Kang Oman oge baraya sanesna ...
 
tempat sakola kuring di dieu - universitas gifu, dikurilingan ku sawah, ngan teu pati apal, naha baheulana urut sawah atawa lain mah, ngan mun ditempo tina kaayanna nu datar, sigana urut sawah oge.
 
hubungan sumanget nyawah di sakola, anu katempo ku kuring mah kieu, di dieu aya jurusan pertanian. aya urang Indonesia, di pertanian jurusan ilmu tanah, panalungtikanna teh ngeunaan pupuk tina gabah. manehna nyieun petak-petak sawah teh ku sorangan, ti mimiti nepi ka panenna - duka ari jurusan pertanian di urang siga kitu oge. jadi nu disebut mupuk misalna, ti mimiti nyampur bahan nepi ka prakna ku sorangan. ceuk manehna, basa mimiti mah sok hayang ceurik cenah - kabeneran istri - da basa di indo mah tinggal menta tulung wae ka emang-emang, ari di dieu kudu prak sorangan sagala rupana.
 
nu beda di dieu, sawahna teh bentukna kotak pisan, lalempeng, tacan ningali galengan anu pungkal pengkol, keur mah aya galengan utama nu diaspal. ari sugan nu sakotak teh nu sorangan, pek teh aya nu nu duaan, jadi cenah asalna sawahna oge siga di urang, ngan dumasar kana hasil panalungtikan kudu kotak bentukna, ngarah hasilna mucekil, nya patani teh nurut - teu kabayang mun di urang, malah sok rame pasea pedah aya mindahkeun galengan.
 
ari nu tatani mah, asa teu beda jeung di urang, lolobana nini-nini jeung aki-aki keur sawahna mah, ngan upama keur palawija - agronomi kitu mah loba oge barudak ngora. bedana deui, di dieu mah ka sawah teh kana mobil.
 
hubungan nyawah jeung sakola ? kuring teu pati apal, ngan teu saeutik budak patani nu sakola laluhur, ka sakola kana mobil mewah jeung sajabana. di dieu nu ngurus asrama kampus, matsuoka san, patani oge, manehna digawe teh lain perlu ku duitna, ngan cenah hayang "bergaul" jeung urang asing, malah dua minggu kamari karek mulang jalan2 ti singapur, malaysia jeung thailand - henteu ka bali mah, kaburu aya bom tea. ceuk panempo kuring mah, di dieu keur nyakolakeun budak teu perlu ngajual sawah, malah kudu ngolah sawah.
 
heup ah .. bisi panjang teuing.
 
baktos,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, October 18, 2005 1:04 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sumanget Jeung Sawah..

3) Ka anu linggih di jepang, seja tumaros yeuh: Naha ari di jepang masih aya sawah? kumaha tah hubungan sumanget sakola di jepang jeung nyawah model jepang? (hehehe, punten kalah ka nurutan tatanya);
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke