hahahhahaha
leubeut....naonana atuh Neng Nur anu leubeut.....boa raweuy
tah.....ari keur kieu pentingna basa sunda
sip lah nepangkeun...simkuring oge keur diajar deui
eta we heula kaburu nyeri beuteung......
-----Original Message-----
From: Nuraini [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 20, 2005 9:00 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com; kisunda@yahoogroups.com; barayasunda; gankleboy; us-di-us
Subject: RE: [Urang Sunda] KUESIONER: Basa Sunda Penting? --> argumen

Assalamualaikum wr.wb
 
Kenalkeun abdi teh nembe leubeut milis ieu tapi hapunteun nya bilih basa sunda abdi rada teu pararuguh da rada hilap deui ma'lum tos lami ngumbara jarang nganggo basa sunda.
Abdi teh bade nyuhunkeun tulung saha anu gaduh kamus basa sunda atanapi koleksi nami nami dina basa sunda sareng hartosna kirimkeun atuh ka abdi lewat internet bae. Soalna abdi teh nuju milarian nami kanggo calon putra/putri abdi tapi nganggo basa sunda. DIANTOS NYA DA ABDI TEH SAKEDAP DEUI BADE CUTI.
 
Wassalam,
Nuraini
-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 20, 2005 8:24 AM
To: kisunda@yahoogroups.com; barayasunda; urangsunda; gankleboy; us-di-us
Subject: [Urang Sunda] KUESIONER: Basa Sunda Penting? --> argumen

Baraya,
Urang neruskeun patarosan kuesioner kamari:

Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"

Hadena mah jawabanana tong saukur "enya/henteu", "satuju/teu satuju", tapi lengkepan ku ARGUMEN. Hehehe. Upama penting lebah mana pentingna. Upama tos teu penting, naon alesanana. Kaci upama make alesan toongan dina jihad pulitik, ekonomi, sosial, budaya, agama, atawa jurutinggal ("sudut pandang") naon wae.

Ceuk itungan upama urang apal kana penting henteuna basa Sunda, urang baris boga titincakan nu pasti. Upama basa Sunda rek dimumule, urang boga alesan nu kuat pikeun nyiar tarekahna. Upama basa Sunda teh rek ditinggalkeun wae, moal ngarasa dosa teuing. Hehehe

Mangga diantos nya, ARGUMEN-na.

Salam,
MH


======= 
PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana pentingna. Upama teu penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu jawaban teh penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang boga argumen nu kuat pikeun diri masing-masing, upama hayang milu mulasara basa Sunda. Hehehe.




=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke