Assalaamu `alaykum,

Waktos di LSS, kungsi maca dina hiji buku ngeunaan Tembang Cianjuran,
nya cenah aya 6 wanda Cianjuran téh:
1. Papantunan
2. Rarancagan
3. Jejemplangan
4. Dedegungan
5. Kakawén
6. Panambih/Sekar Tandak

Bentén hiji sareng sanésna.. abdi kirang apal :)
Punten sugan kang Hepi tiasa pangajelaskeun.

Wassalaam,
-Dian-

On 07/12/05, Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngiring nambihan
>
> Kacapi suling mangrupa instrumen musik kacapi sareng suling kanggo mirig
> kawih atanapi tembang,  tiasa  tembang sunda cianjuran atanapi kawih kawih
> sunda lain sapertos kakawihan mang koko, oge kawih pop sunda
>
> Tembang sunda cianjuran di bawakeunana teh dua rupa, ngawitan mamaos
> diteraskeun ku panambih,  mamaos = tembang nu teu aya ketukanana , ari
> panambih mah nya kakawihan biasa
>
> Tina mamaos kana kawih panambih biasana mah aya pakemna atawa setelannana,
> mamaos sareng kawih panambih laguna klasik
>
> Degung magrupa instrumental musik kenong goong,kendang jeung nu sanesna,
> osok dipake mirig kawih pop sunda atanapi tembang cianjuran, lamun seug
> mawakeun tembang cianjuran utamana nu dikawihkeun teh kawih panambih, ari
> mamaos mah teu pantes di pirig ku degung
>
> -hepi-
> kapungkur sok ngacapi
>
>
> ----- Original Message -----
> From: kang boim
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Wednesday, December 07, 2005 3:27 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] cianjuran jeung kacapi suling (elmu anyar)
>
> Punten ah...
> sakedik nambihan, sigana bedana antara kacapi suling jeung cianjuran teh
> dina lagam atawa wirahma na ari kacapi suling mah lagam na teh
> ngaharib-harib kana rasa gumbira jeung alat musikna ku kacapi rincik jeung
> suling (kadang teu make suling ge tos genaheun) jiga lagu anggrek japati
> jrrd. Lamun tembang cianjuran mah lagam atawa wirahmana teh melas melis loba
> cekokanana (naon nya istilahna teh) jeung sok ngagambarkeun gerentes
> eusining hate, ari pamirig tembang cianjuran mah ku kacapi indung jeung
> kacapi rincik panerusna + suling (mun teu salah mah sulingna oge khusus).
> punten ah ieu mah rada ngacapruk jeung sabulang bentor, maklum sanes ahlina
> ukur resep jeung reueus kana kasenian sunda...heheh (nya ari nakol goong bae
> mah insya Allah...heheh)
>
> Cag...ah, nuhun.
>
> "kudjangs kembar"
> (urut tukang goong)
>
>
> On 12/7/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Hatur nuhun mang Oman,
> >
> > nambahan elmu kuring yeuh, (salah sahiji kauntungan cicing di bakus).
> > Mang, sakitu ge ceuk kuring mah eMang teh ahli he he he he...
> >
> >
> >
> > >
> > > Ngeunaan bebedaan sejenna (jumlah alat musik, cara maenkeunana, wirahma
> lagu, jst). sumangga anu ahlina dihaturanan sumbang pamadeganana.
> > >
> > > baktos,
> > > manAR
> > >
> > > ________________________________


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke