Abdi ge di kopo-sayati, lumayan lah aya batur uang kopo :-).


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of iva wanti
Sent: Monday, August 22, 2005 1:25 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Kopo

Abdi caket meubeul....anu aya wartel. Uninga Gg. Haji Mukti henteu? tah abdi mah payuneun gang eta, gang bapak merta.
Muhun kang, saur pun nini ge kapungkur mah daerah babakan tarogong dugika citarip waas ku sawahna. Aya eta ge potona. Enya we leres....ditingal teh meni waraas. Kapungkur abdi nuju alit (abdi lahir taun 70-an ) ari ameng teh sok ngamprah, jarambah dugika sawah caket SMP 24. Resep we ngalaan tatangkalan/kekembangan kanggo aayangan bari ngalaan impun...hehehe. Janten hoyong balik ka mangsa tukang.....:P
 
Neng Iva

dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Neng iva, palih mana kopona, boa natangga saeng abdi. Kapungkur ti
tahun 70 dugi ka 90an. Jaman SD-SMA, rorompok teh di Jl.Pabrik Kulit
Utara anu bras na ka Babakan tarogong, Ayeuna na ge masih dilinggihan
ku pun Bapa sarimbit. Abdi saminggon sakli nganjang ngalayad ka Kopo.
Wara raas.. lah ari emut kana kecap kopo teh, jaman harita keur masih
pasawahan mani  ngaplak, ti bbk tarogong dugi ka citarip - situ
gunting. Waas ku ngurek na, oge waas lamun keur dibuat.. maen
langlayangan, gatrik, sorodot gaplok, nyieun guha tina jarami,
atanapi nyieun wawayangan keur ditanggap peutingna, harita mah asa
atoh.. na kabina-bina peuting2 wawayangan di sawah, teras mondok di
guha jarami tea... komo deui mun caang bulan opat welas...dina ati
bangbras.. (cenah ceuk lagu.. apal teu baraya tuluyna)... Kumaha nya
lamun di damel komplek kaulinan US sab udeureun sawah, jiga nu di time
zone geuning.. Damel we di BSM atanapi IP Plaza.. pajeng moal nya...
Jigana mah nu daratang kolot nya nu rek nyoreang alam ka tukang..
:-).... sok atuh..bilih aya investor...





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke