Mugi bae eta lengkah, anu sanggem sim abdi mah hiji lengkah anu teuneung, wanter, henteu oge disebat dedegler, kunanon disebat dedegler...??, margi upami ngudag hasil anu mangrupi materi, saha boa anu kersa hese cape nyiptakeun hiji game dina basa Sunda, anu tangtos konsumenna mung sawates barudak Sunda anu moal sabaraha, cacak upami ngarepkeun hasil dina segi materi mah (umumna jalema-jalema) tangtos eta game teh paling henteu dina bahasa Indonesia.
Dina kasempetan ieu sim abdi bade ngacungkeun jempol, mun perlu lima ramo sadayana, kanggo kawanter sareng kateuneung saderek Soni R., khususna, sareng angahota tim sadayana.
 
Sok lah diantos .... game-game basa Sunda sanesna....masih seueur tokoh-tokoh dongeng anu aya ditatar Sunda anu tiasa diangkat janten tokoh dina game basa Sunda, kayaning sakadang Peucang, sakadang Kuya ssjb.
Hanjakal sim abdi oge mung ukur bati hoyong, pari basa : kahayang aya, kaeuweuh-euweuh....
 
Sakali deui wilujeng ka saderek Soni R., saparakanca...
 
Pihatur
Koran Kompasna mah parantos dipajang di Villa Batan waktos HBH.

soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
enya lah si WaSas teh hebat euy!
kang boim...
hatur nuhun pisan kana apresiasina, eta garapan teh
saleresnamah sanes kenging abdi ku anjeun. tapi kenging
teknis: abdi, dadan(web publish), ayi(disain
karakter),kang oman (nami2 guha)
non teknis: jamal mj (anu mapanas kuring ,tur promotor
midang di kompas, kang hawes (gegedug cupumanik anu
ngagedekeun hate tur masihan lolongkrang kanggo nangkod
keun game dina www.cupumanik.com -> menu 'game sunda', sok
geura toong), waSAS, waSIDIK (penasehat spiritual), oge
kabogoh anu teu weleh mere sumanget (he..he..kabogoh
batur meureun...!). warga kusnet sadaya, waltdisney
(eh..bet jadi ngaco).
masih panjang keneh lalakon eta 'kaulinan teh' mugi2 wae
lancar.

nyakitu oge kanggo kang oman, nuhun pisan kana apresiasina
+ bantosanana,  teu aya istilah telat kang kanggo hal2 anu
matak ngagedekeun hate mah.

cag!,permios
sonirosa






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke