teh tien damang?????
 
muhun abdi nampi laporan ti cep runa saurna gerbang villa batan di tutup..
 
atuh abdi nelpon..ka villa batan..kaleresan di jalan macet jadi mastaka abdi rada panas. atuh deur we di geuleuneung  satpam na. saur abdi teh.. tahu ngak nanti ada tamu perempuan akan datang..masa harus nunggu.
 
ari walerannana teh..tenang bu mungkin dia salah masuk..hehehe enya geunign cep runa salah villa..ah dasar hanas we..
 
buru2 menta di hamnpura abdi teh..
 
 
salam
 
 
 
imas

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
He he...leres kang, kacipta diudag hansip....pajarkeun teh, anak buah Nurdin M TOP, meren teu ribut sarerea. Untung si teteh cerdas,..he he, mun heunteu si teteh pundung...heuheuheu....
 
ipeut

amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
haaaa...haaaaa kacipta teh mun harita jadi naek kana pager. tuluy aya anggota hansipnu garonda.....ngagorowok....bangsaaaaaaaaaaaaat.....aya bangsaaaat, kumaha jadina nya..... tapi untung aya kang maman gantra nugawartosan yen anjeuna parantos ngantosan di villa batan. sanajan tadinamah simkuring cangcaya aya sms ti kang runa rehna kang maman tos aya di cipanas. ari cek pikiran simkuring percumah naros kanu teu terang mah..teh tien. makan hayuh we pantona digedoran bari di gentraan......heug teh teu aya nu nolih2 acan.....
 
kumaha damang teh tien? kang maman?
 
salam

Haturan kang Amin.....
Leresnya kang...! urang sugema tiasa riung mungpulung sadaya baraya kusnet, ti nu anom, dugi ka nu sepuh, ti baraya enggal dugi baraya heubeul, asa nembe rame kieu mah. Kukituna si teteh oge ngahaturkeun nuhun kanggo sadaya panitia, kang Nanang, TEh Imas, teh Neny, kang Ikmal, cep Runa sapakanca, kum wae kasadaya panitia. Kanggo kang Sidik anu mangku hajat, hatur nuhun kang..! alatan akang HBH tiasa terselenggara.
Kang Amin, sanajan karek panggih tapi akang satia tur bageur, ti mimiti nungguan si teteh penutupan lokakarya di htl Ever Green, nepi ka di candak ka bumina, anu sakitu saena panampian ti kulawarga akang. Hatur nuhun pisan tos ngarerepot sagala rupina, teteh teu tiasa males, keun balesannana mah ti Gusti Alloh...amin
Dasar si teteh teu sabar nungguan kang Runa, hayang geura jung ka Villa Batan, nya ngurihit ka kang Amin menta dianteur da teu tebih ti bumi kang Amin.  Harita nungguan raat hujan, nya lahaola wae si teteh jeung kang Amin naek motor ngajug-jug Vila Batan tabuh 9 wengi, tos di jalan hujan ngaririncik ari barang nepi teh asup ka Vila, mani paroek euweuh jelema hiji-hiji acan, si teteh jeung kang Amin culang-cileng heran, bingung ceuk na hate naha teu acan persiapan kitu..? kumaha ieu teh..? terus tilpun teu aya anu nyambung, jeung sieun da paroek sepi deui, keur bingung aya satpam nyampeukeun, si horeng Vila teh lain didinya.
Biur deui neangan vila Batan bari utag-atog da poek, Kang Amin, ceuk si teteh boa ieu vila teh..? nya jrut turun bari nurunkeun barang lumayan loba, keur kitu aya anu ngaliwat duaan, ditaros ku kang amin, naha leres ieu vila Batan,.? Leres..kitu ceuk eta jelema, tapi naha di konci..? panto teh di teangan sugan aya lawang ti gigir, weleh teu kapanggih, nepi ka di gudrag-gudrag eta panto vila, di calukan sugan aya anu kaluar lebeng teu aya, Tung tungtungna kang Amin aya sababaraha balikan, neangan teu kapendak.., hadena aya sms ti kang Runa, miwarang tlp kang Maman, tadina mah ku kang Amin sms teh teu diandel, piraku kang Maman tos aya didieu, nya si teteh nyobian TLP si horeng enya kang Maman anu nuduhkeun ka VIla Batam, nuhun Kang Manan upami teu aya kang Maman si teteh moal miluan HBH, rek balik wae ka SBY......kitu, pangalaman si kuring jeung kang Amin, jadi nyalahan teh bisa dua kali...he he
 
ipeut
(keur ngawawas di Vila Batan, rek naek kuda teu jadi da karunya ka si kuda, dititah ngadopong heula supaya si teteh bisa naek, teteh teu bisa clak, antukna teu jadi...ha..ha..ha, bari hayang seuri harita )

amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Baraya sadaya... Alhamdulillah simkuring tiasa
dongkap di acara HBH di villa Batan kamari, tiasa
patepang sareng baraya sadaya anu parantos karaos ku
simkuring seueur paedah(carogena buedah) sareng
pangalaman anu teu di bayang(teu ngimpi-ngimpi acan)
salah sahijina tiasa tepang sareng teh tien -indung
peuting tea anu parantos kersa linggih ka rorompok,
sanajan simkuring teu tiasa ngajamuna tebih tina
ngabageakeun mah panginten.

   kukituna simkuring neda dihapunten hususna ka teh
ipeut geuning dicaliweurakeunnya ku simkuring dina
panampianna sakali deui neda dihapunten pisan.

    sakitu wae heula....ke di teraskeun deui



__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam 
http://id.mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com



Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Dibuana"
 
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke