Aduhh karunya teuing kang MH.. meni di dadago kieu
bade di watesan dugi ka no sabaraha pangdagona ??
 
punten sateuacana abdi bade ngenalkeun heula
Nami : Kamal
Kawit : Pun Bapa Ti Purwakarta Pun Biang Batawi asli
Lahir dugika ageung di Batawi. Kantos sakola di Purwakarta ti kelas 1 SMP dugika tamat SMA
saur abdi mah basa sunda teh hese lamun urang kedah nyarios nganggo undak usuk basa
tapi pami urang nyarios ngangge basa loma Insya Allah norolang alias lancar kusabab abdi di ajar basa sundana ka rerencangan anu tangtos basa sundana basa sunda gaul tea panginten. Alhamdulillah ti samprak ngiringan kusnet ( agustus 2002 ) abdi kenging seueur elmu sareng wawasan perkawis basa sunda sareng sejarah sunda. janten ayeuna abdi sakedik2 terang undak usuk basa sunda sanaos sakedik pisan. kumargi kitu dina waktos ieu abdi oge neda di hapunten ka para sesepuh kusnet pami dina acara2 Kopdar abdi teu tiasa ngobrol ka para sepuh kumargi abdi sieun lepat ucap anu tiasa ngabalukarkeun raheut kanamanah.
 
tah mung sakitu pamendak abdi teh kang MH, basa sunda teh hese lamun kudu make undak usuk basa.
hapunten bilih aya kecap anu lepat panempatan nana.
 
= Kamal =
----- Original Message -----
From: mh
Sent: 07 December, 2005 7:27 AM
Subject: [Urang Sunda] basa sunda hese --> PANGDAGO 2

Baraya,
Hehehe, kuring mah rek keukeuh we. Urang neruskeun kuesioner deui yeuh. Dugi ka danget ieu, respondenna tos aya 35 jalmi, kamari katambihan 5 responden.

Kanggo baraya lianna, mangga diantos responna, ieu patarosanana:

"Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh hese?"
   
Pituduh: Pikeun jawabanana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres  hese  naon hujahna? Upama, ah henteu hese cenah, kumaha alesanana?
 
Baktos,
MH
-----------------

Pangdago 2
31. aldo desatura
32. h. sukana
33. akos kosasih
34. dudin
35. budi setiawan
-----------------------------------------
Pangdago 1
27. kang maman
28. yosep hania
29. engkus ruswana
30. mia
---------------------
1. kuring (mh)
2. joko tingkir
3. kumincir
4. durahman
5. boim
6. hasan supriadi
7. cecep wahyu
8. puspita w.
9. msasmita
10. rahman
11. indung peuting
12. asep subandi
13. tito suryana
14. oman abdurahman
15. dudi herlianto
16. nenny nenden
17. ujang kemod
18. ikmal
19. aqis fairuz
20. roni suarsa
21. deny suwarja
22. rahdiani nurulaini
23. miih
24. tarawadul
25. runa irawan
26. yudi rosandi
------------------------


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke