Waalaikum salam wr. wb.
Innalillahi wainna ilaihi rojiun...
baruk cep Tantan teh teu damang....., deudeuh... masih anom parantos katarajang panyawat anu kasebat abot..... mugi-mugi Allah SWT., enggal-enggal nyabut eta cocobi... Amiiinn...
Ninggal kajantenan waktos sateu acan nikah, kantos ngiring tiguling dina ELF, aya kamungkinan oge, bibit eta panyawat tina urat/syaraf anu kaganggu..
Tah upami leres eta bibit buitna, asana langkung sae berobat ka dokter ahli tusuk jarum
(dokter oriental).
Sakitu anu kapihatur, mugi-mugi aya mangfaatna..
 
ssw

tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu alaikum wr wb
Baraya,
Hapunten, tara ngelol pisan sim kuring teh. Nyaeta, ti poe ahad, kuring katarajang panyakit. ari nyerina mah dina urat. tapi terus nyababkeun, hudang oge hese. awak sabeula nyeri pisan. ngajoprak we pagawean teh. mun sakalieun hayang ka jamban oge, hudang teh bisa meakeun waktu memenitan. da eta hese tur nyeri pisan. kajadian kieu teh geus dua (ayeuna anu katilu) kaalaman ku kuring dina sajarah salila jadi jelema (tapi da teu boga pangamalan salian ti jadi jelema mah ketang). sasakala na mah basa bade aqad nikah, kuring kungsi kacilakaan, nalika mobil ELF jurusan Bandung -CIkajang anu ditumpakan teh ngajuralit sababaraha kali pedah nyoba nyingkahan buda anu ngadadak mentas. atuh kuring jeung panumpang nu lain tidadalagor da aya di jerona, keur mah teu make sabuk pengaman, da euweuh tea.
Balukarna, meureun, urat kuring aya anu salah. keur mah harita teu langsung diubaran, da rek aqad tea. tah ieu kasakit, sok "kumat" mun kabeneran kuring tarik teuing mikir, atawa rada stress--khususna ku pagawean (nurutkeun pangalaman mah).
Baraya,
poe ieu kuring rada maksakeun ka tempat gawe anu di bogor wae. nu di Jakarta (Ciputat) mah teu acan wani, da ieu oge rada medeng awak teh. antara taktak anu hiji jeung sabeulahna teu bisa sajajar, da nyeri keneh. di kantor, salian ti kudu setor sababarah kawajiban, oge mukaan milis.
tadi tatanya ka babaturan sa kantor. cenah, ayeuna mah, kuring--mun ninggali gejala-- geus asup kana kategori Strooke RIngan. Eleuh, cekeng teh. SIga jalma aya wae make strooke sagala. Tapi langsung dibales ku babaturan, panyakitmah tara ninggali jelema. he...he....
Baraya,
terus terang, kuring teu kuat lila ieu teh. kudu ngagoler deui. tapi memeh nutup ieu serelek,  kuring meredih ka sadayan, upami teu kaabotan eta oge, neda pidu'ana. sangkan ieu panyakit gancang ingkah. da saur Rasul, upami anu ngadu'ana langkung ti hiji, tereh kana diijabahna.
Hatur nuhun
Wassalamu alaikum wr wb
baktos,
tantan
(nu keur rada humarurung)
N.B. Baraya, saparantos kuring ngirim ieu serat, kuring terus mulang ka rorompok. punten, upami sagala apresiasi perhatian ti baraya teu kabaca ku kuring.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke