Leres Teh,  moro langlayangan teh ka etang bahaya  upami di jalan mah,
numawi kiwari mah jarang pisan anu maen langlayangan di kota mah  soalna boh
nu maen boh nu moro  pada dicarekan ku kolotna.

Ari teteh sok diluhureun imah ?    moe baju pangintennya.

----- Original Message -----
From: "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Monday, July 11, 2005 4:54 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula


> jaman ayeuna oge masih sok seueur keneh budak nu maraen langlayangan,
> komo keur usum halodo jiga ayeuna... (tara hujan), basa kamari oge di
> garut, paurna teh mun geus moro langlayangan tuluy ka tengah jalan,
> da aya langlayangan nu kapakan.. budak teh teu nempo ka jalan,
> nempona kaluhur weh ka langit... yehhh..  komo di bandung mah seueur
> keneh pisan...
>
> ~ipup~
> (abi oge osok di luhureun imah, sanajan awewe)
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Fathoni_Injaya"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > MessageMaen langlayangan,  salah sahiji kaulinan paporit sim
> kuring..... (kaasup kaulinan teu nya?).  Ti budak nepi ka kolot ngilu
> padungdeng,  ngilu maen jeung moro langlayangan anu eleh.
> >
> > Ngapungkeunna make kenur disambung ku gelasan "serit" (bahan tinu
> benang) atawa gelasan "bajra" (bahan tinu senar). Tali timba oge kudu
> diatur sing bener,  lamun teu kitu  eta langlayangan teh
> bisa "hampang" atawa "beurat" teuing ngapungna.
> >
> > Gelasan anu hade biasana jieunan ti daerah Garut.
> >
> > Lamun keur usum langlayangan,  sakuriling Cicadas (komo ti St.
> Josoef nepi ka Cikutra) pasti loba langlayangan anu di adu.
> >
> > Jaman ayeuna mah sigana geus ampir "punah"  eta langlayangan teh.
> Teu rame siga baheula.  Maklum  ayeunamah barudakna leuwih resep maen
> PS, internet, nonton tipi  salain eta meureun euweuh tempat keur maen
> langlayangan,  loba antene tipi, kabel listrik jeung telepon  anu
> nyieun hoream barudak ayeuna maen langlayangan teh.
> >
> > Ari keur bujang jeung kolot mah,  biasana maen langlayangan
> Gombres,  biasanamah gelasanna make "bajra".  Ieu mah biayana rada
> mahal,  soalna ukuran langlayangannana kaitung gede,  saking luhur
> ngapungna jeung beurat talina biasana anu maenkeun eta langlayangan
> make "sarung leungeun".  Kadang-kadang mah narik benangna maka "mesin
> puter"  anu pungsina keur narik benang ka gogolong.
> >
> > Jaman ayeuna,  aya loba jenis langlayangan.   Biasana di Pantai
> Kenjeran Jatim  loba langlayangan anu aneh aneh,  aya bentukna siga
> oray, kompor, buta, kalajengking, manuk.  Maenkeunna biasana  lain ku
> sorangan  tapi ku sabaraha jelema.  Ieumah kaasup langlayangan hias.
> >
> > cag ah...
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke