Aduh, tambih betah we di Babakan Kusnet teh…geuningan seueur urang Sumedang…komo arapal ka Wado mah…nyaan asa di Lembur Kuring (rumahmakandeuiwae). RM nu sisi Cimanuk the pami namina Rumah Makan Nusa, muhun da raraos pasakanana. Cik bayangkeun baraya…tuang sareng sangu haneut, goreng lauk/papaisan, tempe goreng, sambel tarasi, kurupuk sareng lalab bari ningali alam nu sakitu endah…mmmmm…nyam…nyam… Subhanallah nikmaattt…pisan!
Hanjakal ayeunamah simkuring langki ka Wado, sanaos aya bumi diditu(Payuneun masjid ageung Ds. Cikareo Utara) da aki & nini tos teu araya, kantun Uwa & bibi we nu diditu mah…Aeh, muhun bilih aya alumni SMPN
 Wado...haturan…
Hiks, baraya punten abdimah sanes Akang, tapi Istri pituin…Ilyas mah nami pun Bapak hehehe…
Kang Engkos nuhun alamatna, InsyaAllah ke ngagabung di milis USA (Urang Sumedang Asli)
 
Rosma.
 
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On
Behalf Of Miih
Sent: Tuesday, December 06, 2005 7:00
 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: Spam:RE: [Urang Sunda] RE: murid enggal <<<=== SUMEDANG???
 
Deuh teh Nia meni hapal nya...RM anu sisi walungan khas sunda 
tea...Ikan
bakar teteh he,..he...
geuning seueur urang Sumedang teh,...teh Nia kumaha kabar tos jadi
acan...
abdi rek ngacung atuh ach....
 
Haturan kang Aldo, kang Yosep, Kang Ilyas salaman heula nya nepangkeun
abdi MIIH MUHAMMAD RAFFLY tea ai kawit mah ti Betawi ngan baraya seueur
di Cinaglang Darmaraja - Sumedang..
 
abdi oge sering bolak-balik antara JKT - Darmaraja, ke daerah Wado mah
abdi sering
 ameng....
 
mangga lajengkeun,...
Wassalam,

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke