Wilujeng Wengi kang Tatang oge Sadayana,

Kang Tatang hatur nuhun pisan kana saran-sarana ,cara nu ti akang ku abdi bade di cobian sareng cobi di kembangkeun,namung sok bilih aya saran-saran sanes ti warga kusnet sok lah ku abdi di antos pisan.

Seueur di lembur abdi kalebet pun kaka nya "jatuh bangun" dina usaha ieu jalaran ku harga pakan nu kacida awisna,nya sering oge dugi ka mung saukur damel  barijeung teu babatian.

Oge bilih aya buku-buku elmu pengetahuan anu aya kaitanana sareng hal ieu atanapi kursus anu husus sok lah abdi pasihan wartos,mamanawian bae ieu elmu tiasa nyiptakeun hiji usaha kanggo nyiasatan kana kaayaan perekonomian kumargi ku kanaekan BBM nu ngawang-ngawang.

Hatur nuhun di antos saran-sarana

Wassalam
Nana

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng enjing oge ka kang Taufik, sareng baraya sadaya.
 
Perkawis pakan, hanjelu pisan sim kuring samasakali teu gaduh pangalaman dina eta widang. Namung ari sakadar saran Insya Alloh. Komponen penting dina Pakan malih sok diimpor nyaeta "tepung ikan" Palebah dieu sim kuring heran kacida, margi negara urang kapan kaya lubak libuk ku lauk laut.Naha bet tepung ikan kudu ngimpor sagala??? Suuk, jagong, bungkil, jigahna janten salah sawios bahan pikeun Pakan.
Pamadegan sim kuring naha urang atanapi pamarentah teu ngembangkeun sumber-sumber bahan tadi tug dugi ka industri sapertos Pakan ternak/pelet. Kan kucara pilot proyek misalna di Sumatera (Lampung) gudang jagong, tiasa nyedot padamel sareng industri hilir jadi sumber kahirupan. Malih matak naon ngembangkeun bangkong sawah atanapi rawa-rawa jadi sumber gizi Pakan gaganti tepung ikan anu awis??
Jigahna mung kirang teknikna wae, sapertos kumaha ngaramu bahan-bahan anu aya. Di sawah Karawang ditakdirkeun aya Keong koneng jadi gulma pare?? Hikmahna eta keong anu baranahan teh digiling janten tipung. Sapertos eta teras dikembangkeun, kawitan kubibilintik, etang-etang panalungtikan (laboratorium) anu kadituna janten hasil maneuh Pakan gegentos, atanapi pilihan sanes (difersifikasi produk). Kacida untungna pikeun peternak saupamina aya pilihan pakan, komo lamun tiasa ngadamel kuanjeun mah; biaya produksi janten mirah. Kadituna sadayana untung, boh peternak, pedagang, atanapi konsumen. Janten kedah aya peternak anu ngawitan ngadamel Pakan nyalira, sanaos kubibilintik heula. Jigahna aya masalah dina nguji kualitas hasil, tah balebah dieu buntu deui gumantung laboratorium sareng tanagi analistna?? Numatak kitu peranan Pamarentah kedah ulubiung dina perkawis sarana-sarana tes kualitas, bantuan teknik, modal kerja, izin-izin, sareng sajabina.Sakitu heula anu tiasa sim kuring dugikeun, wallohu alam.
   
taufik sudana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
(di teukteuk sakedik)


Yahoo! Personals
Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke