Kang Oman sareng baraya sadaya,
 
Ngaraos reueus sareng ngarojong pisan kana kagiatan "panataran" kuncen kabuyutan ku Disbudpar Jabar ieu.  Mugia ka payun para kuncen tiasa langkung uninga kana naon anu jadi papancenna.
 
Aya hiji perkara nu kedahna jadi perhatosan urang sarerea pakait sareng panghasilan/upah/buruh/gajih/salary kuncen kabuyutan ieu.  Numutkeun informasi, gajih kuncen kabuyutan di kabupaten Bogor mung saukur 125rebu perak/sasih (samemehna dugi ka Juni 2004 mung 100rebu perak/sasih).  Kitu oge ditampina disakaliguskeun (dirapel) tilu sasih sakali bari sok dikeureutan heula ku "atasanna".
 
Upami diemutan gajih nu sakitu alitna dina zaman kiwari (rek sami sareng dana BLT pikeun rahayat teu gaduh), kedah tiasa nyekapan kana pangabutuhna sadidinten.  Asana teu sabanding jeung papancen nu jadi tanggelwalerna.
 
Padahal gogoda ka para kuncen teh sanes dikieuna, utamina ti para calo jeung kolektor barang antik (kalebet barang cagar budaya/kabuyutan) nu teras-terasan moro barang-barang titinggal karuhun.  Kumaha pami kuncen serab kana tawisan (rayuan) ti calo/kolektor anu mikahoyong ka barang pusakana.  Tangtos lami-lami ieu kabuyutan bakal musna.
 
Urang panginten alim kajadian sirna-na kabuyutan Arca Domas Cikopo tumiba deui ka kabuyutan nu lian.  Turta dina abad XIX dugi ka abad XX situs Arca Domas (Arca 800 tangtung) Cikopo sering pisan dilaporkeun boh ku pajabat Walanda oge ku panaluktikna.  Dina taun 1960-an eta kabuyutan masih keneh sering dijugjug ku rombongan ti sakola-sakola SD, tapi dina taun 1970-an ieu titinggal karuhun teh tos ancur, kiwari mah tos teu aya tapak-tapakna acan.
 
Tapi di kabuyutan nu sanes, sapertos di Gunung Cibodas Ciampea, Genep arca tiasa dialihkeun ka musieum, mung hiji arca nu raib.
 
Wangsul deui ka tugas kuncen.  Tos rada lami wanoh ka Pa Ending, hiji kuncen kabuyutan Arca Domas Cibalay (Situs Megalitikum jiga nu di Gunung Padang).  Di kabuyutan ieu aya 3 lokasi kabuyutan anu jarakna kirang langkung 4 km ti hiji tempat ka tempat sanesna.  Di situs pangageungna, lega wilayahna teu kirang ti sa-hektar.  Medan (topograpi) di tempat ieu nyaeta jalan gunung, bubuhan lokasina aya di tonggong Gunung Salak.  Tah, Pa Ending ieu kedah "ngontrol" ka kabuyutan unggal dinten, ti enjing dugi ka sonten, sering oge anjeunna mondok di saung kabuyutan.
 
Ari prak teh, diburuhan mung ukur 125rebu perak........ Asa kacida........
 
Baktos,
pun hendra
urangbogornusokaprakaprakankakabuyutan
 
 


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya Sunda sa-alam dunya,
 
Ieu mah seja iber wae.
1. Panataran para kuncen.
 
Kagiatan anu kahiji judul lengkepna: "Penyuluhan Juru Pelihara dan Kuncen Se-Jawa Barat",. Nya kaasup salah sahiji acara panataran atawa sosialisasi tea.  Geus dilaksanakeun kagiatan sosialisasi anu ieu mah nyaeta salila dua poe (Rebo-Kemis, 23-24 Nopember 2005 di Panjalu (hiji kota kacamatan di wewengkon Kabupaten Ciamis beulah kaler). Anu boga hajatna: Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan (Disbudpar) Jabar. Alhamdulillah, si kuring kaparengkeun nungkulan bubuka eta acara, malah sakalian nganjang ka patilasan Bumi Alit jeung Situ Lengkong, bareng jeung  rombongan panitia ieu acara.
 
baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Yahoo! Personals


Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke