Punten kang Syam bade ralat sakedik;

Da asanamah sanes “tipiNA urang bogor

Tapi; “TIPI URANG BOGOR

Teu ngangge “NA”

 

Punten ahh .. .. ..

 

Boa-boa gara-gara kang Syam salah, ke moal ditayangkeun .. .. heu heu heu

Geus kitu pang tarikna deui …

 

 


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of syam ridwan
Sent: 29 Nopember 2005 17:42
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] TIBELAT

 

Sanajan HBH kusnet geus kaliwat, tapi hatena mah masih keneh tibelat. Poe saptu isuk mangsa meletekna panon poe,sikuring geus saged, sikukut geus dipanaskeun, ban hareupna anu geus semu botak kusikuring diusapan bari ngagereneng sorangan " Wayahna lain dewek tega ka iling, da ari geus boga rijki mah ku dewek ge diganti, ngan omat ayeuna mah kudu sabar, tuh tingali kalender pan keur tanggal kolot, jeung deui wayahna dijalan tong nyusahkeun dunungan, komo aya niat hayang bitu mah, ngarti !" Cekeng teh kawas ka jalma wae, enya mun jalma mah meureun unggeukna ge sababaraha kali tandana ngartieun.

 

Numutkeun itungan, mangsa  dawuh geus  nincak ka padaringan kebek, bari ngucapkeun asma Alloh geuleuyeung sikukut lunta ninggalkeun pondok panineungan, diluhurna sikuring anyeucleu bari ngagelang gas. Najan  indit nyorangan, da sibarud balad sikuring ngadadak bedo, tetep sumanget  nuturkeun getih goib anu geus tiheula ngamalir tur ngamuara di vila Batan. Tamba tiiseun, kolotrak nyetel kaset hate,muka hariring anu kungsi apal timimiti lagu naha salah, jalir jangji tug ka lagu jujur,teuing ditujukeun kasaha hariring eta  nu puguh mah sok rus ras ka popotongan. Sapanjang jalan angger we mulak malik lagu eta, da enya nu apal teh ngan ukur eta etana.

 

Ngahaeub kebon nteh hawa mimiti nyilingit tiris,libido kontan naek, enya libodo hayang guras gares kulub jagong. Palebah pengkolan botol kecap anu sagede alaihim, reg eureun, ngalamun sakeudeung bari nyawang kahandap, teu diteruskeun da geuning kalahka rus ras deui, teu jauh ingetan teh ras deui ka popotongan. Sanggeus ngaliwat pengkolan taman bunga, disatengahing jalan bret hujan, kapaksa mapay mapay sisi jalan,ngan edas disisi jalan ge hujan, nya kapaksa ngiuhan dihiji warung, kaparengan nu nungguan warung teh awewe. Puguh we geulis da awewe. " Punten ari vila Batan palih mana ?" cekeng teh bari ngagular gilir peta. " Kirang apal !" jawabna pondok. "Ari toko Tasik ?" Enya matak nanya kitu ge dina peta teh patokanana toko tasik. "Toko tasik mah aya dua !" pokna deui. "Nu hiji dipalih lebak !" Ari nu hiji deui ?" kuring motong. " Nu hiji deui mah nya di Tasik !" jawabna semu heureuy.

 

Anjog ka vila Batan awak rancucut, asa kaubaran lantaran hawar-hawar aya tembang panineungan, duka siambu duka teh Iva anu keur manggung teh, Swer dah ! Nining Meida mah lewat! Sanggeus ngasah dampal leungeun alias salalaman jeung wadia balad kusnet, langsung we uplek ngobrol jeung teh ipeut, nyacapkeun kasono, da tibaheula can pareng amprok. Saterusna uplek ngobrol jeung MJ pleus kang Iim, timimiti rusiah ngajar cap heureuy nepikeun ka ngadodoho jodo basa keur jomblo. Kahayang mah hayang hiji hiji diajak ngobrol teh, ngan jadi barieukeun, eta atuh da loba nu herang. Basa keur soting jang tipi Bogor, alhamdulillah cicing teh pang tukangna, jadi nu katempo teh tonggong batur, najan kitu ge, ari waktu nyebutkeun "tipina urang Bogor" mah asana pangtarikna ngagorowok. Jaga mun enya ditayangkeun, heug aya nu nanya " Pajar atuh ngilu, geuning teu katempo ?" Nek dibejakeun we kieu. " Moal katempo tihareup mah, coba ningalina tukangeun tipi,pasti katingali da pangtukangna!"

 

Jam opat sore sabada pamitan kasadayana, utamina ka apih Sidik anu tos haat ngawaragadan ieu acara, oge ka panyicia  anu tos tihothat tianggalna keneh. Hatur nuhun tos diangken sareng tuangleueutna katampi pisan. Geus wakca tianggalna moal ngendong, da ceuk itungan padaringan kebek teh ngan ukur nepika jam opatan sore, ari peuting mah jadi padaringan ngerebek da katirisan. Atuh kaduana matak wakca moal ngendong teh lantaran poho teu mawa lilin, jeung deui jeung ngalilinan naon, da piraku kudu ngajak MJ nyalingker ka pipir koteg mah, ngadon niupan lilin. Beu !

 

Enya we itungan teh teu nyalahan, indit ngaligincing balik rangkibung da ngaborong jagong dijalan, najan asa dibobodo ari hareupna enya aralus, ari tukangna paretot. Nepi ka cimanggis nyalingker heula ka jongko, langsung we ngagedag pecel lele. Beuteung pul teng, kontan milotan sikukut ge jadi galuang galeong tunduh. Palebah cawang hape ngagurubug, seot heula kasisi, sihoreng teh ipeut sms. " Asa bagja boga indung peuting teh, tengkiyu teh ipeut, hoyong sakadang keom ? ke di sms nya he he !"

Beu meuni mabay, hapunten baraya !" Baktos (SR)

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke