Hahahahaaa...... pinter ayeuna mah cep Syam teh ....
eta "kaum pemabaca" bade digiring kajero bubu....
 
ssw

syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Erapox
Kabiasaan numbas pikeun panganten anyar, disabagian wewengkon masih keneh aya. Nu disebut numbas teh nyaeta ngayakeun sukuran rehna panganten anyar  geus ngalaksanakeun kawajiban sakumaha ilaharna salaki jeung pamajikan. Ceuk kasarna mun geus numbas tandana geus nembus. Ari numbasna mah teu pati hese da ngan ukur ngababakak hayam, nu rada hese teh mastikeun iraha numbasna sabab kudu nanyakeun heula ka panganten. Biasana nu ditanya teh panganten awewe ku emana, da pamohalan nu ditanya panganten lalakina, komo nu nanyana  mitoha awewe. Najan nu nanya emana kuanjeun, tapi tetep we sok heurin ku letah boh nu nanya pon kitu deui nu ngajawab sok erapox. Kawas kajadian kamari basa neng Icih ngadahup ka jang Ucup pas poe tujuh belasan pisan. Isukna emana neng Icih alangah elengeh ka anakna siga aya nu nek ditanyakeun, ngan erapox. Untung emana boga akal pok ngomong kieu.
" Cih ari Icih geus merdeka encan ?" Nanyana disilibkeun ka kecap merdeka, bubuhan kecap eta harita teu sirikna unggal jalma pada ngomongkeun. Ditanya kitu neng Icih surti pasti emana hayang geura buru-buru numbas.
" Boro-boro merdeka ma...dijajah ge encan !" tembal neng Icih beungeutna ngadadak euceuy.
" Baruk, can dijajah jajah acan, ari peuting pan sare jeung soldadu lin?"
" Duka da soldaduna ge kalahka ngaguher sare, kacapean sigana mah da sapoe jeput narima tamu, jadi we ngabulasin !"
Poe kadua emana neng Icih geus pokdeui.......................
Hoyong terang carios salajengna ? mangga tong asa asa klik nu dihandap ieu, urang keom sasarengan, keom berjamaah tea !
http://payoez.multiply.com
http://keom-sakedap.blogspot.com
syam ridwan


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke