Dupi judul bukuna naon? Pangarang oge penerbitna?

-dian-

On 11/01/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Leres Mh, ayana tambahan aksara Sunda- sakumaha ditepikeun ku panitia anu nyusun dina buku resmi panduan aksara Sunda (anu anyar) - ieu teh pikeun ngawadahan kaperluan nyerep istilah-istilah anu dicandak tina basa deungeun anu tos biasa digunakeun sapopoe dina basa Sunda.
 
manAR

 
On 1/10/06, mh <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Mang Bedjo, Kang Dian, Kang Yan, sareng nu sanesna.

Dina aksara sunda aya tambahan nu dikurungan [qa], [za], [fa], [va], [xa], [kha] jeung [sya]. Duka naon anu jadi tinimbanganan dina aksara Sunda make kedah ditambahan konsonan anyar. Naha pikeun sasadiaan nyerep kecap basa deungeun, wallahualam. Manawi aya baraya nu apal?

Salam,
MH


Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Bedjo ndph,

Sakaterang abdi, aksara-aksara nu aya di Nusantara umumnya kagungan moyang nyaeta aksara Brahmi nu aya di India kuno. Tiasa ditingali di http://en.wikipedia.org/wiki/Brahmic_script , diantawisna aya aksara: Batak, Jawa (Carakan), Sunda, Bugis

Aksara Sunda Kuna nyalira dipercanten henteu langsung turun ti aksara Brahmi, nanging aksara Brahmi nurunkeun heula aksara Palawa / Pra-Nagari
heula (jaman karajaan Tarumanagara), teras nembe diturunkeun kana aksara Sunda Kuna (jaman karajaan Sunda - Galuh). Teras wae antawis 1996 dugi 2003
kamari diturunkeun deui janten aksara Sunda Baku bari ditambihan wianjana enggal, nyaeta qa, fa, xa, za, kha, sareng sya.

Ari urut-urutan ka ga nga dst.. rupina kawitna tina aksara Brahmi nyalira (
http://en.wikipedia.org/wiki/Brahmi). Nu matak urutan aksara Sunda siga urutan aksara Bugis.

---
Aksara Bugis minangka aksara nusantara kahiji anu lebet kana standard Unicode, nyaeta di Unicode versi 4.1. Ieu conto dokumen proposal waktos
aksara Bugis lebet kana Unicode http://std.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n2633r.pdf

Aksara Jawa sareng Bali nyusul bakal lebet dina Unicode 5.0. Duka aksara Sunda Baku bakal lebet Unicode ka sabaraha da gempungan pikeun nangtoskeun
Unicode 5.0 teh ayana sasih Februari anu bakal datang.

Teras, sistem operasi Windows Vista saurna tos ngadukung Unicode 4.1, janten aksara bugis mah tos bakal tiasa dianggo kalayan langkung tumaninah. Tah, saupami aksara Bugis anu tos lebet Unicode lami nembe ayeuna lebet Windows, iraha aksara Sunda, nya? :)

Baktos,
-Dian-


On 09/01/06, Mang Bedjo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Parakanca,
>
> Kaleresan pun ambu teh urang bugis, nangging wargina linggih lami di
> Makassar. Susunan aksara sunda Ka ga nga, ca ja nya, ta da na, pa ba ma,
> persis pisan sareng susunan aksara makassar nu diajarkeun ka sim kuring.
>
> Hurup hurup anu aya di Sundanet oge rupina benten sareng hurup anu diajar
> guru ka sim kuring nuju SD sareng SMP nyaeta anu cacarakan. Langkung caket
> ka hurup bugis gaya "serif"na.
>
> Ku anu nyerat artikel di sundanet ditelakeun yen asalna urutan aksara teh > tina rupi rupi sumber, kaasup kawi sareng qur'an. Dupi parakanca aya anu
> terang tina tradisina ti mana asalna susunan eta, sareng kumaha asalna > tiasa
> sami sareng anu ti Makassar?
>
> Hatur nuhun,
> Mang Bedjo




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke