Punten, Dalem Wangsagoparana mah
kawitna ti Talaga, karajaan bagian ti Cirebon. Atuh perkawis bupati mah
tiasa ti mana bae nu penting mah leres dina ngajalankeun roda
pamarentahanana sareng ngahormat kana budaya satempat, sanajan urang
cianjur asli tiasa oge anjeuna teu ngahormat kana budaya cianjur, ngan
ninggang dina bupati ayeuna kaleresan dina nami siga urang jawa, janten
asal-usul mah teu penting, nu penting mah jinisna, da Dalem Cikundul
oge saleresna mah masih turunan ti Cirebon oge, kanggo ka Kang Durahman
mugia ulah renggat manah.
-----
Original Message -----
Sent:
Tuesday, August 16, 2005 4:02 PM
Subject:
Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR MINTA TRADISI "KUDA KOSONG"
DIHIDUPKAN KEMBALI
Punten .. eta pancakakina pajurawet .....
Upami teu lepat mah kieu :
Raden Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wiratanu (salah sawios
putra Sunan Wangsa Goparana, pangeran ti Sumedang Larang {???}), waktos
masih