Saurna malah tos aya proposal urang Bule nu usul ngadamel script Sundanese. Tapi rata2 maranehna teu acan yakin yen script Sunda masih dipake.

Sapagados kedah aya kontak resmi ka pihak unicode kanggo ngabuktoskeunana.

 

Kang Dian, dupi kang dian kantos kontak ka pihak Unicode-na Kang?

 

Salam baktos,

Kang ato

 


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Dian Nugraha
Sent: Tuesday, January 10, 2006 11:33 PM
To: kisunda@yahoogroups.com; urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Aksara Sunda dina unicode

 

Ralat: baris 1B, kolom 8 dugi ka B cekapna kanggo 64 aksara (sanes 1024).. punten pisan.

On 10/01/06, Dian Nugraha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Urang uih deui kana Unicode, nya :)

Abdi kenging informasi deui, yen geuningan slot kanggo aksara Sunda dina Unicode parantos dialokasikeun. Cobi tingali dina http://www.unicode.org/roadmaps/bmp/

Di dinya aya tabel slot kanggo 65536 aksara. Aksara Sunda merenahna dina baris 1B, kolom 8,9,A,B. Cekap kanggo 1024 aksaraeun. Masih keneh dipasihan tanda-tanya (?Sundanese?) margi aya patarosan-patarosan anu teu acan kawaler tea.

65536 aksara ieu teh (namina BMP) dihususkeun kanggo aksara-aksara anu masih keneh "hirup", atanapi masih keneh aya pamakena. Aksara-aksara nu jarang dianggo, bakal ditempatkeun di 65536 slot kadua (SMP), katilu, jst. Di dieu urang peryogi ngabuktoskeun yen aksara Sunda masih aya pamakena: tiasa ku foto nami gedung, foto nami jalan, scan dokumen anu nganggo aksara Sunda, serat rekomendasi Gubernur, jsb.  

Urang oge ningali aya tanggapan positif ti pihak Unicode anu parantos nyayogikeun tempat kanggo aksara Sunda ieu ti sasih September 2005 kamari. Kantun urang masihan dukungan mangrupi informasi anu diperyogikeun, oge komunikasi + koordinasi nu sae. Insya Allah garapan ieu bakal laksana. Sim kuring ngusulkeun aya salah saurang di Tatar Sunda anu janten pimprona. Ambeh langkung tangginas. Kumargi sim kuring ti dieu mah mung tiasa kontak virtual wae atanapi ngalangkungan telepon.

Saupami bade ngajukeun pendanaan, anu peryogi diperhatoskeun panginten biaya komunikasi, konsultasi sareng para ahli, publikasi, sareng kanggo proyek-proyek tambihan samodel ngadamel prototip aksara Sunda versi Unicode + papan ketikna.

Baktos,
-Dian-





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke