Innalillahi wa inna ilaihi rojiuun
Mudah-mudahan arwah almarhum kang Udin ditampi iman Islamna, sareng dihapunten kalepatanana.

Kutan Bah Willy teh, sok apruk-aprukan ka alas Borneo. Boa-boa kungsi tepung sareng kapi lanceuk kuring, Kang Cece Supriatna, urang Leuwigoong. Dina tahun 80-an, kapi lanceuk oge kungsi udar-ador, mimilu jadi jari ukur jeung tim juru ukur di kampusna Bah Willy ka leuweung urang Dayak.

Salam,
MH

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Din ..... kuring ngarenjag terus ngajentul waktu meunang telepon
janari ti Serpong cenah Udin teh geus "mulih". Kuring ngajentul
Din, inget ka pangalaman urang di waktu masih babarengan keneh
sok apruk-aprukan di di lembur-lembur malah di leuweung. Asa
kamari keneh, padahal mah eta teh di taun 1980'an. Enya Din, teu
karasa geuning waktu teh. Teuing naon atuh nya Din nu geus
dipigawe ku urang di dunya ieu, hirup teh jiga ukur nunutur
indung suku.

Din, kuring bieu nempoan foto jeung nempo catetan harian kuring
di taun 1980an. Inget henteu  waktu harita nekad nyarter parahu
ti Bontang ka Sangkulirang, da ari sugan teh deukeut. Ari pek teh
angkleung-angkleungan di laut meunang dua poe. Meureun udin
inget, waktu turun di dermaga di SNgkulirang, kuring sosolontodan
jiga nu mabok, da puguh lieur, dua poe di laut dina parahu
leutik, diayun-ayun ku ombak. Udin kalahka nyeungseurikeun ......

Din ..... Inget henteu waktu di Sangkulirang dahar teh murah wae,
satengah digratiskeun? si ibu nu boga warung, nu "rangeteng"  ku
huntu emas jeung beungeutna camihak ku wedak kandel teh sok
dulak-delek wae ka Udin jiga nu naksir, tepi ka dahar oge
satengah teu mayar. Harita ku kuring apan Udin teh dihucuhkeun
bisi bae bade meunangkeun urang ditu, Udin kalahka ngambek. Inget
henteu tukang warung di Handil D Samarinda nu persis  jiga Elvi
Sukaesih, tepi ka Udin tetep hayang ngopi wae di warung eta.

Loba nya Din, pangalaman babarengan teh. Babarengan diudag-udag
anjing salembur di Bali. Babarengan susahna apruk-aprukan di
leuweung Kalbar.Papisah teh Udin dipindahkeun ka Serpong ari
kuring mah tetep we di Bandung, jeung angger dina pagawean nu
baheula. Urang jarang panggih. Ngan ngadenge beja cenah ente teh
keuna stroke. Tapi geus cageur deui. Pan waktu papanggih
halal-bi-halal taun kamari ge urang papanggih, Udin teh jagjag.

Hanjakal Din, kuring teu bisa ka Serpong, nganteurkeun Udin ka
tempat "istirahat" Udin nu salilana di Serpong. Kuring ngan ukur
bisa ngadoa Din, Mudahan-mudahan arwah Udin ditampi amal Ibadahna
ku Allah Swt.


WALUYA
Panineungan ka Udin, Ex Juru Ukur (surveyor) kuring di taun
1980'an, nu ngantunkeun kamari 13 Desember 2005





=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke