sajarah jeung mitos di nagara urang mah da sesah dipisahkeunna.
Biasana pami aya kajadian sajarah ageng, tokoh ageng, tempat jst. biasana dihubung-hubungkeun jeng mitos.
 
Nyi Loro Kidil misalna. Carita eta aya pakaitna jeng niatan Sulthan Agung hoyong jadi pangawasa ing tanah Jawi. Basa anjeuna dijadiken raja Mataram diperyogikeun "media" kanggo nga"LEGITIMIT"  korsi Sulthan, nyaeta kakuatan "Supra Natural" anu moal tiasa di otak atik ku musuh anjeuna.  Kakawasaan nu samodel kitu teh nya "Nyi Loro Kidul"
 
Catetan Sulthan Agung sanes putra Mahkota, anjeuna oge kalebet tokoh "Pencipta" Kejawen. Sajarah nyatet yen ti ngawitan Sulthan Agung ritual nyuhunkeun berkah 1 Syuro di pantai Parang Kusumo ngalegenda dugi ka ayeuna.
 
Mangsa harita mah memang kedah kitu, upami hoyong langgeng jadi pangawasa.
Ditambih alam pikir rahayat harita mah ngamungkinkeun tur ngadukung (naon sunda na teh), sabab pangaruh Hindu-Budha masih kiat.
Modal "Legitimit" eta anu diperyogikeun kanggo nakluken Demak, Lasem, Gresik, Madiun, Suroboyo jst. Saha anu bade ngalawan, sabab ditukangen Sltn Agung aya ....
 
Dina catetan sajarah kakutan samodel kita sanes di Jawa wungkul.
di Tatar Sunda oge aya sapertos anu di carioskeun ku Kang Wisnu.
Di China daratan oge aya "Legitimit" kaisar putra Shih Huang Ti (Dewa Langit)
di Jepon oge aya Kaisar teh putra Dewa Matahari (Amaterasu Omakami)
di Romawi, Yunani, Nias, Danau Toba, Dayak, suku Wajo jst.
 
eta ma teu langkung kumaha urang ayeuna nafsirkeun, naha bade diteraskeun, pipilueun, mertahankeun jst.
 
Di sagedengen tokoh ageng oge aya carita mitos / legenda.
Misalnya peci(kopiah)-na Soekarno, keris Soekarno, keris Soeharto, cerdas lan indra ke-6 na Gus Dur, jst. Carita-carita samodel kita jigana mah malahan sapertos dihaja dijien tur dikelola (dipertahankan) kanggo maksad-maksad tertentu (t3)
 
Tempat oge seueur anu aya legenda-an. Tangkuban Parahu misalna. Rawa Pening, Bromo, Semeru, Rinjani, Merapi, Kerinci. sadayana aya legenda jeng mitosna.
 
Wallahu alam bi sa' wab
haturnuhun

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oh kitu? nya mangga we nyanggakeun, da panginten multi-tafsir. Nu jelas,
sanajan "bangsa" Sunda dijajah panglilana ku walanda (350 taun), saeutik
pisan urang Sunda nu asup agama lain. Anu aya malah ulama Islam Panghulu
Mohamad Musa anu nyobat jeung K.F Hoele jeung Panghulu Haji Hasan Mustapa
nau nyobat jeung juragan Snouck Hurgonye.

Baktos,
WALUYA


> Punten Kang, koreksi pami abdi leupat :
> Sakateurang abdi mitos Kian Santang justru dianggo Ku Walanda, kanggo
> ngancurkeun Islam anu janteun agama bangsa jajahan harita
> (Indonesia/Sunda), supados aya "image" di masyarakat sunda nu islam yen
> Islam mah teu sae, tuh buktosna Kian Santang oge ngudag - ngudag Bapa na
> nyaeta Prabu Silihwangi, rek dipaehan! Sabab ceunah Prabu Silihwangi teh
> embungeun asup Islam. Janteun sanes dianggo kanggo nyebarkeun islam,
> kanggo ngawasa tatar sunda mah muhun we panginteun.
> Hatur nuhun.
>
> All The Best,
> Whisnu
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke