Kang Tito hatur nuhun kana perhatosanana. Mung hapunten kumargi abdi linggih di Kopo Bandung danget ayeuna, supados abdi tiasa 'optimal' ngiringanana, kinten2an kumaha lamun anu di Bandung atanapi sabudeureunana?
salam hormat,
ato


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Tito Suryana
Sent: Friday, October 21, 2005 3:09 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] ITIKAF & Tolabul Ilmi

Kang Ato pami palay terang itikaf cobi ke dinten jumaah kaping 28-10-2005 jam 10.30 di TVRI jakarta bade aya tayangan tentang itikaf/suluk/chalwat nu lokasina di Surau Baitul Amin ds. Curug Sawangan Bogor.
sakedik katerangan itikaf ieu nyaeta salah sahiji anu kedah dilakukeun ku ihwan pengamal tarikat Naqsyabandi.
----- Original Message -----
Sent: Friday, October 21, 2005 2:55 PM
Subject: [Urang Sunda] ITIKAF & Tolabul Ilmi

Baraya,
Saumur hirup tepi ka ayeuna, kuring can pernah itikaf di masjid. Teuing kunaon waktu ayeuna kuring asa hayang ngajaran itikaf. Jeung deui asa hayang guguru deui elmu agama deuih.
Tapi edas etah...di Bandung ayeuna, kuring neangan ajengan nu alus teh asa hese-nya. Cik ah baraya bilih aya nu gaduh informasi kira-kira di pangajian mana nya kuring guguru jeung sakalian hayang itikaf.
sakitu tah ti kuring, mugi dihapunten bilih aya cariosan nu nganyerikeun hate baraya. Diantos walerean baraya.
Salam deudeuh,
ato



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke