Ukuran nu disebat korupsi, kolusi sareng nepotisme (KKN) teh
benten-benten, teu sami di tiap masyarakat. Di nagara ARab Saudi
atanapi Brunei,sagala panghasilan nagara lebet kana "rekening"
raja. Raja anu ngatur mana nu keur anjeunna (+ kulawarga besarna)
jeung mana nu keur rakyat. Sultan Brunei kaasup jalma
pangbeungharna di dunya, kitu deui kulawarga karajaan Arab Saudi,
nu umumna lubak-libuk ku harta. Naha ieu disebat korupsi? Ceuk
urang Arab Saudi atanapi urang Brunei mah, meureun henteu, da
memang kontitusina kitu. Raja di Arab Saudi jeung di Brunei
ngangkat menteri atawa pejabat luhur sejenna sadayana kulawargana
(anak, adi, lanceuk, alo jst). Naha ieu lebet nepotisme? ....ceuk
urang ARab Saudi & Brunei mah meureun henteu, da ilaharna kitu.

Kumaha ari Raja di Nagara-nagara barat atawa di Jepang? baheulana
(200-300 taun katukang) mah memang kitu. Tapi lila-lila
kakawasaan raja, dileutikan tepi teu boga kawasa nanaon. Raja di
nagara-nagara eta ukur jadi lambang jeung "kaheureuyan" ngagosip
rakyatna. Raja teu bisa ngangkat Perdana-menteri, teu bisa
ngangkat menteri, komo bari ngumpulkeun panghasilan nagara mah.

Jadi, ceuk kuring mah, nu disebut KKN teh, timana heula
ningalina. Matak kuring mah teu bisa nyebutkeun aya korupsi di
jaman Mataram atawa jaman para "dalem". Da nu disebut korupsi mah
hiji ukuran atawa niley nu berkembang di jaman ayeuna, lain jaman
pangawasa "absolut" jaman baheula (ayeuna keur di ARab Saudi
jeung Brunei mah).

Baktos,
WALUYA



> Ceuk kuring mah korupsi geus aya ti baheulana oge, Malah ti jaman
> Rasulullah SAW oge geus aya tabe'at model kitu (nyaeta tabe'at
> koruptor). Ceuk ceunah dina hiji hadits (duka riwayat saha? Cik
> pang bejaan kuring. Mun salah pang benerkeun)  mangsa Rasulullah
> SAW mulih perang (duka perang naon? Mangga wartosan sim kuring).
> Anjeunna tos ngawawadian ka para sahabat sangkan adil ngabagi
> hasil rampasan perang. Ulah aya nu disumput-sumput. Mana kitu oge
> meureun model penggelapan jeung manipulasi data geus aya dina
> jaman harita.
>
> Baktos,
> Om TEDDY



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke