Sateuacanna neda dihapunteun
sanes lauk buruk milu ribut
pan tos jelas dina postingan kang didi, yen anjeunna mah
maksad dikirimkeun ka Bakus teh bakat kupanasaran, naha
enya aya sawer samodel kitu.
jeung deui eta teh lain jieunan kang Didi
 
punten ieu mah lain ngabela kang didi
tapi ulah nepikeun batur salah harti
soalna lamun ninggal serelek akang atanapi teteh
(hampura kuring teu apal saha ieu)
tiasa disimpulkeun yen kang didi nu
geus ngajieun eta sawer atawa pantun
nu ceuk kuring jeung ceuk nu lian
kaasup kang didi eta teh jorok alias jorang bin jorse
 
 
 
 
baktos
surya
 
----- Original Message -----
From: sara raka
Sent: Saturday, October 01, 2005 9:51 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Neda dihapunten

kang didi damang...
 
kumaha ieu teh hehe..
 
kang didi, babakan kusnet teh ngagaduhan sawah, kebon awi, balong jeung sajabana....
 
ari kang didi tiasa ngulik kanu kitu mah mangga wae, tapi, -aya tapina-. kumaha pami kang didi teh ngadamel konsep seksiologi ala mang dedi, nya bisa disebut konsultan sek hehe... kumaha pami diropea sangkan hade, alus, menarik tapi ulah vulgar, kumaha sankan alus....pan ari alus mah, saha nu terang jadi ngadatangkeun duit....
 
muhun ari kanu hal nu kieu mah  -nu kamari tea geningan-, ari salah-salah ngalungkeun tulisan bakal ngabalukarkeun hareudang kanu nuju diskusi di lebet gedong kusnet ieu hehe....
 
saur abdi ge, mang didi kedah tarapti ulah salah teori nyingkur weh kapipir, pan kusnet teh boga kebon awi oge aya saung leutik deuih didinya teh... tah didinya ngadekul nulis nu kararitu... tapi omat akang.. hahaha... kedah bisik2 heula kmh sikonnna ngamungkinkeun teu... atawa hal nu kieu mah diperyogikeun bari bisik2 duduaaan...  oge dipipir ulah di lebet gedong -..hapunteun nya-... nya pami aya ide nu sae, sanes nu "kitu", mangga lebet ka gedong kusnet ieu ulah asa-asa....
 
tah pami tos beres ngadamel kamasutrana, hehe.. omat ulah nyoba2 ngalungkeun  hehe.... pan eta teh -meureun- titinggalan kanjut kundang ti nini kang didi..... mun enya leres eta buku kamasutra teh, diedit, disawalakeun jeung adat atawa etika ummat islam..... hapunteun ngabawa2 islam !!..
 
panginteun.. pamendak kang didi teh, ieu aya gaya "lokal"..... nu matak hemeng, panasaran, aya naon dina buku made in didi teh?....
 
kang didi kedah tiasa nyaluyukeun sareng payung hukum kusnet ayat lima..kitu.. teu kenging berwacana cawokah di kusnet ieu sareng teu kaci ngangge b, arab, inngris jrrd -pan ddidieu kedah basa sunda.... atuh pami abdi tiasa nambihan mah ayat na kieu: teu kaci pami pundungan jeung balad2 pundungan hehehe....
 
ngenaan kalimat "jalak harupat"... punteun sanes nyindir ieu mah, tapi ku sim abdi ditilik dina basa teh, nuduhkeun yen di sunda teh taya nu pundungan, atuh patojaiyyah pisan pami aya nu pundungan, naha?.... kata jalak harupat atawa jalak pakuan teh pan geus katangakeup ma"nana: wanian, teu elehan, kuat, ulet jrrd... leres teu, pami lepat nya hapunteun..
 
aduh hapunteun... panginteun nu kang didi ditulis teh lebet kana kasundaan??.... tapi aya sarat nu berat: kedah luyu jeung budaya, edit hela, ari layak edit napa tidak pami dicetak di yayasan perceka.. misalna.... punteu abdi rada jauh ngalengkahna...
 
 
nyakitu gening ari basa sunda mah, intonasi, benghar ku kata, murwakanti, saujratna jrrd.... eta nu matak ngena kana uteuk jeng hate teh.... eta hiji daya tarik atawa kakuatan basa sunda teh...(pami nitenan made in kang didi kamari)..... meni katinggal aktipna oge menuna meni seuer haha... tos ah ulah diteraskeun....
 
leres pisan damelan kusnet teh aya nu kedah diperioritaskeun.....
 
wasalam
 
 


Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamu'alaikum wa rahmatullaahi wa barakaatuh

Kaparawargi BAKUS katut sadaya ais pangampih pleus para kuncen sadayana, Aya
paripaos cenah mah jalma mah goreng ku omong hade ku omong, tah ku kituna
sim kuring nyuhunkeun dihapunten neda di hampura rehna parantos
ngagujrudkeun ieu lembur. Mugia sadayana tiasa jembar manah ngahampura ka
jisim abdi.

Ka kuncen oge wargi nu parantos ngelingan ka abdi hatur nuhun kana
panggarewahna, kana pangelingna. Saleresna mah abdi teh hemeng bin heran
waktos maca eta seratan, kumargi abdi panasaran hoyang terang naha leres eta
seratan teh aya dikieuna atanapi heunteu, janten langsung wae ku abdi
diposting ka lembur. Rumaos abdi lepat, rumaos abdi sologoto, gagabah,
kedahna mah diawal serelek diserat "Naha ieu teh leres teu"

Kang Mang Jamal hatur nuhun kana bahasanana anu panjang lebar bin ngambay
ngacay, tapi duka teuing kuring nu bodo atanapi teu acan ngadahar Es dua
(dua naonnya dua treuk atawa dua balok?; ceuk indung kuring mah tong
loba-loba teuing dahar Es bisi mplu bin pilek), tetep bahasan eta teu
kaharti ( meureun lain konsumsi kuring). Sakali deui hatur nuhun.

Tah sakitu wae samemeh urang puasa Rhamadhan, urang silih hampura. hampura
kuring.

Wassalam & Best Regards
Kang Didi


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke