Mangga kang, hayu lah.....
Mangga saha deui anu minat dina ieu wadah ekonomi teh ?
Mugi wae ku ayana ieu Koperasi Amanah Sunda (KAS), tiasa 
ngamajengkeun paekonomian US. Amin...
Mangga lajeungkeun..
Mangga kang agus dilajengkuen...


On Mon, 19 Dec 2005 23:19:17 -0800 (PST)
  Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari kang Agus geuning no HP teh sababaraha kali SMS teu 
>dugi wae ??? Plexi kitu?
>  Kuring aya minat ulubiung dina usaha Koperasi Amanah 
>Sunda, tapi usahana naon? di mana? Mun aya mah kedah aya 
>oge anu koreh-koreh cok, sapertos warung ampera di sadaya 
>kota, komo mun tiasa di luar nagara mah. Da urang walanda 
>jeung urang Jerman oge saredepeun eta teh goreng endog 
>lauk sareng sambel tarasi dicoel lalaban sarupaning 
>leunca terong sareng sajabina. Ulah anu lami panen 
>sadayana. Urang lawan lah KFC, TEXAS, MD, anu USA ku 
>Sangu Timbel Complit anu US
> tiasa nya? Wallohhualam,-
>  
> "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> 
>wrote:
>        Assalmu’alaikum Wr, Wb.    
>  Sampuranun.... 
>  Kumaha arandika wargi Bakus? Daramang? Mugi-mugi bae 
>sing daramang, salamina aya dina nik’mat sehat oge 
>nik’mat iman.. Amin ya robbal alamin....
>   
>  Wargi sadayana,
>  Salah sahiji kaputusan rapat DES di Kebon Raya, Bogor, 
>urang rek ngadegkeun koperasi. Ngaranna Koperasi Amanah 
>Sunda -- disinget KAS. Kaula ditunjuk salaku 
>koordinatorna -- lain pangurus, da pangurus mah engke 
>dipilih ku anggota.
>   
>  Tah, salaku koordinator, kaula rek nohonan naon-naon nu 
>ti heula dijangjikeun: Muka rekening pikeun panampungan 
>calon anggota, saencan eta koperasi boga rekening 
>sorangan. Oge, nyieun polling pikeun nangtukeun sabaraha 
>kuduna simpenan poko jeung simpenan wajib eta koperasi.
>   
>  Saha nu arek jadi anggota, sok kirimkeun simpenan wajib 
>jeung simpenan pokona ka :
>   
>  BCA KCP Percetakan Negara
>  No. 7420092037
>  a/n MAMAN GANTRA
>   
>  Dumasar kana polling, gedena simpenan poko Rp 1.000.000 
>(Sayuta), bisa dicicil salila 10 bulan. Anapon simpenan 
>wajib Rp 50.000 (Lima puluh rebu) sabulan. Jadi, sing 
>saha nu hayang jadi anggota, dina 10 bulan kahiji mah 
>setorna teh Rp 150.000 (cicilan simpenan poko jeung 
>setoran simpenan wajib). Simpenan sukarela mah nya 
>saridona. Rek sabaraha oge meunang.
>   
>  Sing sakur nu setor atawa transfer ulah poho ngaemail 
>ka kaula, nu di-cc-keun ka Kang Runa, bari nyebutkeun 
>bukti setor, jumlah, tanggal, ngaran, jeung bank tempat 
>ngirimna.
>   
>  Satadina mah rek nyieun rekening bersama. Tapi, ku 
>alatan perkara administrasi, oge waktu, eta rekening 
>bersama (nu oge sipatna sementara) teh can bisa keneh 
>dijieun. Ahirna kuring nginjeum rekening salah sahiji 
>pangurus Yayasan Perceka (Kang Maman Gantra). 
>   
>  Insya Allah, kahareup, di mana anggotana geus jelas 
>saha-sahana, oge pangurus jeung kumaha ketakna, KAS bakal 
>nyieun rekening nu maneuh. Ieu mah saheulaanan bae. 
>Sementara. Pan, peminat atawa nu boga karep kana ieu 
>koperasi ge ayeuna mah can puguh saha-sahana. Malah, can 
>puguh aya heunteuna. 
>   
>  Keur ngajaga hal-hal nu teu dipiharep, buku jeung kartu 
>ATM eta rekening teh dicekel ku kaula. Satadina mah rek 
>dipihapekeun ka salah sahiji inohong, sangkan leuwih 
>aman. Tapi, bisi nyesahkeun anjeunna. Saheulaanan mah 
>siga kieu bae. Pan, kaula ge teu bisa nyokot eta duit.
>   

::ri_1:: - Jajaka Pertentang Siap Tandang Makalangan
KUSnet - urangsunda@yahoogroups.com
www.urang-sunda.or.id
========================================================================================
Ikuti Kuis Ramadhan bersama TelkomNet Instan dari 12 Oktober s.d 2 Nopember 
2005 di 
http://www.plasa.com/jatim 
dan dapatkan hadiah setiap minggunya ! (khusus Jawa Timur)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke