Ass. Wr. Wb.
Sim kuring kaleresan tos taun katilu kuli di Cianjur, oge kaleresan pakulian teh payuneun SMA nu dimaksad tea. (Mugia musibah nu kaalaman ku SMA 2 janten pieunteungeun urang sadaya).
Katingal ku sim kuring mah seueur "upaya" nu sae nu dipidamel ku Pemda Cianjur + Ulama Cianjur, namung panginten masalah kamasiatan mah teu gampil ngalempengkeunana (masalah urang sadaya nu ayana sanes di Cianjur bae).
- Cianjur tos wantun ngalarang kegiatan Akhmadiah. Di masjid Akhmadiah jalan Muwardi, merk Akhmadiah-na tos teu aya.
- Perkawis kuda tea, Agustusan kamari oge si kuda oge ngiring pawey, namung nu naekna salah sawios ulama Cianjur (salah sawios upaya ngalempengkeun akidah da saurna kuda kosong nu parantos dilarang tea pinuh ku hal syirik). Bada pawey nu nunggangna ceramah di Masjid Agung Cianjur ngabahas perkawis kuda tea (ceramah rutin bada Dhuhur).
Punten akh bilih teu nyambung. 
Wassalam

joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Gun, punten sim kuring beda pamadegan + salira.
Aya kamasiatan di Wilayah Cianjur ceuk kuring mah teu
bisa ditibankeun kasalahanna ka Pemda Cianjur anu
hayang ngalaksanakeun syariat Islam. Punten sing
atos-atos ulang langsung vonis "salah", margi jelas
tujuanna sae, tinggal prakprakanna jiga kumaha.

Wassalam
Jaka

--- GUNAWAN YUSUF <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Punten teu disundakeun, hal ieu teu leupas tina
> kasalahan Pemda Cianjur anu dina slogan rek
> nerapkeun
> hukum Islam, tapi kanyataannaa wilayah cianjur loba
> dipake tempat maksiat, contona wilayah puncak,
> mustahil pemda teu uninga kana ieu masalah,
> lingkungan
> ieu anu janten pendorong tindakan asusila barudak
> sakola, Pemda Cianur lainna nutup tempat-tempat
> maksiat, malihan mah malah nutup kasenian nu tos
> ratusan taun contona budaya naek kuda dina agustusan
>
> Revolusi Seks Bangku Sekolah
>


     
           
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke