunda.
> > Kang Kandar Kumincir nyobian nga-aplikasi-keun wanda
> >aksara Sunda kenging
> > Kang Dian, aya saran supados langkung dirautan deui bok
> >bilih aya
> > kakiranganana.
> > Pamustungan tina ieu obrolan aya kacindekan nyaeta,
> >games kenging Kang Soni
> > sareng Aksara Sunda kenging Kang Dian bade dilebetkeun
> >kana CD sareng bade
> > disebarkeun ngarupikeun sisipan majalah Cupumnaik
> >kalawan teu kedah naekeun
> > harga majalah Cupumanik, kanggo ngabiayaanana (meser CD
> >kosongna) ti YP
> > seueurna kirang langkung 600 CD rada dihusukeun keneh
> >kanggo langganan
> > Cupumnaik anu tos maneuh, dirarancang dina Cupumanik anu
> >terbit sasih
> > Agustus.
> > Eusi eta CD salian ti "games" basa Sunda sareng Aksara
> >Sunda bade ditambihan
> > ku anu sifatna ngawanohkeun boh Cupumnaik boh Kusnet.
> > Aya pedaran sanesna ti Kang Dedi (kenalan Kang Hawe)
> >perkawis Kasundaan anu
> > ditilik ti sisi geograpi (?) ieu teh kanggo mulangkeun
> >deui karaharjaan
> > urang Sunda, diantawisna upami Cikapundung hoyong balik
> >deui sabihari
> > saratna kedah dipelakan ku tujuh rupa tangkal nyaeta
> >paria, jambe,
> > kawung........(punten hilap deui nu sanesna mah)
> > Obrolan ditutup tabuh 5 sonten, sateuacan ditutup ku
> >Mang Jamal sim kuring
> > ngadugikeun heula pesen ti Kang Tirta supados kopdar anu
> >bade dongkap
> > sakantenan halal bibahal ulah di Bandung supados ulah
> >aya anggapan Bandung
> > sentris teuing pilihanana di Cirebon, Alhamdulillah
> >diaminan ku sadayana.
> >
> > Sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih kirang
> >lengkep, ka baraya anu
> > sami hadir mangga dilengkepan deui.
> >
> > MSasmita
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
============================================================================
============
> Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah
Jawa Timur.
> Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN
(467826)
>
============================================================================
============
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke