Punten yeuh nembe diwaleran..., rumaos nuju kaserang panyawat warisan....., upami surat serat anu daria teh.
Sami-sami sim abdi oge ngahaturkeun nuhun kapara wargi anu kersa rurumpaheun ngaluuhan eta HBH.
Saleresna sim abdi oge nuju ngararancang (ieu cita-cita teh parantos lami teu acan kakedalkeun, rumaos rada gimir kuwaragadna...), kahoyong, muhun kahoyong ieu mah HBH II anu nembe kalangkung, acarana hoyong ditambihan kuacara ngamumule salah sawios budaya Sunda, nya eta hoyong sakantenan ngayakeun ;  "Winojakrama/Pasanggiri Tembang Pupuh" kanggo murangkalih murid SD sareng SMP, kitulah anu pang gampilna nyaeta pupuh Kinanti, Asmarandana, Dangdanggula sareng Sinom.
Namung nya eta geuning sim abdi mung aya sakitu kanggo waragadna, mugi-mugi bae eta cita-cita tiasa kalaksanakeun dina acara HBH III taun payun,  Amiiinnnnn...
 
Namung ana diemutan deui, upami ngayakan hiji pasanggiri, panginten seueur pihak anu kedah diulem, seueur pihak anu kedah ngiring tihothat, seueur tatahar anu kedah disayagikeun, padahal apan wargi Kusnet sadaya repot kupademalan masing-masing.
Sahenteuna, 3 sasih sateu acan derna, eta pasanggiri teh parantos dibewarakeun di milis, di media citak sareng media radio/TV., tah ieu anu kasebat seunggah dina waragadna, duka upami aya wargi anu kersa ngabantos, milarian eta dua rupi media anu tiasa haratis ngembarkeun eta pasanggiri.
  
Rumaos parantos dua kali ngayakeun HBH, namung teu acan tiasa mulang tarima ka anggahota panitia, iwal ti kecap : "Hatur Nuhun...!!".
Sakali deui hampura anu kateda ti rengrengan panitia HBH I dugi ka HBH II.
 
Sakitu anu tiasa kapihatur perkawis HBH.
 
Pihatur,
ssw

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun Pih, parantos janten Sapongsor (sponsor)
HBH II anu nembe kalangkung.
Waktos HBH II kamari kuring ngobrol sareng Mang Jamal.
Ceuk kuring teh, saena mah mun taun payun aya HBH deui
teh, anu nari teh sanes sanes rumaja anu tos jalebrog
(dewasa), tapi barudak alit, pala putra baraya KUSnet.
Kanggo hiji bukti yen para sepuhna tos tiasa
"nancebkeun" kasundaan ka generasi ngora.
Atuh kanggo kanggo baraya KUSnet, aya pasanggiri
lagu-lagu sunda, atanapi tembang cianjuran. Ari
pangemut sim kuring mah, tibatan "ngaraoke" lagu-lagu
pop, langkung sae upami karaoke kawih cianjuran.
Asana teh waktosna masih cekap, kanggo latihan kawih
cianjuran, kacapi, suling atanapi ngalatih seni sunda
ka  barudak urang, kanggo dipintonkeun dina acara HBH
anu bade dongkap.
Pasti bakal rame HBH III ku pintonan ti baraya KUSnet.

baktos,
mrachmatrawyani



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke