Punten yeuh sanes ahli, namung asa kaleketek, ieu mah numutkeun pangemut sareng pamendak sim abdi perkawis sasatoan nu aya dina legenda di urang.
Saleresna para bujangja jaman baheula teu di tatar Sunda teu di wetan teu dimana-mana, sok lalantip, nyandikeun hiji tokoh ku sasatoan.
Salah sawios contoh dina carios/dongen/babad Joko Tingkir, apan dina eta carios Joko Tingkir kantos ngabasmi buaya di wahangan ....??.(hilap deui), raja buaya saparantos eleh jajaten ku Joko Tingkir, teras masrahkeun putrina ka Joko Tingkir, anu lajeng ditikah ku Joko Tingkir.
Tah buaya anu di carioskeun dina eta carios taya sanes, sandina kumpulan rampog/begal anu ngawasa di eta wahangan, tangtos wae upami rampog apan sok aya gegedugna, cobi bae emut maenya putri raja buaya di tikah ku Joko Tingkir.
Nyakitu deui dina legenda Sangkuriang, ti ngawitan ibuna Dayang Sumbi anu mangrupi bagong, teras Dayang Sumbi ditundung ti karaton mung direncangan ku hiji anjing ngaran si Tumang.
Bagong, mangrupi hewan di leuweung, sandina kanggo rahayat cacah anu hirup di leuweung.
Anjing (si Tumang), upami diemutan anjing teh mangrupi sato pangawal, janten anjing (si Tumang) teh sandina kanggi hiji pangawal ti karaton.
Perkawis nyandikeun hiji tokoh,  sanes aya di urang wae, dalah di Korea oge aya legenda anu sapertos kieu : Urang Korea nganggap yen maranehna katurunan Dewa anu turun tilangit digunung Bek Du San, anu disebat Tang Un, tah Tang Un ieu nguji dua sato anu hiji maung anu hiji deui biruang, sina tatapa salami 40 dinten, mung kenging neda bawang bodas, dijanjikeun lamun aranjeun lulus tapa bakal jadi manusa, namung  sateuacan tamat 40 dinten maung eleh teu kuat, namung biruang mah tamat dugika 40 dinten, nya harita keneh ngajanggelek janten istri anu teras di tikah ku Tang Un.
Janten urang Korea ngaraku katurunan dewa (bapana) sareng biruang (indungna).
Tah upami dina legenda di Korea aya dua sato, nya eta maung sareng biruang, upami ditinggal tina sifat, kabiasaan, sareng cara hirupna eta dua sato, tangtos tiasa di teguh sandi naon eta dua sato teh.
Maung hirupna dileuweung, janten tiasa dikinten-kinten sandi kanggo manusa/isteri anu hirup atanapi cicing dileuweung.
Biruang hirupna dipagunungan/gunung-gunung janten sandina kanggo manusa/isteri anu hirup atanapi cicing di gunung.
Janten sim abdi nyimpulkeun yeng Sangkuriang sanes anak anjing.
Sakitu anu kapihatur, punten ieu mah mung sapamendak sim abdi, walhasil emutan anu ngacapruk, bari weleh teu percaya yen Sakuriang anak anjing.
 
Pihatur
ssw
(rada keuheul oge aya etnis sanes anu nyebatkeun, urang Sunda katurunan bagong jeung anjing......deuh mun kawasa, hanyang nyurilam we tah biwirna....) 
  

bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
lamun teu salah ungat-inget mah, dina pangantar buku ms ki ajip memang nyebat kitu. ilhamna ti pidato mochtar lubis di tim anu teras di bukukeun.
ngenaan ms, aya anu teu di teuleuman ku ki ajip. nyaeta soal munculna sosok tumang di na carita sang kuriang. naha di carita us aya anjing? pan anjing mah haram? sareng naha tumang dipaehan? us embung disebut jalmi haram? tapi, punten ketang pasti tema ieu tos dibahas di milis. ngan sim kuring teu imet mariksa postinganna.
mj tiasa nunjukan rujukan soal buku anu ngabahas khusus soal tumang?

punten,
bagja



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke