sampurasun,

peuting, jalanan ti tempat kuli ka bogorkeun teu jiga sasari, rada lancar. anjog ka terminal bogor kira-kira jam 19.30 waktu bogor. lakadalah kabeneran rek meuli komik (biasana mah tara kaburu, sok geus tutup bae). teu lila nyimpang ka toko buku teh, sanggeus manggih komik nu di maksud mah langsung we muru angkot 06 jurusan ramayana-ciheuleut PP.

teu jiga sasari (deui-deui), nunggu angkot teh rada lila, biasana mah sakadang angkot geus ngadangong ngetem nungguan kuring. (moal dicaturkeun keur nungguanna mah) langsung we carita dina jero angkot. dina angkot teh geus aya 3 budak awewe umurna kira-kira 12-15 taun. maranehna keur guntreng ngobrol. make basa sunda, asa reueus euy, bungah, asa di lembur sorangan (heueuh padahal aya di bogor, tapi asa di lembur batur weee :().

aya nu matak kuring nyenghel. eta budak awewe tiluanna lamun nyebut maranehna teh ku kecap "aing".  kuring urang priangan, nyebut kitu teh, komo awewe mah masih nganggap keneh kasar.

loba nu ngaku embung ngagunakeun basa sunda kulantaran sieun dianggap kasar, ngaku hese ceunah basa sunda mah loba anuna (undak-usuk basana), mendingan make indonesa, ceunah. lamun ningali ka dongeng di luhur mah, sok hayang nanya deui, nu kumaha ari nu kasar teh? aya kitu basa kasar teh?

sakitu,


:::dh:::
diajar nyieun parab ucing, meng meng meng meng .... (daripada dipiheulaan ku kang didi?)
--
Lang lang ling ling
http://dudiherlianto.multiply.com/photos/

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke