duh meni resep yeuh pami dina cariosan mah ngagalindeung halimpu ieu waleran serat teh.
punten Teh Titi asa aya nu kagok seratan lumeungis sareng peudah.
ari nu leres na naha lumengis sareng pedah kitu.
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, December 07, 2005 9:37 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran ---1---

Kahatur salira

Nu sok manjang kapiraray

 

 

Salam katresna ti katebihan

 

Hapunten pami ieu serat nembe diwaler. Da puguh abdi nembe lebet damel deui sabada harita teu damang. Ah duka ku naon atuh kamari mah asa rus ras basa ngawawaas lalampahan anu lawas, ngahelas. Asa teu percanten pami salira bakal ngantunkeun abdi. Asa teu percanten lamun rasa bogoh anu keur pogot kudu peunggas ditengah jalan. Padahal nya Engkang, hirup mah poe ieu. Isuk jeung pageto, kakara ngelemeng dina wangwangan.

 

Kamari abdi lumeungis asa leungiteun pamuntangan. Kamari mah abdi lir kapeteungan taya geusan pangeunteupan. Asa ku teungteuingeun anjeun…sulaya kana jangji sanaos abdi sadar yen rasa mah sakapeung hambar. Tina cinta kana cidra, sakilat mindah rupa. Tina deudeuh jadi geuleuh, henteu kenging disisieuh. Upami enya tea mah salira tos gaduh nu enggal, ah abdi mah bade sadrah we, bade nampi kana kulak canggeum bagja awak. Ngarumaoskeun diri da abdi mah puguh laip. Piraku jalmi siga Engkang kersa ka abdi nu teu aya pupurieunana.

 

Engkang, langit anu tadina ceudeum teh bet ngadadak bengras basa abdi nampi serat ti Engkang. Naha leres eta teh, Kang? Yen serat kamari sanes ti Engkang? Naha leres Engkang masih satia satuhu nyepeung jangji nu kantos medal antawis urang duaan. Ah asa teu percanten tapi ieu hate janten bungangang, bingah pisan. Tatu teh ngadadak lita, teu geutihan deui. Hate nu pias koneas teh ngadadak jadi kayas. 

 

Lamun seug abdi gaduh jangjang hoyong ngapung ngawang-ngawang, nyusul anjeun dipangumbaraan. Najan dipisah kusagara, kaamparan banua, da meureun masih salangit, hate urang tetep ngait.

 

Engkang, pami tea mah leres naon-naon anu diserat kamari teh, sok atuh buktoskeun. Kuabdi diantos pisan dina sasih Rayagung. Engkang teh leres-leres bade mileuleuheungkeun abdi? Sanes mung ukur saheureuyeun wungkul? Sugan ngimpen kitu ieu teh? Ah keun wae ketang ngimpen oge asal ulah waka gugah we. Sono keneh kana endahna, resep keneh nguping galindengna. Leres Engkang, lagu cinta mah kareueut teu nganggo gula ge.

 

Ari pikeun abdi piraku bade nampik, naon atuh hartosna kasatiaan salami ieu, naon atuh hartosna kasabaran nganti ari dina waktos ngala buahna kalah ka ngejat. Mangga Engkang, ku abdi diantos di rorompok dina sasih Rayagung. Tong hariwang peudah rarebo ukur ku kasono, ulah sieun peudah angkaribung ku rasa rindu, da pan ATM Engkang atos aya di abdi, kantun ngagesek.

 

Peudah eta Engkang hoyong ka Villa Batan, hayu atuh, abdi mah ngiringan kumaha salira, bade dibeureum bade di hideung teu langkung. Abdi oge moal sieun ku rametuk, moal inggis ku nu ngolebat salami masih aya engkang disagigireun abdi. Atuh ari tos ti Villa Batan mah bade sosonoan deui sabari mapay-mapay Cipularang, mangga teh teuing, asal Engkang kersa we ngagandong abdi. Maenya atuh Engkang tega ningali dampal abdi lalecet alatan aspal mah.

 

Jungjunan pangharepan ati, mapag wanci nu bakal kasorang, urang silih du'akeun mugia Gusti Nu Maha Kawasa maparin kakiatan ka umatna anu seja ngawangun rumah tangga sakinah. Sasih Rayagung bakal nyungsi, abdi bakal nganti salira nu tetep dipikaemut. Sok samar polah pami emut kasalira teh. Henteu siang henteu wengi, kitu lepat kieu sanes. Kalangkang anjeun teu ilang-ilang ti emutan abdi, saban menit saban detik nu aya teh ngan salira hungkul.

 

Diantos dina sasih Rayagung, kade ulah ngaheureuyan deui, bilih abdi enyaan pundung. Pami seug abdi pundung teras nampi duriat nu sanes, naha Engkang moal kaduhung? atanapi eta pisan anu ku Engkang di seja?

 

Sakitu wae nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah neda hapunten, da Engkang ge pan uninga abdi mah teu tiasa nyerat anu ngawirahma siga para bujangga. 

 

 

Nu teu weleh mikasono.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke