Para wargi dimana wae ayana, wirehna mayunan sasih Ramadhan, sim abdi salaku anggaota ieu milis oge salaku kuncen, nedah hapunten dunya akherat kum kasadaya wargi ieu milis, bilih bae aya postingan sim abdi ngajaheutkeun manah para wargi sadaya, sawangsulna bilih bae kantos aya postingan ti para wargi anu nganyerikeun hate sim abdi, insya Allah sim abdi ngahapunten pisan dunya aheratna.
Salajengna, mugi urang sadaya dipaparin kakiatan lahir sareng bathin dina enggoning ngajalankeun ibadah puasa anu bada dongkep ieu, oge mugi-mugi Allah SWT. kersa nampi ibadah puasa urang sadaya. Amin ya robbal alaminnn..... 

Pihatur
S. Siddik Wiradireja
#kuncen ka 5 kusnet/kuncen ka 4 gankleboy#


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke