Ba'da lebaran miang ti lembur kaping 8 Nopember tabuh 23.20 wib,  alhamdulillah dongkap ka Seoul ping 9 Nopember 2005 tabuh 06.50, kalacat kana beus jurusan Yoido, turun disetopan caket kantor.
Langsung ngantor, teu sempet guyang-guyang acan, ukur mandi ucing miceunan gorengan dina juru panon.
Kaping 9, 10 & 11 Nopember 2005, nyiapkeun bahan-bahan candakeun ka Pusan sareng meresan sesa administrasi.
Kaping 12 Nopember 2005, tadina bade dianggo reureuh sareng beberes rorompok, tabuh 15.00 aya telepon kedah kakantor.
Turun parentah kedah ka Pusan dinten eta keneh, tabuh 20.00 geuleuyeung ka Pusan nyandak mobil kantor, padahal Seoul - Pusan teh 480 km. jalan toll, tabuh 12.50 panon karasa tos beurat, duka pedah cape duka pedah panon serab ku lampu mobil, tabuh 01.20 ngarereb di kota Taegu, enjingna tabuh 07.00 neraskeun lalampahan ka kota Pusan, tabuh 10.00 dugi ka pos pangrereban.
Teu kacaturkeun kumaha paciweuhna salami sidang APEC, beres sidang APEC kaping 19 Nopember 2005, kaping 20 Nopember 2005, rombongan Presiden tour ka pembangkit tenaga nuklir, sontenna ngayakeun pertemuan sareng masyarakat Indonesia, lapur teu tiasa ngiringan, da kedah jaga posko.   
Kaping 21 Nopember 2005 tabuh 10.00 pesawat kapresidenan bade berangkat, atuh tabuh 04.00 barang-barang sareng crew pesawat kedah tos berangkat ka bandara Kimhae, kapaksa kedah tanghi pukul 03.00, tabuh 10.00 pesawat kapresidenan hiber.
Wangsul ka pangrereban tabuh 11.30, tadina bade mayar hutang sare sateu acan miangdeui ka Seoul, lapur da HP. disada wae, HP dipareuman krang-kring telepon kamar pangrereban.
Ba'da lohor, HP dipareuman telepon kamar pangrereban dicabut, lumayan tiasa mondok, nyaring tabuh 14.30 langsung ngabiur ka Seoul.
Tabuh 20.30 dongkap karorompok, saparantos ngucut-ngucutkeun seuseuheun, langsung masak super mi, beres sholat isya, langsung ngajongkeng dugika enjing.
Kaping 22 & 23 Nopember 2006, meresan laporan kagiatan.
Rancana kaping 24 Nopember 2005 (enjing) insya Allah tabuh 12.30 miang tirorompok, tabuh 15.40 ngabiur kalembur anu pidongkapeunana insya Allah tabuh 20.40 WIB.
Kaping 25 Nopember 2005, ba'da sholat Jum'at, ngabiur ka Cianjur, sontenna ngabujeng ngarereb di Villa Batan.
Mugia teu aya halangan harungan kalawan dipasihan kasehatan tiasa ngiringan HBH, sok sanaos sateu acanna aya wae gogoda anu ampir-ampir ngabedokeun rancana.
 
Pihatur
ssw
 

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke