Saleresna sim abdi nembe ngiringan jadi anggaota milis anu kasebat aktif teh di milisna
"urang-sunda", sok sanaos sateu acanna kantos ngiringan dimilis anu sanes, mung nyaeta teu patos aktif,  sapertos di milisna "urang sunda", upami teu disebat mung saukur janten "juru toong" oge.
Sanaos sateu acan janten anggaota milis "urang sunda" ari kana "web site urangsunda" mah tos apal, nya kitu deui web site-web site Sunda sanesna.
Nya tiharita sim abdi terang kaayaan di tatar Sunda anu meh tilu windu tara dilongok, nya ti dinya sim abdi mendakan wartos anu matak ngahelas.
Jorojoy gaduh lalamunan ngadegkeun hiji yayasan pikeun ngabantuan barudak Sunda dina widang atikan, malah ngaran yayasan tos dipaheutkeun dina hate "Sirung Pakuan".
Namung saparantos nyaliksik dina web site "urang-sunda.or.id" sim abdi mendakan rupi-rupi
koropak ; icalan buku, file-file kasundaan, sajarah Cianjur dugi ka YP, imeut sadayana diilo.
Terang ka nami Pupy Widyamulya (icalan buku-buku Sunda), terang nami Eko Ruska Nugraha (web master), terang nami Gunawan Yusuf (anu nyerat sajarah Sagalaherang sareng Cianjur), terang ka nami-nami tirengrengan YP, kailo akte notaris YP, apal kana tujuan YP sareng sajabina.
Sumpahna oge daek edan sakacamatan, harita ma teu apal hiji-hiji acan ka jalmi-jalmi nu aya di Kusnet sareng YP teh, namung saparantos ngilo tujuan YP, kahoyong ngadegkeun yayasan Sirung Pakuan, ilang musnah teu aya nu nyesa.
Ceuk gerentes batin, keur naon ngadegkeun yayasan anyar, ari geus aya yayasan anu tujuanana sarua sareng yayasan anu bade diadegkeun.
Tidinya gilig niat pikeun milu ulubiung ngamajukeun YP, taya niat hoyong kasohor, baid hayang kapuji, ngan hiji tujuan : "Hayang nyaksian ki Sunda nanjung, mun bisa milu nanjungkeun", mung hanjakal sim abdi teu tiasa langsung ngiring icikibung.
Kumargi YP hiji-hijina sarana pikeun Kusnet babakti kalemah cai, nyangga darma ka ki Sunda, taya deui jalan, iwal ti ngabantu YP sareng mirosea Kusnet.
Postingan di milis, leres seueur pulunganeunana, namung moal atanapi sesah dibuktoskeunana dialam maya, nya jorojoy niat ngayakeun halal bi halal, sugan sareng manawi ari paamprok jonghok mah, tali silaturahmi janten raket, atuh obrolan-obrolan dina milis sareng lengkah-lengkah kapayun tiasa langsung dipadungdeungkeun.
Namung nyaeta kamampu sim abdi mung sakitu, tambih-tambih opat budak, hiji anak sareng tilu urang suan biayaaneun kuliahna.
Eta oge meungpeung sim abdi dititipan rezeki anu cekap (SANES LEUWIH !!), ari rezeki tea apan moal sami saeneng-eneng, boa isuk pageto mah abdi oge balangsak teu gaduh keur meser beas-beas acan.
Janten hapunten kasadaya para wargi, upami sim abdi ngagaduhan "rasa miboga YP sareng Kusnet", sok sanaos sim abdi teu ngiring marajian lahirna YP sareng Kusnet....!!
 
Neda agung nya paralun, jembar hampuran tisadaya para wargi ieu postingan ngahaja digebaykeun, malah mandar aya pulunganeunana kanggo para wargi anu aranom sareng para wargi enggal anu nembe ngiringan ieu milis.
 
Pihatur
ssw  
 
 
   


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke