Ngiringan ahhh.......
 
* Wasta: Cecep Wahyu
* Nenehna:  Ule ( ku lanceuk jeung babaturan di Sekepanjang ( Cicadas )
* Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat surelek/e-mail, ramatloka/website, jsb.):
   Email : [EMAIL PROTECTED] , [EMAIL PROTECTED] , [EMAIL PROTECTED]
   YM na : kang_ule
   Website : naonnya multiply tea kitu?? http://kangule.multiply.com
* TTL: Tutugan Leles, 23 November 1974 ( saprak SMP ganti jadi Bandung tempat kalahiran teh...bae ah.. nu penting taneuh Sunda keneh )
* Kawit:  Gg. Sekepanjang I, Cicadas Bandung.
* Padamelan:  
- PT.Philips Industries Batam, P. Batam, ti 24 Mei '95 - 24 Juni '99, bagean Store sakapeung mantuan Shipping ( EXIM )
- PT. Pepperl+Fuchs Bintan di KIB Lobam P. Bintan, join ti 07 Jan '00 nepi ka ayeuna, di bagean Store&Shipping
 
* Kasang tukang atikan & bibit buit:
   Ngalaman Sakola Negeri ngan SD wungkul da beleut... ngalobakeun ulin...
   SD: SDN Cikutra III, lulus thn 1987
   SMP: SMP YBBG lulus tahun 90 atawa 91 nya?
   SMA: SMA YBBG ( deui ) da ku lanceuk dicarekan.. teu asup negeri jadi kadinya deui.. lulus tahun '93
kaitunamah ngeusi waktu ku kursus basa Araringgis... da rek kuliah teh karunya kanu jadi kolot beurat ku beayana...
 
pun biang turunan Sumedang - Solo, kalahiran Ambon tahun '40, pun bapak Garut Aseli lahir tahun '1936
kuring anak ka 7 ti 7 anu aya ( cenah meun aya sadayana mah dugikeun ka 11 ;p )
Ayeuna Alhamdulillah tos dipaparin rijki anu ageung nyaeta budak awewe hiji umur 1tahun 10 bulan, pon kitu deui gaduh istri anu oge nembe hiji..heheheee...
 
Ieu mah pikeun ngabantu kana jejer lalakonna, teu langkung ari guluyurna mah:
* cukang lantaran ngumbara    
   * geus sabaraha lila ngumbara
* aktivitas/kagiatan
 
Bisa ngumbara ninggalkeun Bandung teh saleresna mah cukang lantaranna anu jadi lanceuk anu pangais bungsu, manehna meureun rieuteun ningali anu jadi adi ngan kukulintingan teu puguh, antukna manehna ngawadul ka kuring, ngajakan ka teun babaturanna tapi nitah make pakean rapih jeung di sapatu deuih.. ai pek geuningan di ajak ka DepNaKer. nya tidinya kuring langsung ngapung ka Batam, da kabeneran test jeung interview teh langsung lulus... padahal Surat lamaran teu lengkep.. bae ah, da geus lulus ieuh.. ceuk Tunas Karya teh
 
* Mimiti ngumbara ka Pulau Batam tgl 24 Mei '95, damel di PT. Philips Industries Batam, Factory DAP ( ngadamel Setrikaan sareng Hair Dryer)
  dugikeun ka tanggal 24 Juni ;99
* 25 Juni '99 dugikeun ka 6 Januari 2000, janten pangangguran Batam, ngalamar kaitu kadieu ditolak wae da geuningan lulusan S3 mah di
  tolak terus, sanajan aya pangalaman oge.. antukna lumpat deui ka Tunas Karya make jasa Tunas Karya deui...
* 07 Januari 2000,mimiti join jeung PT. Pepperl+Fuchs Bintan nepikeun ka ayeuna, didieu kuring hayang ngabuktikeun ka diri sorangan jeung ka jelema jelema anu sok nganilai US teh ogoan, elehan, jrrd nu goreng gorengna wae.. oge hayang ngabuktikeun sanajan lulus sakola ngan ukur nepi S3 ( SD, SMP, SMA ) ditambah Swasta deuih kuring bisa bersaing jeung anu boga titel Sarjaun, meun bisa kudu leuwih.. Alhamdulillah oge kalaksanakeun, berkat do'a tinu jadi indung jeung bapa, jeung utamanamah pasti tina usaha diri sorangan oge kuring kudu nganuhunkeun ka jelema anu geus nyieun kuring nyeri hate, anu nyebutkeun lulusan SMA bisa naon?? paling ge ukur jadi kuli dedeukna! anu istilahna mecut kuring sangkan kuring bisa!!!!!!!!
 
Alhamdulillah, ( deui ) ku ngariungna kuring di Lembur BaKus, kenal jeung baraya Sunda anu teu di Batam wae tapi di sakuliah dunya.. seueur pisan mangfaatna sareng elmu anu ku abdi katampa, hiji bukti basa kamari nga SMS kanu jadi lanceuk di Bandung, teu palercayaeun meun eta SMS teh hasil kuring sorangan, da biasana teu bisaeun basa Sunda lancar komo jeung make sunda anu alusmah merenah jang kanu leuwih kolot.. biasana oge bisana kasar.. dimana meun keur ngomong kanu leuwih kolot make basa Indonesia da sieun dicarekan
intinamah seueur anu dipulungna sareng mangfaatna ngariung di lembur Bakus teh...
 
panjang teuing ahh.. bisi ke disebut cerpen... da meun dicaritakeun kabehmah keh bisi jadi novel malah..heuheuheuheu... tinu panggorengna anu loba jeung tinu alusna anu ngan saeutik... pokoknamah di Batam mah Urang Sunda jadi Idola... ner teu kang Adi juragan Onta van Abu Dhabi? ;)
 
cag ahhhh
 
Baktos,

Çéçép Wahyu

PT. Pepperl+Fuchs Bintan
Jl. Asoka Lot SD 56-57,53
Bintan Industrial Estate
Lobam -Bintan Island
Indonesia 29154
Telephone: (62) 0770-696678, ext: 213
Facsimile: (62) 0770-696677
[EMAIL PROTECTED]
www.pepperl-fuchs.com

Signals for the world of automation
--------



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke