Baraya,
Urang neruskeun deui kuesioner basa Sunda. Hehehe.
Dua minggu katukang, rengse madungdengkeun perkara ieu: ari basa Sunda naha enya hese?. Respon ti baraya garis badagna mah, bisa dijadikeun dua bagian: basa lisan jeung basa tulisan. Hasil noong sementara, nu sok dianggap hese teh pangpangna basa lisan merenah jeung basa tulisan. Hasil salengkepna, engke urang dongengkeun.
 
Ayeuna urang teruskeun, kana pananya kadua:
 
"Cing numutkeun baraya sadayana, ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"
 
PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana pentingna. Upama teu penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu jawaban teh penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang boga argumen nu kuat pikeun diri masing-masing, upama hayang milu mulasara basa Sunda. Hehehe.
 
Salam,
mh
 
 
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke